Leres pisan eta teh Kang ManAr.... Namung nya mudah-mudahan we atuh ku seringna madungdengkeun sarupaning Ageman, Jatidiri, jst, eta tiasa mangrupikeun sareng ngajantenkeun jalan kangge menuju hal anu langkung sae, boh keur dirina, boh keur kulawargina, boh keur lingkunganana. Da geuning seueur oge kawargian anu janten tertarik hoyong diajar langkung jero perkawis Ageman, Jati Diri, jst teh ku jalaran seringna obrolan-obrolan/serataan-seratan perkawis hal eta di ieu millist.
Insya Alloh panginten saupami "Jati Diri"-na tos kapendak mah, akhlak ge tiasa dijaga supados tetep sae (moal aya anu korupsi, moal hiri dengki, moal jail kaniyaya, jrrd). Nya anu saterasna mah mudah-mudahan hal eta tiasa nyandak kasaean ka lingkunganana, boh kana pangwangunana, boh kana peningkatan IPM-na. Da ayeuna saupami ukur madungdengkeun perkawis pangwangunan ge (sae saleresna mah hal ieu teh saupami di ieu millist seueur para birokrat anu tos mendak Jati Dirina), geuning ahir-ahirna teh sok angger we mentok dina urusan Birokrasi....he..he...!! Namung nya kitu tea atuh wangsul deui ka ieu Millist anu demokratis tea, mangga teh teuing panginten naon wae tiasa dialungkeun (kecuali anu dilarang). Sok atuh der ah, sim kuring ngiring ngabakian yeuh ka Kang Waluya, Kang Eddy Nugraha, Abah Willy, Ambu Richa, sareng kawargian sanesna anu kinten-kinten tiasa medar perkawis "Kumaha Carana Supaya Wanoh ka Diri". Cag ah. (Hen-hen) ________________________________ From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, December 5, 2008 5:23:58 PM Subject: Re: [kisunda] Kumaha supados urang Tiasa Wanoh kana Diri nu Sajati Nyaan "hebat" urang Sunda mah, anu dipilarian/dipadung dengkeun teh (khususna di ieu milist) sarupaning: ageman, jatidiri, wanoh ka diri, maot memeh pupus, jst. Arang langka anu madungdengkeun, upamana: kumaha sangkan Jawa Barat bisa ngahontal visi jeung misina (anu tangtu wae pakait jeung rahayat Jabar), kumaha sangkan IPM (indeks pembangunan manusia) Jawa Barat ngaronjat, kumaha sangkan banjir di wilayah Jabar ngurangan, kumaha sangkan sumber-sumber cai di sakuliah Jabar cur-cor deui, jst anu pakait jeung pangwangunan sumber daya manusa (kaasup atikan salaku pokona) jeung kawilayahan. Lamun inget kana hal-hal anu akir bieu ditataan, jadi inget ka mang Halimun, heuheu. Namung, da milist mah demokratis, mangga, geura der teh teuing. Aya hadena oge ngaguar jatidir atawa kumaha carana wanoh ka diri. Mangga, ka nu bade mairan pamundut Kang Suryana Dani ieu dihaturanan. manar On Fri, Dec 5, 2008 at 8:14 AM, suryana.dani <suryana.dani@ yahoo.com> wrote: > Assalamualaikum! sateacana abdi bingah pisan tiasa gabung sareng > baraya sunda mung hapunten basa sunda abdi mah acak2an.Simkuring bade > tumaros sareng hoyong diajar kumaha pangna tiasa wanoh kana diri > teh.sareng naon wae anu aya di diri urang teh. nuhun pisan sateacana > diantos pisan ieu waleranana. leres2 abdi teh hoyong diajar ieu > teh.Wassalamualaiku m! > >
