AA: Nu mawi kulan ti kapungkur oge Elmu2 teh ampir 90% guaran Urang Yahudi. Tah 
sakola2 nu ayeuna ku urang sareng anak incu urang; eta teh Elmu ti Barat tea. 
Yahudi, Bulek sste. Ieu mah ningal dina kanyataan . Tong boro urang Sunda atuh; 
dalah Ilmuwan nu anyar oge masih langka urang Indon na.
Kaayeunakeun panginten aya hiji dua; tapi DASARna mah tetep we ti Eropa ( 
yahudi panginten ).
Kapan Einstein, Isaac Newton sste teh Yahudi eta teh.

--- On Sun, 11/30/08, Arya Kusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Arya Kusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [email protected]
Date: Sunday, November 30, 2008, 9:42 PM











Rampes Kang Abbas
nuhun bae ditepangkeun
kitu mah kuring ge ngajawabna dihandap deui bae
Mung urang ngawangkongna dina konteks pandangan umum, sapertos anu diseratkeun 
ku salira dihandap


--- On Mon, 1/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote:

From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, 1 December, 2008, 3:00 AM









AA: Kang Djati, abdi abbas Amin, nepangkeun abdi asal Mngunreja.Kaum.
Punten abdi bade ngomentaran ti na sabaraha seratan kang Djati.
Mangga tingali di na seratan kang Djati ku abdi diseratna di dinya

--- On Sat, 11/29/08, Idjuna Djati <idjunadjati@ yahoo.com> wrote:

From: Idjuna Djati <idjunadjati@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Saturday, November 29, 2008, 9:25 AM






Sampurasun baraya sadaya..
Nepangkeun.. wasta kuring Djati Sumawidjaja, padumukan kuring di wewengkon 
Karanggantungan di basisir Galunggung.. kuring geus aki2..taun hareup umur 
kuring sawidak punjul sanga
Hampura ti ayeuna bisi kuring goreng basa, rumasa teu ngasaan bangku sakola
AA: teu sawios kulan, sami wae
DS: Nuhun atuh kitu mah dimaklum
 
Kuring anyaran pisan asup kana ieu milis, di papaksa ku incu ieu ge..
Kuring ngarasa hemeng..majar teh milis sunda..da ngarana ge KISUNDA..na ari 
anahoreng ngabahas ajran2 deungeun? 
AA: Punten kulan, nu dipimaksad ajaran deungeun teh ajaran naon atuh ?
Kapan Gusti mah sanes Mangeranan Urang Sunda wungkul tapi sakuliah dunya; 
malihan mah saAlam Jagad. Naha disebat agama deungeun ?
Kade ah Kang Djti ulah gagabah kitu.
DS:Enya ceuk kuring mah Islam, Kristen, Hindu, Buddha teh ajaran deungeun, da 
lain di diajarkeun ku karuhun sunda, dipedarkeun ku karuhun deungeun,  Enya 
Gusti mah keur sakuliah dunya, tapi cara pamanggihna sewang2an, anu kapanggih 
carana ku urang sunda disebut ajaran urang sunda, tangtuna ge bakal cocog 
sagala rupana keur urang sunda, anu kapanggih carana ku deungeun disebut ajaran 
deungeun, tangtuna ge bakal cocog sagala rupana keur bangsa deungeun
 
jaba eta deuih..punten. .sagawayah pisan ngotektrak ajaran sunda digalokeun 
jeung ajaran deungeun?
AA: deungeun nu mana nya ?
Kade aya Agama nu di Sunda tos janten mayoritas; upami kanggo sadirieun kang 
Djati mah mangga wae eta istilah deungeun haseum teh dianggo; tapi ari sacara 
Umum mah kade, bilih seueur nu kasigeung ! Boa abdi teu nampi ? Mangga we 
kanggo kang Djati nyalira mah.
 
DS: eta nu diluhur disebutkeun, da sarua kuring ge mun diaku secara umum bener 
di gula-galo mah kuring ge teu nampa, pan secara umum mah wanoh teh Islam nya 
Islam, Kristen nya Kristen, Hindu nya Hindu, Sunda nya Sunda. Da ceuk kuring 
mah rek dipake ku mayoritas ge, ari anu batur mah keukeuh we deungeun, lain 
berarti geus jadi mayoritas jadi pangbenerna ceuk kuring mah, da kabeh agama ge 
bener
 
 make nyebut Sunda = Nur? ceuk saha eta teh? pek bae ari ceuk sorangananeun 
mah..pek bae ari ngartikeun keur sadirieun mah...ngan kumaha mun urang Islam 
teu narima? kumaha mun urang Sunda teu narima?
AA: Eta mh masalah selera; da esensina kitu panginten; tapi di na perkawis ieu 
mah abdi netral; mungkin leres oge kang Djati.
 
DS: Leres masalah selera, mung perkawis basa mah aya tata tertibna kanggo 
mengklaim janten sebuah makna atanapi arti teh, benten deui ari dihartoskeun 
kanggo sadirieun mah mangga bae, tapi pan ieu mah menurut pandangan umum tea
 
Teu bisa kitu neangan ajaran indung ku carana sorangan? neangan Islam ku cara 
Islamna? tangtuna ge boga cara sewang-sewangan, keun bae aya atawa loba nu 
sarua mah..da duanana ge ngajarkeun bebeneran, ngan neang teh kudu ku cara 
sewang-sewangan. ..
"neang jeung hayang meunang sunda teh kudu Islam"...CEUK SAHA ETA TEH? heueuh 
pek bae ari keur soranganeun mah...ngan mangkahade.. teu kabeh urg Islam 
panuju..teu kabeh urang Sunda panuju...GAGABAH teuing jalu...GAGABAH teuing...
kawas nu Karuhun urang teh kacida bodo teu boga pileumpangan nu luyu jeung 
urang Sunda? make mun hayang nyunda kudu nenag make ajaran deungeun? teu apal 
kana sajarah urang? teu apal kana sajarah Islam asup? cik lenyepan deui.....
AA: Ajarn deungeun ? sami patarosanana sareng anu atos.
Ari diajar mah atuh, nya ti mana wee. Mun urang teu sugema ku kapinteran bangsa 
sorangan, nya matak naon diajar ka batur ?
Naha Bangsa urang geus bisa ngajarkeun geologi sste ? Kapan henteu ? Tah 
kapaksa urang diajar ti urang Yahudi jsjbna. Naha urang kudu keukeuh we ngulik 
sunda, padahal teu ngajar Ilmu aljabr jsjbn. Ieu mugia diperhatoskeun pisan.
 
 DS: Kitu deui waleran kuring, anu dimaksad ajaran deungeun anu disebatkeun ku 
kuring diluhur tadi. Naha karuhun urang teu bisaeun kitu itung2an anu cocog 
jang kaperluan bangsa urang? naha karuhun urang teu bisaeun kitu elmu geologi 
anu cocog jeung struktur geologis di tanah urg? naha karuhun urang teu bisa 
kitu elmu astronomi anu cocog keur bangsa urang? apan seueur elmu kakantun 
karuhun urang anu luyu jeung kaayaan di urang, boh elmu tatanen, geografi, 
astronomi, tata ruang sjb, sok komo deui pileumpangan. tangtuna ge anu apal 
sagala rupana keur lemah caina teh bangsa sorangan. Anu apal kana sajarah, 
karakter, alam, jsb saha deui mun lain bangsa sorangan. Apan cenah manusa teh 
mahluk berakal, tangtuna ge pasti boga akal kana sagala elmu anu luyu jeung 
kaayaan lemah caina jeung adat istiadat bangsana.Malahan mah dina KIBS geuning 
Kala Sunda teh leuwih akurat batan Kala Masehi jeung Hijrah
AA: Muhun tapi dasarna mah tetep we Elmu ti Urang Eropa.
 
teu kaharti ku kuring mah..nu rumasa bodo..aki2 nu teu sakola2 acan..
 
AA: Nu mawi ieu ge seratan komentar abdi di na raraga manawi we kang Djati aya 
di na ambahan nu lega
 
DS: Sami bae..mugya Kang Abbas ge jembar manah ageung ku maklum mayunan aki2 
anu tuna ku pangarti
 
Hampura kuring..
AA: Sami2 abdi ge neda dihampura pisan
DS: Sami2 bae silih hampura mah da kawajiban
 
sakitu
Cag
 
Mangga kulan
Abbas Amin
 

 
Messages in this topic (4) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar 

MARKETPLACE



>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 



Recent Activity


 4
New MembersVisit Your Group 


Y! Messenger















      

Kirim email ke