Nyaan "hebat" urang Sunda mah, anu dipilarian/dipadungdengkeun teh
(khususna di ieu milist) sarupaning: ageman, jatidiri, wanoh ka diri,
maot memeh pupus, jst. Arang langka anu madungdengkeun, upamana:
kumaha sangkan Jawa Barat bisa ngahontal visi jeung misina (anu tangtu
wae pakait jeung rahayat Jabar), kumaha sangkan IPM (indeks
pembangunan manusia) Jawa Barat ngaronjat, kumaha sangkan banjir di
wilayah Jabar ngurangan, kumaha sangkan sumber-sumber cai di sakuliah
Jabar cur-cor deui, jst anu pakait jeung pangwangunan sumber daya
manusa (kaasup atikan salaku pokona) jeung kawilayahan.
Lamun inget kana hal-hal anu akir bieu ditataan, jadi inget ka mang
Halimun, heuheu.
Namung, da milist mah demokratis, mangga, geura der teh teuing. Aya
hadena oge ngaguar jatidir atawa kumaha carana wanoh ka diri. Mangga,
ka nu bade mairan pamundut Kang Suryana Dani ieu dihaturanan.
manar
On Fri, Dec 5, 2008 at 8:14 AM, suryana.dani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum! sateacana abdi bingah pisan tiasa gabung sareng
> baraya sunda mung hapunten basa sunda abdi mah acak2an.Simkuring bade
> tumaros sareng hoyong diajar kumaha pangna tiasa wanoh kana diri
> teh.sareng naon wae anu aya di diri urang teh. nuhun pisan sateacana
> diantos pisan ieu waleranana. leres2 abdi teh hoyong diajar ieu
> teh.Wassalamualaikum!
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/