di larang we kang nu teu mangpaat kana kahirupan mah, da demokrasi oge ari teu di atur mah kalah ngadurukan ban di jalan geuning lain mikiran kumaha nyieun ban jeung nyieun jalan atawa mobil jiga jepang urang sunda tea tukang ngalamun..
--- On Fri, 5/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Kumaha supados urang Tiasa Wanoh kana Diri nu Sajati To: [email protected] Received: Friday, 5 December, 2008, 4:23 PM Nyaan "hebat" urang Sunda mah, anu dipilarian/dipadung dengkeun teh (khususna di ieu milist) sarupaning: ageman, jatidiri, wanoh ka diri, maot memeh pupus, jst. Arang langka anu madungdengkeun, upamana: kumaha sangkan Jawa Barat bisa ngahontal visi jeung misina (anu tangtu wae pakait jeung rahayat Jabar), kumaha sangkan IPM (indeks pembangunan manusia) Jawa Barat ngaronjat, kumaha sangkan banjir di wilayah Jabar ngurangan, kumaha sangkan sumber-sumber cai di sakuliah Jabar cur-cor deui, jst anu pakait jeung pangwangunan sumber daya manusa (kaasup atikan salaku pokona) jeung kawilayahan. Lamun inget kana hal-hal anu akir bieu ditataan, jadi inget ka mang Halimun, heuheu. Namung, da milist mah demokratis, mangga, geura der teh teuing. Aya hadena oge ngaguar jatidir atawa kumaha carana wanoh ka diri. Mangga, ka nu bade mairan pamundut Kang Suryana Dani ieu dihaturanan. manar On Fri, Dec 5, 2008 at 8:14 AM, suryana.dani <suryana.dani@ yahoo.com> wrote: > Assalamualaikum! sateacana abdi bingah pisan tiasa gabung sareng > baraya sunda mung hapunten basa sunda abdi mah acak2an.Simkuring bade > tumaros sareng hoyong diajar kumaha pangna tiasa wanoh kana diri > teh.sareng naon wae anu aya di diri urang teh. nuhun pisan sateacana > diantos pisan ieu waleranana. leres2 abdi teh hoyong diajar ieu > teh.Wassalamualaiku m! > > Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline
