hey kang engkus, sing tarapti ari yarios teh
ulah nyigeung uing... kang engkus teu apal uing koruptor ?
tapi uing mah beunghar jeung sok nulungan batur
uing mah robinhood...  ulah sok nyabit2 koruptor, uing panas ceuli

--- On Sat, 6/12/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis
To: [email protected]
Received: Saturday, 6 December, 2008, 8:52 PM










    
            Hatur nuhun kang Abbas, tina kateranganana, memang kitu seueurrna 
mah nu ngagugulung cangkang, ari eusina mah kaluli-luli, nya atuh teu janten 
elmu, matak pantes, seueur jalmi nu ku sareat mah lungguh simpuh jeung leket 
dina agama, tapi korupsi jalan terus, teu malire kana kasusah somah.
 
hatur nuhun kang, Rampes.
 
Engkus  

--- Pada Ming, 7/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Minggu, 7 Desember, 2008, 2:47 AM









AA: Kang Engkus, saleresna upami dijeroan eta cariosan kang Engkus, nya ampir
sami oge sareng pandangan samawi sorga naraka tea. Masalahna , rada hese
ngajelaskeunana upami cara model Kang Engkus tah, da teu sadaya jalmi gampang 
mencerna sagala kecap2 urang. Esensina mah sigana sarupi. Serupa tapi tak sama 
tea 
panginten. Supaya gampang, meureun tidituna mah, agama samawi ngajelaskeun ku
sorga jeung naraka; maksadna mah meureun supaya manusa ngajaga kalakuanana.
 
Tapi nyatana mah, loba nu teu hasilna, ti batan hasil. Cenah cek nu make 
logika, sawarga mah di dunya; lain di akherat. Tah rebut eta sorga di dunya teh 
, kumaha we carana !
Nu matak mucunghul we para koruptor sste. Naon sababna? Sabab Agama gagal 
ngamotivasi kahadean ka HATE manusa.
 
Sanyatana lain sawarga atawa narakana nu penting mah, tapi kumaha CARANA supaya 
KALAKUAN manusa balener, ulah ngarugikeun batur. Esensina/intina mah eta.
 
Masalah sawarga naraka mah, sanes mung ukur SAMAWI wungkul. Hindu India oge
percayaeun ka na eta teh. Pan na Mahabharatta oge dina BAB Pandawa SEDA
dicaritakeun. Budha mah henteu panginten. Tah Budha teh sigana ampir sanada
sareng cariosan kang Engkus nu ieu,
 
Salam,
Abbas Amin

--- On Sat, 12/6/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Saturday, December 6, 2008, 7:21 PM









Sampurasun kang Dudi,
Simkuring nembe tiasa mukaan deui ieu milist nembe wangsul ti Bukittinggi 
saminggu, enjing bade hiber deui ka Manokwari, aya waktos sakedik bade ngiring 
mairan dina  perkara ieu.
 
Sakaterang simkring upami di ajaran sunda mah, teu manoh kana sawarga sapertos 
nu digambarkeun dina agama-agama samawi. Tah dina perkara angeusna ngalalakon 
di dunya teh sanes ka sawarga nu dipiharep teh, tapi tujuannana teh "mulih ka 
jati, mulang ka asal", saripati haneut nu asal ti seuneu/panonpoe kudu balik 
deui ka seuneu/panonpoe, saripati hiliwir nu asal ti angin/udara kudu balik 
deui ka angin/udara, saripati tiis kudu balik deui ka cai, saripati tetep nu 
asal ti bumi kudu balik deui ka bumi, pangawasa nu asal ti Gusti kudu balik 
deui ka pangawasa Gusti, pon kitu deui nu asal ti Gusti tangtu hayang balik 
deui ka Gustina. Tah dina raraga mulihkeun ka jatina mulangkeun ka asalna 
sanggeus urang ngumbara di dunya teh, tangtu gumantung kana pepelakan urang 
sewang-sewangan (ucap-tekad- lampah/sabda- hedap-bayu) .
 
Supaya rada jelas geura urang gambarkeun lalakon hirup manusa mun diibaratkeun 
lalakon cai (sok sanajan teu persis sarua) aya gunana pikeun lenyepaneun. 
Sakabeh cai asalna ti Lautan, gubragna ka bumi kersaning nu Maha Kawasa 
ngaliwatan hujan, aya nu digubragkeun di gunung, di pasir, di leuweung, di 
kota, di talaga, nya terus nyerep kana taneuh, tapi geuning kaluar deui 
ngaliwatan mata cai atawa ngaliwatan sumur. Tah dina raraga mulang deui ka 
asalna di lautan teh, eta cai babakti heula ka manusa, ka sasatoan, ka 
tatangkalan, nu ahirna pada ngalir ka wahangan terus ka walungan hayang balik 
deui ka lautan. Tah ku urang bisa ka saksi eta kaayaan cai di walungan mawa 
kokotor (rereged dunya mun keur manusa tea mah), bersih kotorna eta cai 
gumantung kana naon nu geus dilakonan/kalampaha n ku cai dipake ngumbah motor 
nya mawa kokotor motor, dipake ngabersihan pakean mawa kokotor pakean jsb. Tah 
dina balikna deui ka
 lautan teh di muara geuning diproses heula (dibantingkeun jeung dibulak-balik 
ku ombak) sangkan eta kokotor "mengendap" (punten basa sundana naon nya?) 
runtah-runtah nu kabawa nu lain asal ti lautan teu ditarima, nya ku ombak 
disered deui ka daratan, tah geus herang karek ngahiji (manunggal deui jeung 
lautan), tah tujuanna manunggal deui, lain di sisi lautan, da di sisina mah 
geuning teu herang.
 
Dina perkara budak paeh orok keneh, mun tea mah sawarga diibaratekun lautan, 
nya gambaranna mah jiga cai hujan nu turun di lautan ceuk simkuring mah, geus 
ngaliwatan jadi "uap", terus dikandung ku udara jadi awan, nya dina sasihna 
dijurukeun jadi cai ngaliwatan hujan, ngam memeh ngalalakon di dunya geus baik 
deui ka asalna.
 
Kitu tah kang, bawiraos simkuring mah, nya ieu mah teu aya dalilna, katampi nya 
nuhun, teu katampi nya mangga.
 
Cag.
pun tabe pun.
 
Engkus.
 
 

--- Pada Sen, 1/12/08, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> menulis:

Dari: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>
Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Senin, 1 Desember, 2008, 3:10 PM




Mempertanyakan keadilan tuhan:
kuring kamari manggih patarosan model kieu: "naha jalma nu paeh keur orok make 
asup surga?" lamun ngacu kana anggapan yen kaadilan pangeran teh: 'nu melak 
cabe panen cabe, melak bonteng panen bonteng'... asupna jalma-nu-paeh- 
keur-orok ka sawarga kudu dipertanyakeun, cek nu nanya eta. sabab maranehna mah 
teu kungsi melak cabe teu kungsi melak bonteng


On Mon, Dec 1, 2008 at 1:18 AM, Rudy <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:








Kang Abas,
 
Kang Abas, nu goreng nu hade nu sarakah….di dunya tos pasti di adili, didinya 
"kaadilan Gusti" ceuk urang sunda mah atawa "Keadilan Tuhan" ceuk bahasa 
Indonesia teu kedah ngantosan maot,
sok tingal ku kanga Abas…numelak cabe jadi cabe…di dunia keneh…"matakna gusti 
the kumaha ceuk urang na, urang kumaha ceuk gustina"
 



Berbagi foto Flickr dengan teman di dalam Messenger.
Jelajahi Yahoo! Messenger yang serba baru sekarang! 



        Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? 
Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang!
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke