Hatur nuhun atuh Kang Rudi ari karaos setrumna mah, saleresna mah abdi teu wasa mukakeunana da tidituna ge mung sakitu, kumaha upami urang sami-sami ngararampa pihartieunana bari terus nikreh mapay-mapay kalangkang hirup urang. Ari ditilik tina kecap inti (dasarna) nyaeta pandita + awalan pi (nerangkeun ieu mah bagean urang Satra geura, sok atuk Kang TB!).
Baruk Kang Rudi teh nuju di Persia, pajarkeun urang Persia teh ras aria tea bangsa anu unggul, bangsa asia anu mimiti perang jeung ras kulit putih, geuing nepi ka ayeuna ge wani bae nangtang ka kulit puteh, henteu kawas urang jadi bangsa anu ngelehan atawa elehan terus. Kumaha eta teh dongengna? wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Rudy To: [email protected] Sent: Wednesday, December 03, 2008 5:41 AM Subject: RE: [kisunda] perdebatan teologis Sae pisan kang Dudi, Hambalan pinandita tah naon? haturnuhun.. Cag.rempas rudi From: dudi_ss Sabenerna di urang mah teu aneh aya hirup dua kali atawa matamorphosis tea sabab secara tradisi hal anu kitu tos aya cara ngadalianana khususna dilingkungan kulawarga, oge anu kitu hal ieu teh pan teu ilahar tapi penomena ieu aya diurang khususna ditatar sunda. ieu aya pepernian tina pabetekan uing, ieu meunang nimu ti kolot urang, nyaeta hambalan hirup ceunah. Kusabab budaya lisan tea jadi uing teu nyaho iraha mimiti aya pamikiran ieu tapi ari nitenan basana mah sigana geus aya samemeh Islam, terus jaman Islam dilarapkeun kana ajaran Isalam. didieu ngagambarkeun ayana proses "metamorphosis" atawa "kelahiran ke-2" nyaeta dina hambalan anu ka 4.
