Kahatur ka Kang Oca anu dipihormat ku sim kuring.

.

Tenang we atuh Kang, Walanda masih jauh. he..he..he..



Kantos abdi ningal Akang di TV Bandung upami teu lepat mah. Sakedik 
nyambit-nyambit

perkawis Kalender Sunda.



Numutkeun pribados mah, perkawis Kalender mah, gumantung
KESEPAKATAN.  Margi penamaan Tanggal maupun Poe, etamah ukur
sesebutan, da alam mah ti baheula oge kitu-jeung kitu keneh. 



Umpamana : 

Numutkeun itungan saintis : bulan berotasi(secara fisik) pada
porosnya tiap 27,3 hari, kitu oge  bulan ngurilingan  bumi
kurang lewih  27,3 hari. Atuh lamun kitumah  1 BULAN lamun
ngaju ka bulan  teu leuwih ti  28 poe sabulan na teh . Nu
matak aya istilah  terang bulan 14 hate wening narawangan. 
Kulantaran ayeunamah bulan teh parantos katingal korodokna, 
janten we leungit "magis" na teh. he..he..he..



Jadi lamun di jumlah jamleh 28 x 12  =  336. 

Punten tumaros timana angka 'lunarr'  355  numutkeun seratan Kang  Oca 



Saur Kang Oca : Jaman harita terus di ramekeun bulan ka 13, (lain THR),
nyaeta bulan keur ngajangkepkeun itungan sataun anu 365/366 poe Solar
jeung 355/356 Lunar, tara beres2 wae. Kasapukkan keur bulan ka 13 teh disebutna 
nasi,



Da upami ningali rotasi bulan ka bumi mah geuningan 336 ?



Tah kumaha dongeng mimitina aya Kalender Sunda ,   peristiwa
naon anu matak jadi titik awal atawa titik pangkal tanggal ka 1 bulan
ka 1 tahun ka 1 dina kalender  Sunda.



Ceuk uing anu bodo,  bangsa urang mah bebas-bebas wae nyieun
kalender anyar  oge ASAL DISATUJUAN KU BARAYA WE SADAYANA KUM .
...he..he.he..  (kumaha uing we  kitu meureun). 
Umpamana ah, urang  nyieun  bulan ka-13  bebas-bebas we
atuh.

(tapi siganamah sarieuneun keuna tulah  "angka sial 13", lamun nyieun bulan 13 
),  

Bahan tulisan perkawis kalender kuring oge sempet  corat-coret di halaman ieu:

http://suryaman.com/diary/2008/10/11/kalender-hijriah-perlu-di-evaluasi/


Baktos

mz


--- On Mon, 12/1/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Pananggalan bulan Ramadhan???
To: [email protected]
Date: Monday, December 1, 2008, 5:47 PM










    
            Kg Waluy, kg Iman lan baraya sadaya....
Perkawis
pananggalan Hijryah, murni pananggalan bulan( lunar), sanes luni
-solar.  Samemehna memang Luni-Solar.( pra Islam-Jahillyah? ) tos hawar2
sesa pananggalan Nasrani sareng Yahudi tea. Ngaran2 dina bulan Hijryah,
sawareh nginjeum ti Pra-Islam sok sanajan hanteu pas jeung musimna di
jaman eta. Bukti lain pananggalan Solar, kusabab Solar mah keur
tatanen/pertanian/ musim. Jaman harita terus di ramekeun bulan ka 13,
(lain THR), nyaeta bulan keur ngajangkepkeun itungan sataun anu 365/366
poe Solar jeung 355/356 Lunar, tara beres2 wae. Kasapukkan keur bulan ka 13 teh 
disebutna nasi, hanteu pernah akur, unggal kabilah nangtukeun nasi na 
sewang2an. Peperangan antar kabilah teu beak2, nepi ka asupna Islam. 
Mumusuhan/peperanga n makin ngagedur/ngagedean! . 
Antukna
Allah Swt. ancrub mimilu nguruskeun pananggalan, ngalangkungan
Q-S.AtTaubah ayat 36-37), anu dituluykeun ku 'dekrit' nabi Muhammad
SAW, anu ngajentrekeun yen Syamsyiah hanteu dipake, diganti ku
Qomaryah. tapi ngaran bulanna angger ngan beda panempatan hungkul.( eta
anu ngabarubahkeun musim jeung bulan teu cocog tea.) 
Ari pananggalan jeung taun Hijryah , mimitina ?
Eta usul ti Gubernur Iraq, Abu Musa Al Asy'ari (638M) ka khalifah Umar bin 
Chattab, 
anu
bingung jeung pusing dina ngarsipkeun surat2 anu tara  make taun!
Ngan tanggal jeung bulan hungkul! Nyaaaa , diaku ku Umar, anu sarua
bingungna. Antukna di putuskeun bae salaku sanah 17, atw taun 17 Hijryah !!!. 
Hartina, diputuskeun sa-anggeus 17 taun di
 titi  mangsa Hijrahna Nabi (ditarik mundur) . 
Da
harita jaman Hijrah, boro2 ngitung kalender make taun. Hartina bakat ku
kolotna kalender dijaman harita, nepi ka tara make taun kusabab anu
penting mah, usum be. (sarua jeung Kanekes/Baduy anu tara make taun.)
Ngaran taun Gajah, eta pananggalan harita jaman Jahillyah
 
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke