Sampurasun.. Abdi sapagodos sareng Abah/Aki Djati oge Kang Ilen saena mah dianggo ku carana masing2 wae, da tangtos panginten duanana oge gaduh cara masing2. Saur Kang Ilen tea mah bahasa wae ge janten teu puguh, sok komo deui perkawis ageman..duuuh ampun paralun Hapunten wae kanu teu sapagodos mah Rampes
--- On Sun, 30/11/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) To: [email protected], [email protected] Date: Sunday, 30 November, 2008, 7:47 PM Patri sakitu oge Abah Djati, diajar kasundaan mah kudu ku cara Sunda, ulah nanyakeun kanu sejen. Siga ngahartikeun Sunda ku bahasa India atawa Latin,,,,,,puguh we teu keuna. At 05:25 PM 11/29/2008, Idjuna Djati wrote: Sampurasun baraya sadaya.. Nepangkeun.. wasta kuring Djati Sumawidjaja, padumukan kuring di wewengkon Karanggantungan di basisir Galunggung.. kuring geus aki2..taun hareup umur kuring sawidak punjul sanga Hampura ti ayeuna bisi kuring goreng basa, rumasa teu ngasaan bangku sakola Kuring anyaran pisan asup kana ieu milis, di papaksa ku incu ieu ge.. Kuring ngarasa hemeng..majar teh milis sunda..da ngarana ge KISUNDA..na ari anahoreng ngabahas ajran2 deungeun? jaba eta deuih..punten. .sagawayah pisan ngotektrak ajaran sunda digalokeun jeung ajaran deungeun? make nyebut Sunda = Nur? ceuk saha eta teh? pek bae ari ceuk sorangananeun mah..pek bae ari ngartikeun keur sadirieun mah...ngan kumaha mun urang Islam teu narima? kumaha mun urang Sunda teu narima? Teu bisa kitu neangan ajaran indung ku carana sorangan? neangan Islam ku cara Islamna? tangtuna ge boga cara sewang-sewangan, keun bae aya atawa loba nu sarua mah..da duanana ge ngajarkeun bebeneran, ngan neang teh kudu ku cara sewang-sewangan. .. "neang jeung hayang meunang sunda teh kudu Islam"...CEUK SAHA ETA TEH? heueuh pek bae ari keur soranganeun mah...ngan mangkahade.. teu kabeh urg Islam panuju..teu kabeh urang Sunda panuju...GAGABAH teuing jalu...GAGABAH teuing... kawas nu Karuhun urang teh kacida bodo teu boga pileumpangan nu luyu jeung urang Sunda? make mun hayang nyunda kudu nenag make ajaran deungeun? teu apal kana sajarah urang? teu apal kana sajarah Islam asup? cik lenyepan deui.... teu kaharti ku kuring mah..nu rumasa bodo..aki2 nu teu sakola2 acan.. Hampura kuring.. sakitu Cag From: sukmajaya56 <sukmajaya56@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Friday, November 28, 2008 9:26:07 PM Subject: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) --- In [EMAIL PROTECTED] .com, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED] ..> wrote: > > > Bag III > Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi > > Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati, mangrupakeun ulikan nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan pustakana aya dina hambalan sunda nu ayeuna geus teu populer deui di lingkungan formal alam pikiran kalolobana urang sunda katut para budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda, katut ‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut eusina nu geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make parabot rasa nu geus kacaangan sunda. > Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur nyaho. Hartina ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda (Nyunda) tibatan nyaho ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang moncorong cahayaan. Tibatan saukur nyaho ayana Sunda. > > Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi > > Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi, mentingkeun jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho ayana caang eusi. Jadi dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu sambarangan ditepikeun. > Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make paawas awas rasa pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di bumi suci alam padang hasil tina henang hening henung sunda. > Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap ‘teori’ atawa katerangana sering disilib sindirkeun atawa dipilihan ngajaga timbulna salah harti nu ngadenge/numacana. Dina geus kacekel barang tur Aya-na karek dijentrekeun satarabasna. > Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma nu ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun tangtung nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun jalmana can manggih ‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira tangtu lain jeung moal nu enyana. > Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan Mustapa seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun pamendakna teras dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna, diantarana misalna wae H Hasan Mustapa mung milih sabagian ayat Qur’an â€"dina adab padikana disebut 105 ayat, numutkeun etangan Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim. > Dipilih ngan sabagian leutik tina qur’an sigana tangtos kaemuteun ku anjeuna yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu sadayana apal kana ay Importing contacts has never been easier..Bring your friends over to Yahoo! Mail today! http://www.trueswitch.com/yahoo-sg
