muhun kang yana, uing oge jago silat jiga kang yana, tapi maenya urang duaan hungkul nu berjuang sunda nu sanesmah ukur hayam kampung eulueh atuh urang udaan kariripuhan kalah ngurus hayam kampunhg ting balecir sarieuneun bari gandeng ting cariak.. duh cape hut het sorangan di dieu uih kadieu atuh kang bantuan cape
--- On Fri, 5/12/08, T_SAS <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: T_SAS <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) To: [email protected] Received: Friday, 5 December, 2008, 12:02 PM Kang Halimun, Keun wae urang sunda pagentreng dina milis, hiji sifat us resep dialog nu ngabeutikeun filsafat us. Filsafat dialog loba nanya cikal bakal marifat keur manunggalkeun us. Aya hiji conto silat gerak gulung asli silat kerajaan sunda keur diulik urang amerika afrika asia jeung daratan benua amerika eta tutungkusan karuhun sunda tos internasional atawa ngadunya Koncina tetep media milis kisunda nu bakal ngahijikeun urang sunda nu beda2 karesep jeung kahayang us. Urang sunda dina paguron penca enya oge teu make milis tapi lamun ngahiji keur nyerang edan pisan persatuanana sangat kuat Makana dipake ku militer diasuh ku para jenderal di ulik ilmu pencana ku para sordadu,digieun tameng nagara, kaulinan politik ekonomi budaya bangsa , tah eta titinggal karuh raja2 sunda karuhun sunda. Cag Kang yana Sent via BlackBerry from T-Mobile From: Halimun An Date: Thu, 4 Dec 2008 22:03:22 -0800 (PST) To: <[EMAIL PROTECTED] .com> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) bagea ambu... namung sim kuringmah ukur tiasa ngalungkeun numutkeun sim kuring mah teu langkung urang sunda sadyana. bade kieu wae ? bade ngan ukur cocorowokan dina kurung hayam ? bade ngagugulung kalapa ? atanapi bade kumaha ? ah sim kuring mah janten nu nongton we heula, da rame oge ngan ukur di millist geuning,,, di luar mah sepi we ambu... tape ari harepan mah susuganan we ketang --- On Thu, 4/12/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) To: [EMAIL PROTECTED] .com Received: Thursday, 4 December, 2008, 11:50 AM akang teh nyarios banget ku handeu-eul panginten punten ku abdi dirojong pisan.... upami kang HALIMUN nu mitembeyan ngokolakeun majengkeun SUNDA nu aya kiwari, duka bade dajmel study centre atanapi Paguyudan Guar Sunda kitu, teu langkung mung biasana jalmi anu linuhung sapertos kang HALIMUN oge katelah lami di LN (sementara menjadi outsider) biasana teh sok langkung bijak ningali tur meunteun kabuktosan tina posting2 anu dialungkeun di dieu salami ieu mangga atuh geura Kang HALIMUN mitembeyan.. ..abdi nyumbang pikiran tina bag2an arkeologi sareng sajarah..... . moal di engke2.... Tabe pun AMBU From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, December 4, 2008 2:19:11 PM Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) Seueur pisan urang sunda nu asa pang sundana, tapi nunjukeuna ukur dina kumpulan urang sunda deui. saur sim kuring mah salira salira urang sunda nu tos sarepuh, ahli2 sejarah, antropolog teh egois... ngan ukur mikiran diri sareng kelompokna nyalira... anggur tingali tuh kanyataan di luar, mana sunda teh, disebut bangsa maleslah, kampungan lah, pokona pikasebeleun. .. Janten kunaon atuh salira2 nyebabkeun kondisi jiga kieu ? Kunaon ? atanapi leres kesimpulan sim kuring teh, yen urang sunda mah sieunan, kumeok samemeh dipacok, elehan ? punten sim kuring sanes niat awon --- On Thu, 4/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) To: [EMAIL PROTECTED] .com Received: Thursday, 4 December, 2008, 6:49 AM Dina perkara migunakeun basa Sunda, aspirasi kuring pribadi leuwih condong kana basa Sunda loma. Dina istilah kang Maman, nya basa Sunda anu lamun dipake teh asa leuwih ni'mat karasana (naon deui, apan sagala rupa oge anu diteangann teh ni'matna bari henteu ngadzoliman ka nu lian). Ngan nyaeta, kaayaan urang Sunda ayeuna apan geu sakieu kanyataanana (persis siga dina lebah ageman). Fakta ieu teu bisa kitu wae dikagigirkeun (persis saperti dina agama: aya Islam, mayoritas, aya ....jsb). Teu bisa oge upama urang pukul rata make basa loma (atawa basa anu ngaharib kana sebutan "kasar" jeung babaturan tea, bari hate mah tetep lemes) ka saha wae. Aya sagolongan urang Sunda anu masih mikayang aya undak-usuk basa. Oge undak usuk basa teh masih perlu dina kahirupan sapopoe, upamana dina ngado'a. Asan can tega hate lamun ngucapkeun do'a ka Pangeran make basa anu "kasar" (teuing ketang ka hareup mah, lamun geus teu aya / karasa dualisme kasar jeung lemes tea). Kahariwang kang Ganjar (oge kang Ajip Rosidi jeung bangsa eh urang Sunda lianna) asup akal oge. Sabab, nguranganana anu ngagunakeun basa Sunda sapopoe geus tembong, utamana di golongan barudak ngora. Kukituna, lamun aya keneh gairah kana Sunda nya sakuduna make basa Sunda teh dibiasakeun jeung digedekeun deui kabiasaanana ngaliwatan rupa-rupa tarekah. Salah sahijina, nya ngaliwatan milist tea. manar On Wed, Dec 3, 2008 at 10:37 PM, Maman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Nya sahenteuna, anu karaos ku pribados mah ku ayana milis Kisunda, abdi > janten tiasa deui sakedik-sakedik nyarios sunda. > Boh di kantor, boh di pasar boh lamun aya pertemuan, jlebet-2 we make basa > sunda. Asa leuwih nikmat karasana. Komo lamun ngobrol kasar mah > (jeung babaturan anu deukeut, "goblog maneh sia ha..ha..ha". ). > > Hariwang oge naon anu diperkirakeun ku Kang Ganjar, 200 taun ka hareup sunda > mung aya dina catetan sejarah. Duh hawatos atuh, nya sasieurun sabeunjeuruen > urang korehan deui ku urang-urang. > > --- On Thu, 12/4/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> > > Tiasa pariosan buku-buku sajarah kasundaan anu tos aya, kalawan niat > anu jujur tur aya gairah anu positif. Engke kakoreh geura, minimal > tina sawangan falsafah sajarah, aya ajen-inajen anu unggul. Ieu lain > hartina kuring ngebrehkeun yen Sunda teh geus jaya atawa hebat. Leres, > masih seueur anu kedah dibeberes, dilelempeng, dironjatkeun, jsb. > Tapi, dadasarna oge henteu tuna-tuna teuing. > > Mangga wilujeng. > manar > > On Wed, Dec 3, 2008 at 10:19 PM, Halimun An <halimun_an@ yahoo. com> wrote: >> nah, upami kesimpulan sim kuring lepat, punten sanggah sadaya >> kesimpulan sim kuring perkawis sunda, namung sareng buktosna. >> sim kuring percanten yen seueur urang sunda nu saemutan sareng sim >> ikuring. >> Sanes ceuceub ka sunda da pas borojol ge tos sunda ti tadina. >> namung sim kuring ngangugat urang sunda nu aya ayeuna. >> Utamina urang sunda nu atos aya yuswaan. >> sim kuring tos cape nguping urang sunda disebat si borokokok lah jsb. >> janten punten kang, buktoskeun yen kesimpulan sim kuring teh lepat. :) >> >> --- On Thu, 4/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> >> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> >> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA) >> To: [EMAIL PROTECTED] .com >> Received: Thursday, 4 December, 2008, 6:12 AM >> >> Heunteu leres Kang, boh premisna oge konklusina. >> >> manar >> >> On Wed, Dec 3, 2008 at 10:03 PM, halimun_an <halimun_an@ yahoo. com> >> wrote: >>> Ningali dina cariosan-cariosan sadayana, >>> saur sim kuring mah hartosna sunda teh resep ngimpi >>> duka leres duka henteu. >>> bade disebat bangsa hebat da kumaha kanyataana teu hebat. >>> bade disebat pernah jaya, da kumaha teu aya sesa-sesana, >>> kalebet sesa-sesa(genetik) ka urang sunda nu ayeuna. >>> atanapi tos keuna evolusi(mutasi genetik) kitu? >>> >>> teras urang sunda mah resep KIRATA, dikira-kira asa nyata. >>> nanaon oge dikiratakeun. . sarua jeung babaturan uing nu jadi >>> dukun, sagala2 di KIRATA keun, cenah harewosan ti alam manahoreng. >>> >>> jadi kasimpulanna hartos sunda = ngimpi= kirata >>> >>> nuhun >>> >>> >> >> ____________ _________ _________ __ >> Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now. >> > > Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now. Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now. Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline
