eta patarosan kg AA, sangat logis. sok sanajan unek2na ti baheula
sok sanajan uin seneng matematik -astronomi, tapi lain ahlina...
make basa logis deui...

eta kalender hijryah, mung kggo ibadah ritual hungkul,
hanteu tiasa dianggo sapertos kalender biasa, 
sababkumaha mun jangjian tgl hiji?, kudu tembong bulan heula?
atuh laaaapur, bisa anu hijipoe senen, saurg deui poe salasa
ari sacara kaputusan tgl hijina bisa beda2....
tapi ari tgl duana? bareng deui? teu ribut2...?
kitu maksadna kg AA, teu bisa dikalenderkeun teh?
dina kalender, selalu dipasang tgl hijina aya dua lin?..anu dibeureuman teh.
eta teh, sabenerna lain mun rek lebaran hungkul, 
da bulan2 sejenna ogen pasti kitu...khan?
mamanawian urun pikir logis
....oca tea...



________________________________
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 1, 2008 12:22:12 PM
Subject: Re: [kisunda] Pananggalan & Ramadha

 
AA: Kang Waluya abdi bade tumaros; da rupina mah Kang Waluya soal Ilmiah mah 
kasebat HOBBYNA.
Nu ditaroskeun teh Kalender Hijriah. Kapan tanggal hijina kedah Ningal BULAN 
heula surnah saratna ? Naha geuning seueur pisan nu nyitak Kalender Hijriah 
bari teu tangtos etanganana ? Da Sakedahna mah Kalender Hijriah teh teu aya, 
atanapi moal tiasa dikalenderkeun, sacara logika mah; lantaran atanapi margi 
nyeta kedah ningal BULAN heula. Kumaha teh pamendak Kang Waluya ? Punten, sanes 
bade nyesahkeun; ieu mah estu unek2 na hate tos ti kapungkur, nembe ayeuna 
naroskeun, mamanawian Kang Waluya tiasa tah.
 
Nuhun sateuacanna
Abbas Amin 

--- On Mon, 12/1/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Pananggalan & Ramadha
To: [email protected]
Date: Monday, December 1, 2008, 4:58 AM


> From: Kang Iman
> Nabi lahir tahun Gajah ....... pan hartosna tos aya penanggalan

Leres geus aya Kang Iman, ngan TEU AYA ANGKA TAUNNA, sapertos taun Kangjeng 
Nabi lahir, pan disebatna taun Gajah, pedah pas jeung waktu dimana Raja 
Abrahah nyerebu Mekah. Janten ari tanggal jeung bulan mah aya, tapi taunna 
teu jelas sabab teu puguh awal ngawitanana. Ku Khalifah Umar supaya aya 
angka taunna, dicandak patokan taun hijina waktu Hijrah. Ngan sigana salian 
ti patokan angka taun, ngarobah oge tina sistem penanggalan Luni-Solar jadi 
"full" sistem penanggalan lunar (bulan), akibatna bulan Ramadhan (nu hartina 
bulan pangpanasna) teu salawasna di usum panas wae, tapi tiasa di musim 
tiis, margi sistem penanggalan lunar 15 dinten langkung pondok tinimbang 
sistem solar (panonpoe).

Tapi kuring oge meureun ketang .......

Baktos,
WALUYA

 
 


      

Kirim email ke