Manusa ti baheula mula geus boga sistem pananggalan, sigana ti saprakna saladar yen bulan mucunghul di langit aya periodena. Jadi nu pangheulana digunakeun sigana sistem bulan (lunar). Tapi lila-lila manusa oge sadar aya periode musim, gumantung kana posisi panonpoe dilangit, ulangan periode musim ieu disebut Taun. Akibatna manusa nyieun pananggalan nu didasarkeun peredaran bulan jeung panonpoe (Luni-solar). Peredaran bulan keur nangtukeun tanggal, perededaran panonpoe keur taun. Tapi ieu oge kira-kira ....
Kadieunakeun, kalender nu populer dipake di Dunya: kalender Masehi akhirna ukur make sistem paonpoe, sabalikna kalender Islam make sistem bulan (lunar). Tapi cenah kalender Cina jeung Yahudi masih make sistem Luni-solar. Naon hubunganana jeung Ramadhan? Kuring iseng nempo dina wiki, cenah hartina Ramadhan teh bulan paling panas (bulan paling menyengat). Jadi lamun ningali hartina mah Ramadhan teh aya hubungaanan jeung kaayaan musim. Lamun pananggalan/ aran bulan aya hubunganana jeung musim, hartina sistem nu digunakeun teh solar sistem. Bulan Ramadhan mangrupakeun bulan ka 9 (Salapan), sedengkeun musim panas (pangpanasna) di Arab Saudi ceuk kalender Masehi kajadianana di bulan Juli (bulan 7, http://www.saudiarabia-travel.org/weather.html). Angka nu teu pati tebih .......... Sistem pananggalan Islam didamel keur jaman Khalifah Umar bin Chattab, lamun teu lepat 12 taun saatosna Kangjeng Nabi wafat. Cenah alesan ngadamel kalender Hijrah teh kulantaran jaman harita pananggalan teh teu nganggo taun, jadi ukur tanggal jeung bulan. Serat-serat resmi Khalifah Umar, nganggo tanggal jeung bulan, tapi taunna teu aya, akibatna waktuna kirang jelas. Akhirna aya inisiatif nambahkeun bilangan taun, nu dingawitan ti waktos kangjeng Nabi Hijrah (http://ustsarwat.com/search.php?id=1201673785). Tah kumaha samemehna? Lamun ningali harti Ramadhan nu pakait jeum musim, boa-boa jaman Kangjeng Nabi jumeneng keneh mah sistem nu dianggo teh sistem Luni-Solar sanes sistem lunar (bulan) sapertos ayeuna? Cik sugan aya baraya anu langkung terang masalah ieu? Baktos, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
