waalaikum salaaam, kang dani,.. nepangkeun simkuring, agus roche... ti bandung wilujeng ameng di milis kisunda.
duh meni reueus, kang dani tiasa gabung di ieu milis, janten nambih dulur atuh, sae... sae,... mung ,meni langsung kontan nya,... masihan pe-er... bahasan nu lumayan,.... hese, hehehe... "WANOH KANA DIRI NU SAJATI" walah walah,... eta patarosan nu kedah diguar ku ahlina , jeung lain ahli nu sambarangan, kedah nu tiasa gaduh pangalaman hirup nu seueur, referensi nu luas.... ah,nyobian simkuring ngawaler, mung moal ngangge referensi luar, nyobian referensi diri nu aya dijero diri weh. =udagan dunya,bekel keur ninggalkeun dunya= kasadaran diri kana ngadeteksi ;geus sakumaha bebekelan diri antara kalakuan goreng jeung kalakuan alus, salila umur nu geus dilampahan?. kade tong kajebak kana prestasi salian hubunganana jeung Gusti, deteksina khusus ngeunaan babakti diri ka Anjeuna, baik secara ibadah oge secara kapasrahan ngalakukeun eta babakti. contona, mere zakat tanpa ria, ngorbankeun diri ku hiji sikep nu teges kana parentah Gusti teu ngutamakeun kasieun ka mahluk nu lian, itung... itung... itung.... ngitung eta lain keur janteng mere itung2an jeung Gusti, tapi dalam rangka ngamotivasi udagan jadi jelema bener. dimata Gusti, lain dimata mahluk. mun masih aya faktor kapentingan mahluk,artina jauh keneh kana kasajatian, =neangan tempat pangbalikan nu bener= keur aya dimana urang teh? mun dipunut swaktu2 ku Gusti, urang keur di tempat naon? mun geus ngarasa dinu tempat nu alus, jadikeun kalakuan oge alus, mun ayeuna keur aya ditempat nu goreng dimata Gusti, hijrah geura,... meh teu hese ngawanoh kanu sajati. =leupaskeun dunya lain ku api2,kasamaran= dina waktuna geus ngarasa deukeut , kapasrahan nu sajati pasti nganteurkeun kana diri nu sajati. artina, teu hese neangan nu sajati, sabab moal kamamana, aya di diri masing2. gampang atuh? ah...teu gampang, sabab hawa goreng di urang nu sok ngahalangan. ah, kang dani mah mere pertarosan teh meni hese, hehehe. nu dipaluruh eta babacaan pribadi, mun sami tiasa janten pembanding, pami teu panuju, anggap weh babacaan bobodoran,heheh. rampes =roch= --- In [email protected], "suryana.dani" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamualaikum! sateacana abdi bingah pisan tiasa gabung sareng > baraya sunda mung hapunten basa sunda abdi mah acak2an.Simkuring bade > tumaros sareng hoyong diajar kumaha pangna tiasa wanoh kana diri > teh.sareng naon wae anu aya di diri urang teh. nuhun pisan sateacana > diantos pisan ieu waleranana. leres2 abdi teh hoyong diajar ieu > teh.Wassalamualaikum! > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
