Punten Ah...
Ngomentaran Seratan Kang Idjuna Djati, perkawis Ajaran Islam cenah 
Ajaran Deungeun. Bener kituna mah meureun lamun eta "Islam" 
dihartikeun sacara heureut. Ngan kieu, kuring ti keur budak nepi ka 
kiwari lamun nanya ka Ajengan atawa Kyai, perkara "Ari Nabi-nabi 
sateuacan Muhammad naon Agamana?!"  Eta ku sadaya Ajengan teh 
dijawabna pasti "Islam".  Jadi ana kitu mah harti Islam teh atuh 
luas, anu saur Kang Eddy Nugraha tea mah (kuring satuju pisan) yen 
Islam teh nya Aslamtu atawa Sumerah tea.  Jadi sing saha anu Sumerah 
ka Yang Murbeng Alam eta kasebatna Islam, da geuning Nabi-nabi 
sateuacan Muhammad ge (anu sacara sareat teu nganggo Sareat Islam 
Muhammad) disebatkeunana Islam. Janten naha bade ajaran Sunda, bade 
ajaran naon oge anu samangsa "Sumerah", nya Islam tea panginten.

Bilih pondok nyogok panjang nyugak, hapunten anu kasuhun.
Cag.


--- Idjuna Djati wrote:
>
> Sampurasun baraya sadaya..
> Nepangkeun..wasta kuring Djati Sumawidjaja, padumukan kuring di 
wewengkon Karanggantungan di basisir Galunggung..kuring geus 
aki2..taun hareup umur kuring sawidak punjul sanga
> Hampura ti ayeuna bisi kuring goreng basa, rumasa teu ngasaan 
bangku sakola
> Kuring anyaran pisan asup kana ieu milis, di papaksa ku incu ieu 
ge..
> Kuring ngarasa hemeng..majar teh milis sunda..da ngarana ge 
KISUNDA..na ari anahoreng ngabahas ajran2 deungeun? 
> jaba eta deuih..punten..sagawayah pisan ngotektrak ajaran sunda 
digalokeun jeung ajaran deungeun? make nyebut Sunda = Nur? ceuk saha 
eta teh? pek bae ari ceuk sorangananeun mah..pek bae ari ngartikeun 
keur sadirieun mah...ngan kumaha mun urang Islam teu narima? kumaha 
mun urang Sunda teu narima?
> Teu bisa kitu neangan ajaran indung ku carana sorangan? neangan 
Islam ku cara Islamna? tangtuna ge boga cara sewang-sewangan, keun 
bae aya atawa loba nu sarua mah..da duanana ge ngajarkeun bebeneran, 
ngan neang teh kudu ku cara sewang-sewangan...
> "neang jeung hayang meunang sunda teh kudu Islam"...CEUK SAHA ETA 
TEH? heueuh pek bae ari keur soranganeun mah...ngan mangkahade..teu 
kabeh urg Islam panuju..teu kabeh urang Sunda panuju...GAGABAH teuing 
jalu...GAGABAH teuing...
> kawas nu Karuhun urang teh kacida bodo teu boga pileumpangan nu 
luyu jeung urang Sunda? make mun hayang nyunda kudu nenag make ajaran 
deungeun? teu apal kana sajarah urang? teu apal kana sajarah Islam 
asup? cik lenyepan deui....
> teu kaharti ku kuring mah..nu rumasa bodo..aki2 nu teu sakola2 
acan..

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke