Maot nu seep sadayana ibarat ningali "lilin jeung seuneuna" leungit / tilem teu 
aya tapak2 acan, kabeh ngaleungit raraga jeung waraga, eta nu diteangan manusa 
keur hirup di dunya. Paeh teu kudu nyusahkeun nu hirup komo deui bari jeung 
"meres" rahayat mah teu kaci.




________________________________
From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, December 5, 2008 3:58:56 AM
Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis : teu maot maot


hehehe aneh... ngaran uing di babawa beu....
di nagara uing mah aya oge elmu ngaleungitkeun bukti hasil korupsi..
tah eta mah jaragoan, praktis sareng pasti beunghar
aya aya wae...

--- On Fri, 5/12/08, Maman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Maman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis : teu maot maot
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Received: Friday, 5 December, 2008, 7:46 AM


Aduh eta Uwa, meni hebring.  Cikan info sakedik waktos harita  nuju ngahiang 
naon titingalian anu "katingal",  rupina sanes ku mata buncelik. Ningal naon 
bae?

Elmu "ngaleungeut" atanapi "ngahiang"  numutkeun historisna parantos lami 
umurna, upami ningali kanu ajaran anu pangkolot-kolotna nyaeta hindu. 
Aya katelah na nu disebat moksa.

Siganamah ampir mirip jeung ajian Halimunan,  upami ieu mah kantos ku abdi di 
praktek keun nalika abdi hoyong teu katewak ku polisi nuju aya operasi tilang.  
Upami segi teknis mah sanes abdi na anu ngaleungit, mung  panon polisina 
"kahalimunan" he..he..he..

Balik deui ka perkawis "tilem",  rupina upami di tinjau tina dimensi,  urang 
ayeuna hirup di alam 3 dimensi ruang dan waktu,  anu tilem teh pindah atanapi 
pindah dimensi.
    
Balik ka diri,  urang  engke jaganing pageto, anu bakal pasti kasorang, mung 
duka iraha ari waktosna,  kantos atanapi pernah ngadangu karuhun urang atanapi 
leluhur urang nyarioskeun  yen  pupus atanapi maotna teh diparibasakeun "ilang 
papan lan tulisan",  maot anu sampurna. Sampurna teh suci, suci teh bersih, 
bersih teh seep.
(kang Ilen asanamah kantos ngadongeng).  Kaahengan elmu kasundaan anu parantos 
di ulik ku urang sunda.  

Sakitu heula anu kapihatur.
salam
mz


--- On Fri, 12/5/08, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:

From: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>

..., ngan ari ngahiang mah kungsi. 
<>jigana ajib tah keur solusi pamakaman heureut... :)) cing lah ka 
ahli-ahli,peneliti- peneliti geura panggihkun carana ngahiang teh... mun bisa 
mah nu bisa diteuleuman ku sakabeh jalma... jigana praktis ekonomis tah.... mun 
geus ngarasa bosen, kasedekeun di dunya tinggal cling weh. leungit

:)

</> 
On Fri, Dec 5, 2008 at 10:45 AM, Maman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Uluh kutan kitu Ua ?  
Sanes Bah Ali Sadikin  mah urang Sumedang, naha dikurebkeun na dimana?
Abdi mah alhamdulillah ari  astana (pelak jelema) mah gaduh nyalira di lembur 
abdi,
mung teu acan "lunas" nembe ngridit we. Mudah-mudahan we  parantos  tiasa  
"lunas" sateuacana abdi nempatan eta  astana. Dicicil ti ayeuna.  Upami 
nempatan mah mugi-mugi we waktosna sing lami keneh. he..he.he..  

Dupi Ua kumaha parantos nyiapkeun ?

Baktos
mz
    
 

________________________________
Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now.  


      

Kirim email ke