bah oca, mun uing hayang motokopi, kaci teu?
ngan jurusna kieu: pang-ngopikeun, terus pang-ngeposkeun,
engke ku uing digantian biaya ngopi jeung ngeposna.
maklum uing mah US ngumbara, ngan sok kabitaan. hahaha.

eta jurus 2-pang (pang-ngopikeun & pang-ngeposkeun) teh,
biasana mah matih. geus jadi amatan uing, upama aya kahayang.

salam,
mh


On Wed, Nov 26, 2008 at 5:43 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasuuuuuun!
> kg Oman lan baraya sadaya....uin gaduh tilu  judul, pantun Bogor ,....
> kantos diposting sapalih di ieu milist, (barang mimiti asup).....
> hampura teu bisa kabeh diposting...
> saurna di kg Anis tos lengkep, kl salapan judul, duka tah sesana judul
> naon...
> nu aya di uin:
> 1. DADAP MALANG SISI CIMANDIRI
> 2. NGAHYANGNA PAJAJARAN
> 3. PAKUJAJAR BEUKAH KEMBANG
> dibuku eta, jelas di ebrehkeun,
> 1. kumaha ageman Sunda teh, palsapah, lakulampah....jsb.na, naon sababna
> dasar            alatan perang ti masing2 pihak, Sunda bela diri, musuh anu
> ngajak perang!
> 2. kalimat2 pembelaan diri thd serbuan2 ti urg  ber'baju' Arab Islam
> make basa anu basajan, sok sanajan memang 'seukeut' togmol, borohol.
> basa Bogor teeea....menarik!  aya kasedih/kapeurihna, heureyna, tanggohna,
> oge...cawokahna...eta deuih basa somah ka Rajana sacara...SATATA!
> euweuh kalimat undak usuk jiga Sunda Priangan.....
>
> anu peryogi, tiasa sumping ka tirtayasa 34. hp uin 0811.22.888.40
> disapalih bumi, tirta no 32, aya tkg fotocopy....janten ku uin di copy...
> teras baraya anu nyandak lan mayarna, tos biasa. langsung bae ka  tkg
> copyna.
>
> hayu urg olo ka kg Anis Jati Sunda (urg Makassar?),
> da ridoeun anjeuna...(kacaritakeun mah, dipelitkeun?)
> carita rek diduruk teh, kusabab euweuh anu mirosea kana usahana...
> da sok ngangken  migoga ageman buhun Sunda Pajajaran, kg Anis teh...
> ku urg Bogor anu 'religius' beliau.... DI-MUSUHAN BANGET!!!!
> ket: sabagian gede masyarakat Bogor parantos religius....
>
> nk dina hiji acara nu diayakeun ku BUDPAR JABAR  th 2005, di Bogor(dua
> dinten)
> eta makalahna di BREDEL, ku US anu religius teh.dijorowokan mani kasaaaar,
> diantarana... hanteu pantes diguar sabab fitnah ngagogoreng Arab/Islam.
> eta pantun palsu! pantun al Kafirun!  diselapan ku Komunis! jeuuung
> sajabana....
> nk uin ogen teu kabagian makalahna, pembredelan ieu disaksikeun ku aparat
> bisi aya karusuhan....lain carita baheula abad ka 15-16 ieu teh!...carita
> abad 21!
> uin nyakseni, lain euceuk jeung beja......
>
> uin pernah ngayakeun seminar ' SUNDA-SILIWANGI-PAJAJARAN'
> Di Bogor, dina raraga Ultah Bogor 3 Juni taun 2005 anu saterusna jadi acuan
> BUDPAR
>  JABAR tilu bulan kahareupna....(di acara anu bieu kasebut diluhur...)
> ti Balai KePurbakalaan Jabar, hadir tiluan (dikirim husus)...sabari ngilu
> nyumbang deuih.
> Ma Ageung, oge tokoh2 Sunda anu ngagem kaSiliwangian....mani alagreng teh.
> kg Anis, kg Kusnaka di ulem kggo medarkeun masalah "Wiwit Sunda" jg "Sunda
> Wiwitan"
> matakna uin nyutat istilah beliau(Kusnaka), ur monotheisme teh keur agama
> Sunda.
> da tetep di tentang keras(sami) ku peserta US anu religius ....nangtung
> jojorowokan!
> uin anu janten moderator, taki2... ngabela para pemakalah kasebat...
> (mun baheula geus wawuh jg si  Ambu pasti jadi keynote speakerna)
> sabab memang sesuai judul makalah anu di penta ku uin. Tanggung jawab!.
> Jalan terus!
> (samemeh ieu acara di ayakeun, uin 'mipit amit ngala menta'na di kebon Raya,
> make upacara anu lumaku di eta tempat, tengah peuting,  ka Batu tulis, sare
> di Hing Puri Bima Sakti jsb.na- make talari paranti karuhun di Bogor)
> cigana mun diayakeun deui di UNPAD, asa merenah nya? kmh kg Ganjar?
> bisa langkung euyeub tah, da ayeuna uin beuki ngalobaan dulur, dimilist ieu.
> mari kita hayu! Ra-hayu, Ra-harja,..Waluya.....
> cag!
> Rampes....!
> ...oca tea...
>
>
> --- On Tue, 11/25/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: Pantun Bogor Re: [kisunda] Serat Dharmogandul : Nedunan
> pamundut Kang Ganjar bag 1
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, November 25, 2008, 11:53 PM
>
> Aeh, naha teu disumpingan wae Kang Anis Jatisunda? Sanes anjeunna
> kagungan eta naskah? Bilih kabujeng diduruk tea ningan...:)
>
> Nyimpang sakedapan, heureuy :)
>
> Nguping caritaan ngeunaan ngamang-ngamang (ngancam) hiji hal ku cara
> arek diduruk, jadi inget dongeng anu rek ngajual imah. Eta, anu
> ngaganti iklan anu unina: "Imah ieu rek dijual", jadi "imah ieu
> rek
> diduruk", kusabab teu laku wae; boro-boro laku, anu ningalian wae teu
> hiji-hiji acan. Sanggeus diganti iklan
>  na mah, cenah, teu lila rob wae
> eta imah teh pada ngadeugdeug. Tayohna anu daratang ningalian imah teh
> harayang apal tea kumaha didurukna eta imah.
>
> Kumaha ari naskah anu di Kang Anis? tulus didurukna?
>
> manar
>
>
>
> On Tue, Nov 25, 2008 at 10:25 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>> eta nu jadi pamengan teh ambu, kuring mah teu gaduh naskahna hihi, ...
>> ngurihit ka si babaturan (nu tadi disebatkeun, saurna mah inyana gaduh
>> sabagian, hiji bagian) nyungkeun kopina nepi ka ayeuna can jebul keneh.
>>
>> hoyong hoyong pisan, puguh kuring ge maca eta pantun bogor teh... ambu
>> hihi...
>>
>> On Wed, Nov 26, 2008 at 12:54 PM, richadiana kartakusuma
>> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>
>>> ndang dud
>>> sok weh... alungkeun
>>> lpas dari ASLI atau PALSU teu kdah diemutan
>>> Ayiprosidi menyatakan palsu
>  sebenarnya beliau bukan Filolog
>>> tetapi adiknya Ayatrohaedi adalah seorang linguist (dialektolog)
>>> jadi Ayiprosidi = budayawan
>>> Ayatrohaedi = iLmuwan
>>>
>>> sok beh.... kumaha oge nu penting mah apan niat ndang-nDud sae
>>> malahmandar ambih pangaweruh ka balareya
>>>
>>> wilujeng nya ndang-ndurd.............prung
>>>
>>>
>>> Tabe pun
>>> AMBU
>>> ,___
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>     mailto:[EMAIL PROTECTED]
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke