he..he...he.... ari teu sapamendak mah lumrah..ah. pan di kisunda mah NGAWARUNG BANDUNG sanes????? teu kedah hariwang ibadah babarengan doraka pipisahan..he..he..he
Ajakan diskusi sehat: Ari ngawaler teh kedah analitis atuh ulah 'keukeuh kana pamendak nyalira bari' bari naon nu janten argumena nu nuduhkeun benten sareng argumen kuring teu didugikeun. supados nu ngaos tiasa nimbang mana nu leres mana nu henteu. pan ieu mah ditempat umum. ....ameh kuring oge nu nyeratna tiasa ngalayananana...jeung teu janten papaseaan ngarebutkeun balung tanpa eusi. terang hartosna Islam? hartosna pasrah sumerah kanu murbeng alam carana kumaha dinya rek make sareat naon bae. kuring nyebut yen keur budiman sundana alusna apal cara manggihan sunda teh boh ku cara islam MUhammad boh ku cara sunda (lain sunda aliran/sekte). kang jati kang ilen kang arya Mana sunda salira nu kahartos jeung buktos yakin sunda nu diturunkeun turun manurun teh...cik dugikeun di kisunda?? wasta kuring eddy nugraha teu nganggo nami samaran... baktos. --- In [email protected], Halimun An <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > alah alah alah geus dibejaan ulah pasea gara2 kayakinan nya, > mun uing si kabayan, uing mah nyeungseurikeun nu parebut > paisan kosong. > nu medar cara islam nya jawab ku urang islam, > nu teu percaya ulah nyentak da eta kayakinana. > nu medar sunda karuhun nya jawab kunu sarua kayakinana, > nu teu ngagem eta jiga uing nya cicing we da beda kayakinan. > ari forum umum mah diayakeun jang nambah wawasan, > ulah mamawa emosi, kayakinan batur jang batur > kayakinan uing jang uing. mun beda nya kajeun we > da urang2 boga sirah sewang2 lin.? > ari kieu mah iraha bisa lumpat bareng ? da sapatu hiji > hayang dipake ku sarerea ? wah paling parebut terus tikusruk > babarengan. diseungseurikeun we ke ku si kabayan. > "ku araraneh" cenah ceuk sikabayan bari heuay terus ngagoler deui > na golodog di harudung sarung da tunduh keneh.. > tuh nya, jadi we si kabayan sare deui, da urangna sih goreng adat.. > > > ________________________________ > From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected]; [email protected] > Sent: Sunday, November 30, 2008 7:47:30 PM > Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) > > > Patri sakitu oge Abah Djati, diajar kasundaan mah kudu ku cara Sunda, ulah nanyakeun kanu sejen. Siga ngahartikeun Sunda ku bahasa India atawa Latin,,,,,,puguh we teu keuna. > > At 05:25 PM 11/29/2008, Idjuna Djati wrote: > > > Sampurasun baraya sadaya.. > Nepangkeun.. wasta kuring Djati Sumawidjaja, padumukan kuring di wewengkon Karanggantungan di basisir Galunggung.. kuring geus aki2..taun hareup umur kuring sawidak punjul sanga > Hampura ti ayeuna bisi kuring goreng basa, rumasa teu ngasaan bangku sakola > Kuring anyaran pisan asup kana ieu milis, di papaksa ku incu ieu ge.. > Kuring ngarasa hemeng..majar teh milis sunda..da ngarana ge KISUNDA..na ari anahoreng ngabahas ajran2 deungeun? > jaba eta deuih..punten. .sagawayah pisan ngotektrak ajaran sunda digalokeun jeung ajaran deungeun? make nyebut Sunda = Nur? ceuk saha eta teh? pek bae ari ceuk sorangananeun mah..pek bae ari ngartikeun keur sadirieun mah...ngan kumaha mun urang Islam teu narima? kumaha mun urang Sunda teu narima? > Teu bisa kitu neangan ajaran indung ku carana sorangan? neangan Islam ku cara Islamna? tangtuna ge boga cara sewang-sewangan, keun bae aya atawa loba nu sarua mah..da duanana ge ngajarkeun bebeneran, ngan neang teh kudu ku cara sewang-sewangan. .. > "neang jeung hayang meunang sunda teh kudu Islam"...CEUK SAHA ETA TEH? heueuh pek bae ari keur soranganeun mah...ngan mangkahade... teu kabeh urg Islam panuju..teu kabeh urang Sunda panuju...GAGABAH teuing jalu...GAGABAH teuing... > kawas nu Karuhun urang teh kacida bodo teu boga pileumpangan nu luyu jeung urang Sunda? make mun hayang nyunda kudu nenag make ajaran deungeun? teu apal kana sajarah urang? teu apal kana sajarah Islam asup? cik lenyepan deui.... > teu kaharti ku kuring mah..nu rumasa bodo...aki2 nu teu sakola2 acan.. > Hampura kuring.. > sakitu > Cag > > > > > > From: sukmajaya56 <sukmajaya56@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Friday, November 28, 2008 9:26:07 PM > Subject: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) > > --- In [EMAIL PROTECTED] .com, Eddy Nugraha <ednugraha@ ..> wrote: > > > > > > Bag III > > Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi > > > > Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati, > mangrupakeun ulikan nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan > pustakana aya dina hambalan sunda nu ayeuna geus teu populer deui di > lingkungan formal alam pikiran kalolobana urang sunda katut para > budiman sunda ayeuna. Ieu âelmuâ ngeunaan Sunda, katut > âteknologiâ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut > eusina nu geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make > parabot rasa nu geus kacaangan sunda. > > Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur > nyaho. Hartina ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda > (Nyunda) tibatan nyaho ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang > moncorong cahayaan. Tibatan saukur nyaho ayana Sunda. > > > > Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi > > > > Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi, > mentingkeun jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho > ayana caang eusi. Jadi dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu > sambarangan ditepikeun. > > Nepikeuna jeung nepakeunna teh make âmediaâ husus nyaeta make > paawas awas rasa pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di > bumi suci alam padang hasil tina henang hening henung sunda. > > Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap > âteoriâ atawa katerangana sering disilib sindirkeun atawa > dipilihan ngajaga timbulna salah harti nu ngadenge/numacana. Dina geus > kacekel barang tur Aya-na karek dijentrekeun satarabasna. > > Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma > nu ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun > tangtung nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun > jalmana can manggih âAyaâ jeung âbarangâna. Ari kira kira > tangtu lain jeung moal nu enyana. > > Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan > Mustapa seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun > pamendakna teras dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna, > diantarana misalna wae H Hasan Mustapa mung milih sabagian ayat > Qurâan â"dina adab padikana disebut 105 ayat, numutkeun etangan > Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qurâanul adhim. > > Dipilih ngan sabagian leutik tina qurâan sigana tangtos kaemuteun > ku anjeuna yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu > sadayana apal kana aya jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian. > Eusining qurâan nu numutkeun anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui > teh moal gampang kaharti ku âbangsa kaulaâ. Saurna ge, âKomo > lamun jalmana geus tikait kana panyakit atiâ. > > Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh > bangsa jalma nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa > kuring, rasa kami, rasa ingsun jeung rasaning aing.. Nu karitu moal > bisa ngahontal eusining bacaan sagemblengna. > > Kusabab sunda(eusi)na mah moal kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an > komo deui ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung > wawangsalan. Ayat ayat nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di > ka-kaula-an katuduhkeun kana sunda. > > Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir > jadi âdongengâ atawa âcaritaâ penafsiran nu warna warna > utamana ku para budiman nu teu weruh ka sunda eusi.. > > Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana > teh ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan âayaâ jeung > kanyataan âbarangâ nu dicaritakeun nyaeta Sunda tea.. > > Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna > mungkul teu daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek > dijadikeun kabuyutan (kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh > ayana diluar, di kuburan luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan > siga luluhurna baheula nu mampuh nyieun jeung boga kabuyutan. > > Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun âtanjeur na > juritanâ âheubeul jaya di buanaâ teh pan ayana di kabuyutan, > jadi boga kabuyutan sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya > ameh masing masing bisa makena dina nyanghareupan musuh jeung > tangtangan hirup. > > Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat > Al Qurâan nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa > yudzkara fihasmuhuu yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS > Annur: 36), yen ngan di buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun > ayana. Matak kudu jadi nyieun kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya > bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina ngahartikeun sunda nu teu daek > beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur meunang dongeng bari teu > karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan. > > Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi > sanesna, sieun sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita, > parame rame mere tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek > manggihan aya jeung barangna. > > Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina > ngahartikeun mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu > nganyahokeun sunda eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun > pamali dituliskeun sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan > teh jadi ngan saukur dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu > karasaeun teu kapanggih. Dina kapaksa nulis, nulisna terus sok di > silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok milih milih kanu enggeus > âmatengâ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu geus tapis > neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih > dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana > sina kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna. > > Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina > atawa sifatna kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh > selerna asal tetep mentingkeun JADI.. Sabab, harti âheseâ > nganyahokeun sunda eusi didieu lain hartina teu bisa kahontal jeung > teu bisa manggihanana, komo teu bisa di âbukakeunâ mah sabab lamun > puguh âcara jeung jalannaâ mah teu hese hese acan. > > Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa > asing, tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun > dicekel dialusan ti mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi > ka jaman ayeuna disampurnakeun nganggo sirâah jeung minhaj Islam > nu datang ti tanah Arab. > > Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1) > ngagunakeun awas caang rasa jeung bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu > ku sari, 3) ayana lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah > tangtungan di bumi suci alam padang sabab mampuh henang hening henung > dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa skill nu bisa diajarkeun bisa > ditepakeun kalawan empiris. > > Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make > jalanna saha wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho > jeung teu make carana lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho > internet [sunda eusi diibaratkeun internet] teu boga modemna (warnet > euweuh), sanajan komputer awakna alus hardware jeung software na alus > moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta komputer ngan saukur > âkhayalanâ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan internet > eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book > atawa journal tapi ngan saukur âcenahâ nu dibungbuan âbasa > iklanâ. Sanajan cang tangtu jadi âsasarâ atawa âbiasâ dina > nyahona ngan saukur dongengna wungkul. Informasi jeung fasilitas ti > internetna mah weleh teu ngarasaan jeung ngabuktikeun. Tapi, lamun > bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa jeung > ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap > netter beda beda > > makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung > teknologi sunda eusi] ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha > kabutuhna. > > Ngawanohkeun âmodemâ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya > kana sunda eusi teh loba nu nganyahokeun, ngarasaan, jeung > ngabuktikeun. Supaya jaradi caang nyaangan uteuk angkeuh jeung > lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh dina budayana boh dina > tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus kagerus jaman. > > Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan Sunda: aya nu > tina Agama Islam, aya oge nu tina âinovasiâ luluhur sunda baheula. > Ngan ari kanggo para budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo > duanana sabab lamun teu pernah ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara > haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur tedak sunda, terus teu jadi > âtacit jeung explicit knowledgeâ, tangtos moal ngeusi dina > nganepikeun jeung ngamaânaana budayana, moal ENYA, da ngan saukur > nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu > nyunda- ka selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah Sundana. > > > > > > Panutup > > Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan ngemut : naha bener > henteu ? boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa > supertisi ? atawa naha ngan saukur pamanggih subyektif ? > > Ieu tulisan âpanganteurâ bijil tina hasil multiple case study. > Protocol jeung data base kajian sadia pikeun external validity, > Tehoritical proposition keur nganalisa papanggihan aya, sabagian > ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal validityna. Key informants > masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge chain of evidence > dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, Tinggal daek > langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan pikeun > nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos > tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun > participant observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence > na perlu âtrainingâ heula. > > Ieu âkajianâ perlu âtempatâ keur ngawacanakeun utamana dina > nepikeun hasilna, âpustakaâ sumber na masih dikalangan koleksi > pribadi-pribadi tertentu hariwangeun keneh lamun disimpen di > âperpustakaan umumâ lantaran sieun âpustakawannaâ teu > âeungeuhâ. > > Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen > tangtungan sunda jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina > hambalan sunda bisa di talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku > disiplin ilmu âjalmi nyakola modernâ , supaya rea urang sunda > ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific) bisa maca pustaka jeung > make âteknologiâ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun deui sunda; > sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan > sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya > nohonan uga. > > Ngan tangtu kudu dimimitian ku sumanget, nu saur kangjeng Nabi > Muhammad saw mah, Al hanifiyyat al-samhah. > > > > Robbana atmim lanaa nuuranaa⦠> > Nun⦠Nungauban sampurnakeun sunda abdi.. > > (At-tahrim 66:8) > > Amin. > > > > > > Cag. > > > > Hana kabeh teureuh wani pateuh > > Parutuna Rajadirajana Guru bakalana warman > Puseurana Rarajana Dipantara > Jaya Nagarana Kala kabhinekan ageuman > Brahmanan rajaresi teu rasa pangbeneran > > Lain ngajak malikeun ageuman > Yeuh sarina kabeh ageuman > > Dharma sembahyang kudu ka nu bener > Nu Nyipta, Ngajaga, Nyirna tah tilu inti dina hiji Gusti > Budi lumaku lampah kudu sing bener > Nu kapuji ku hate sakabeh purwa ciptaan Gusti > Bakti panangtungkeun kudu jaradi bener > Manunggaling jeung nangtungkeun titah Gusti > > Basakeun ku Basa Dia ! > Na Ayana Kabeh ti saha ? > > Ngan Mah > Kunjara Basa Purwa > Kabeda Pamawa upacara > Kapengkol Rasa Paranditana > Dia milih kuma dia > Pilih Pangpangna kuma dia > Yen sing bener anu dia, kuma dia > Yen milih bati sewang-sewang > Yen moksa Sawarga Kahyang sewang-sewang > Aya Mah > Silih Asoran Wargana > Silih Ajeunan Wargana > Nyawarga tah Nagara Jaya Buana > Gemah Ripah Repeh Rapih > Jang Naha kaBener bawa apuy pati ? > Jang Naha kaBener bawa bohak nyeuri > Aya Mah > Kabhineka surti ngahiji > Impleung leumpeung > > Jeup heula Wangi ! > Da dia mawa nyeuri > Bisi naringali katukang nurun kanyeuri > Kula muka ti candrabaga ngarah taya deungki > Mangka kersa Dia moal ngajadi > > Ieu lain jang entragan maraneh ! > Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh > Moal kasampak moal kasorang > Kala Warman Kala Kesang > Kala Wangi Kala Pateuh > Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh > Piceun bagen ieu tulisan > Lamun Dia jamedud bari enyaan nyiaran Kasundan > Kabehan Riwan Kabuyutan Moal eureun pangharepan > Kuma Maraneh ! > > Bubat Wangi ..! > Kula ningali.. > Kala pada beureum > Awak beurem lir apuy wesi > Bari Baraseuh peurih pinuh getih > Mata beureum lir apuy geni > Bari merebey ngalembereh getih > Huntu Rumekot > Mata Molotot > Guar Gaur Gagauran > Supu Sapa Sasapaan > Tepi ka tepung pati > Nyeuri milu neupi ka pati > Ngawangi ngabakti bela pati > Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh > Raja jadi punakawan > > Pulasari Wangi .! > Kula ningali > Kala wirang > Kadungsang-dungsang > Jibrug kucimata reujeung kesang > Samar awak jadi sudraan > Rewag rewig jiga sasatoan > Nembang bari ceurik kapeurihan > Mangke siah tingali > Mangke siah tingali > Ngajerit maratan langit > Ngoceak maratan jagat > Tepi ka tepung pati > Nyeuri milu neupi ka pati > Ngawangi nyimpeun papati > Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh > Raja jadi punakawan > > Jeup heula Wangi ! > Da dia mawa nyeuri > Bisi naringali katukang nurun kanyeuri > Kula muka ti candrabaga ngarah tong aya nu deungki > Mangka kersa Dia moal ngajadi > > Mangka teungeut sing rineh ! > Budak cacarita di aya jeung taya > Sumput ku maraneh > Bisi kahalang ngeusi talaga warna > Kasampak pangna bedah > Ngiringan jadi pedah > Pandawa ti Amarta > Nyunda balik ka Hastina > > Cag heula > > Sukmajaya > > > > ____________ _________ _________ _________ _________ __ > Schlumberger Drilling & Measurements > 16 Floor, Rohas Perkasa > No.8 Jalan Perak > 50450 Kuala Lumpur Malaysia > Tel: 60 (3) 2166 7788 > DID: 60 (3) 2169 4180 > Fax: 60 (3) 21667100 > Mobile: 60 (12) 2516485 > mailto:ilen@ kuala-lumpur. oilfield. slb.com > > > ILEN KARDANI > Drilling Services Manager > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
