Sampurasuuuuuun! kg Oman lan baraya sadaya....uin gaduh tilu judul, pantun Bogor ,.... kantos diposting sapalih di ieu milist, (barang mimiti asup)..... hampura teu bisa kabeh diposting... saurna di kg Anis tos lengkep, kl salapan judul, duka tah sesana judul naon.... nu aya di uin: 1. DADAP MALANG SISI CIMANDIRI 2. NGAHYANGNA PAJAJARAN 3. PAKUJAJAR BEUKAH KEMBANG dibuku eta, jelas di ebrehkeun, 1. kumaha ageman Sunda teh, palsapah, lakulampah....jsb.na, naon sababna dasar alatan perang ti masing2 pihak, Sunda bela diri, musuh anu ngajak perang! 2. kalimat2 pembelaan diri thd serbuan2 ti urg ber'baju' Arab Islam make basa anu basajan, sok sanajan memang 'seukeut' togmol, borohol. basa Bogor teeea....menarik! aya kasedih/kapeurihna, heureyna, tanggohna, oge...cawokahna...eta deuih basa somah ka Rajana sacara...SATATA! euweuh kalimat undak usuk jiga Sunda Priangan.....
anu peryogi, tiasa sumping ka tirtayasa 34. hp uin 0811.22.888.40 disapalih bumi, tirta no 32, aya tkg fotocopy....janten ku uin di copy... teras baraya anu nyandak lan mayarna, tos biasa. langsung bae ka tkg copyna. hayu urg olo ka kg Anis Jati Sunda (urg Makassar?), da ridoeun anjeuna...(kacaritakeun mah, dipelitkeun?) carita rek diduruk teh, kusabab euweuh anu mirosea kana usahana... da sok ngangken migoga ageman buhun Sunda Pajajaran, kg Anis teh... ku urg Bogor anu 'religius' beliau.... DI-MUSUHAN BANGET!!!! ket: sabagian gede masyarakat Bogor parantos religius.... nk dina hiji acara nu diayakeun ku BUDPAR JABAR th 2005, di Bogor(dua dinten) eta makalahna di BREDEL, ku US anu religius teh.dijorowokan mani kasaaaar, diantarana... hanteu pantes diguar sabab fitnah ngagogoreng Arab/Islam. eta pantun palsu! pantun al Kafirun! diselapan ku Komunis! jeuuung sajabana.... nk uin ogen teu kabagian makalahna, pembredelan ieu disaksikeun ku aparat bisi aya karusuhan....lain carita baheula abad ka 15-16 ieu teh!...carita abad 21! uin nyakseni, lain euceuk jeung beja...... uin pernah ngayakeun seminar ' SUNDA-SILIWANGI-PAJAJARAN' Di Bogor, dina raraga Ultah Bogor 3 Juni taun 2005 anu saterusna jadi acuan BUDPAR JABAR tilu bulan kahareupna....(di acara anu bieu kasebut diluhur...) ti Balai KePurbakalaan Jabar, hadir tiluan (dikirim husus)...sabari ngilu nyumbang deuih. Ma Ageung, oge tokoh2 Sunda anu ngagem kaSiliwangian....mani alagreng teh. kg Anis, kg Kusnaka di ulem kggo medarkeun masalah "Wiwit Sunda" jg "Sunda Wiwitan" matakna uin nyutat istilah beliau(Kusnaka), ur monotheisme teh keur agama Sunda. da tetep di tentang keras(sami) ku peserta US anu religius ....nangtung jojorowokan! uin anu janten moderator, taki2... ngabela para pemakalah kasebat... (mun baheula geus wawuh jg si Ambu pasti jadi keynote speakerna) sabab memang sesuai judul makalah anu di penta ku uin. Tanggung jawab!. Jalan terus! (samemeh ieu acara di ayakeun, uin 'mipit amit ngala menta'na di kebon Raya, make upacara anu lumaku di eta tempat, tengah peuting, ka Batu tulis, sare di Hing Puri Bima Sakti jsb.na- make talari paranti karuhun di Bogor) cigana mun diayakeun deui di UNPAD, asa merenah nya? kmh kg Ganjar? bisa langkung euyeub tah, da ayeuna uin beuki ngalobaan dulur, dimilist ieu.. mari kita hayu! Ra-hayu, Ra-harja,..Waluya..... cag! Rampes....! ....oca tea... --- On Tue, 11/25/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: Pantun Bogor Re: [kisunda] Serat Dharmogandul : Nedunan pamundut Kang Ganjar bag 1 To: [email protected] Date: Tuesday, November 25, 2008, 11:53 PM Aeh, naha teu disumpingan wae Kang Anis Jatisunda? Sanes anjeunna kagungan eta naskah? Bilih kabujeng diduruk tea ningan...:) Nyimpang sakedapan, heureuy :) Nguping caritaan ngeunaan ngamang-ngamang (ngancam) hiji hal ku cara arek diduruk, jadi inget dongeng anu rek ngajual imah. Eta, anu ngaganti iklan anu unina: "Imah ieu rek dijual", jadi "imah ieu rek diduruk", kusabab teu laku wae; boro-boro laku, anu ningalian wae teu hiji-hiji acan. Sanggeus diganti iklan na mah, cenah, teu lila rob wae eta imah teh pada ngadeugdeug. Tayohna anu daratang ningalian imah teh harayang apal tea kumaha didurukna eta imah. Kumaha ari naskah anu di Kang Anis? tulus didurukna? manar On Tue, Nov 25, 2008 at 10:25 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > eta nu jadi pamengan teh ambu, kuring mah teu gaduh naskahna hihi, ... > ngurihit ka si babaturan (nu tadi disebatkeun, saurna mah inyana gaduh > sabagian, hiji bagian) nyungkeun kopina nepi ka ayeuna can jebul keneh. > > hoyong hoyong pisan, puguh kuring ge maca eta pantun bogor teh... ambu > hihi... > > On Wed, Nov 26, 2008 at 12:54 PM, richadiana kartakusuma > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> ndang dud >> sok weh... alungkeun >> lpas dari ASLI atau PALSU teu kdah diemutan >> Ayiprosidi menyatakan palsu sebenarnya beliau bukan Filolog >> tetapi adiknya Ayatrohaedi adalah seorang linguist (dialektolog) >> jadi Ayiprosidi = budayawan >> Ayatrohaedi = iLmuwan >> >> sok beh.... kumaha oge nu penting mah apan niat ndang-nDud sae >> malahmandar ambih pangaweruh ka balareya >> >> wilujeng nya ndang-ndurd.............prung >> >> >> Tabe pun >> AMBU >> ,___ > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
