Kg Waluy, kg Iman lan baraya sadaya....
Perkawis pananggalan Hijryah, murni pananggalan bulan( lunar), sanes luni 
-solar.  Samemehna memang Luni-Solar.(pra Islam-Jahillyah?) tos hawar2 sesa 
pananggalan Nasrani sareng Yahudi tea. Ngaran2 dina bulan Hijryah, sawareh 
nginjeum ti Pra-Islam sok sanajan hanteu pas jeung musimna di jaman eta. Bukti 
lain pananggalan Solar, kusabab Solar mah keur tatanen/pertanian/musim. Jaman 
harita terus di ramekeun bulan ka 13, (lain THR), nyaeta bulan keur 
ngajangkepkeun itungan sataun anu 365/366 poe Solar jeung 355/356 Lunar, tara 
beres2 wae. Kasapukkan keur bulan ka 13 teh disebutna nasi, hanteu pernah akur, 
unggal kabilah nangtukeun nasi na sewang2an. Peperangan antar kabilah teu 
beak2, nepi ka asupna Islam. Mumusuhan/peperangan makin ngagedur/ngagedean!. 
Antukna Allah Swt. ancrub mimilu nguruskeun pananggalan, ngalangkungan 
Q-S.AtTaubah ayat 36-37), anu dituluykeun ku 'dekrit' nabi Muhammad SAW, anu 
ngajentrekeun yen Syamsyiah hanteu dipake, diganti ku Qomaryah. tapi ngaran 
bulanna angger ngan beda panempatan hungkul.( eta anu ngabarubahkeun musim 
jeung bulan teu cocog tea.) 
Ari pananggalan jeung taun Hijryah , mimitina ?
Eta usul ti Gubernur Iraq, Abu Musa Al Asy'ari (638M) ka khalifah Umar bin 
Chattab, 
anu bingung jeung pusing dina ngarsipkeun surat2 anu tara  make taun! Ngan 
tanggal jeung bulan hungkul! Nyaaaa , diaku ku Umar, anu sarua bingungna. 
Antukna di putuskeun bae salaku sanah 17, atw taun 17 Hijryah !!!. 
Hartina, diputuskeun sa-anggeus 17 taun di titi  mangsa Hijrahna Nabi (ditarik 
mundur) . 
Da harita jaman Hijrah, boro2 ngitung kalender make taun. Hartina bakat ku 
kolotna kalender dijaman harita, nepi ka tara make taun kusabab anu penting 
mah, usum be. (sarua jeung Kanekes/Baduy anu tara make taun.) Ngaran taun 
Gajah, eta pananggalan harita jaman Jahillyah( sesa Yahudi/Nashoro?).
Kalender jeung Agama?
Masalah agama, eta urusan dina pasualan kayakinan jeung dogma ku nu mikukuhna, 
ka asup nangtukeun masalah kalender keur acara ritualna.
Pasualan ieu geus  jadi sunnatullah anuperennial (langgeng/abadi).
Cobi tengetan 
Q.S Al Maidah-48, sa-loba2na nyieun kahadean keur sasama sanajan beda agama.
Q.S Al Kafirun-6, agama anjeun keur  anjeun, agama kuring keur kuring., anu di 
konci ku
Q.S Al Baqoroh-256, euweuh papaksaan dina masalah agama?!
Q.S Al Hujurat ay.13, ummat manusa dijadikeun bareda  bangsa jeung budaya 
-agama teh supaya urang bisa silaturrahmi, rukun.
 Kacipta eta ayat sa-anggeus dipidatokeun ku Bung Karno di PBB, taun 1960, To 
build the world, a new! langsung sagancangna dipiguraan gede dimain entrance gd 
PBB!

ciiiiiik atuuuuuh sing alakur, teu kudu pagetreng sual kayakinan....luuuur?
Uin nyutat ti Harun Nasution,(1960):
1. Jangan membesarkan hal-hal yang berbeda dalam agama yg ada didunia ini
     ( kejadian ini hingga kini tak pernah berakhir secara tuntas).
2.  Carilah yang 'sama' nya
3.  Peliharalah rasa persaudaraan dengan sesama manusia
4.  Fokuskan kepada pembinaan 'diri', dengan bermasyarakat kepada kegiatan2 
yang positif, karena bukankah itu tujuan semua manusia ber agama?
5. Jauhkanlah usaha-usaha yang bersifat saling menjelekkan sesama agama!

oleh karena ituuuuu....
Wahai saudara2ku yang se-iman namun berbeda imam,.....aku bersabda: (heu?)
Jajarkan semua kebenaran, untuk tercapainya kebenaran yang diterima semua.
Ngajajarkeun kabener bebenerna bener.
Karena kebenaran yang mutlak/hakiki 'hanya' milik Tuhan semata. (Q.S Al 
Kahfi-46)
 cag!
Rampes......rampa salira.
....oca tea...










________________________________
From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 1, 2008 9:29:16 AM
Subject: Re: [kisunda] Pananggalan & Ramadha

 Serat-serat resmi Khalifah Umar, 
nganggo tanggal jeung bulan, tapi taunna teu aya .........................

.......................
eta geuningan Bah ... 
tos aya tanggal jeung bulan berarti tos aya penanggalan
Nabi lahir tahun Gajah ....... pan hartosna tos aya penanggalan


Ngan ceuk kuring mah nya meureun nurut ka Yahudi ......
pan bejana geus loba Yahudi nu mukim di arab harita


ah .... meureun ketang ...









2008/11/29 Waluya <[EMAIL PROTECTED]>

Manusa ti baheula mula geus boga sistem pananggalan, sigana ti saprakna 
saladar yen  bulan mucunghul di langit aya periodena. Jadi nu pangheulana 
digunakeun sigana sistem bulan (lunar). Tapi lila-lila manusa oge sadar aya 
periode musim, gumantung kana posisi panonpoe dilangit, ulangan periode 
musim ieu disebut Taun. Akibatna manusa nyieun pananggalan nu didasarkeun 
peredaran bulan jeung panonpoe (Luni-solar). Peredaran bulan keur nangtukeun 
tanggal, perededaran panonpoe keur taun. Tapi ieu oge kira-kira ....

Kadieunakeun, kalender nu populer dipake di Dunya: kalender Masehi akhirna 
ukur make sistem paonpoe, sabalikna kalender Islam make sistem bulan 
(lunar). Tapi cenah kalender Cina jeung Yahudi masih make sistem Luni-solar.

Naon hubunganana jeung Ramadhan? Kuring iseng nempo dina wiki, cenah hartina 
Ramadhan teh bulan paling panas (bulan paling menyengat). Jadi lamun ningali 
hartina mah Ramadhan teh aya hubungaanan jeung kaayaan musim. Lamun 
pananggalan/ aran bulan aya hubunganana jeung musim, hartina sistem nu 
digunakeun teh solar sistem. Bulan Ramadhan mangrupakeun bulan ka 9 
(Salapan), sedengkeun musim panas (pangpanasna) di Arab Saudi ceuk kalender 
Masehi kajadianana di bulan Juli (bulan 7, 
http://www.saudiarabia-travel.org/weather.html).  Angka nu teu pati tebih 
...........

Sistem pananggalan Islam didamel keur jaman Khalifah Umar bin Chattab, lamun 
teu lepat 12 taun saatosna Kangjeng Nabi wafat. Cenah alesan ngadamel 
kalender Hijrah teh kulantaran jaman harita pananggalan teh teu nganggo 
taun, jadi ukur tanggal jeung bulan. Serat-serat resmi Khalifah Umar, 
nganggo tanggal jeung bulan, tapi taunna teu aya, akibatna waktuna kirang 
jelas. Akhirna aya inisiatif nambahkeun bilangan taun, nu dingawitan ti 
waktos kangjeng Nabi Hijrah (http://ustsarwat.com/search.php?id=1201673785).

Tah kumaha samemehna? Lamun ningali harti Ramadhan nu pakait jeum musim, 
boa-boa jaman Kangjeng Nabi jumeneng keneh mah sistem nu dianggo teh sistem 
Luni-Solar sanes sistem lunar (bulan) sapertos ayeuna? Cik sugan aya baraya 
anu langkung terang masalah ieu?

Baktos,
WALUYA

 
 


      

Kirim email ke