ari nulis teh cep ulah numpuk, diajar supaya menarik dibaca ku batur
cape nempo na oge, komo macana

--- On Sun, 7/12/08, suryana.dani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: suryana.dani <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Re: perdebatan teologis
To: [email protected]
Received: Sunday, 7 December, 2008, 3:56 PM










    
            Punten bade ngiringan ah! simkuring anggota milis anyar ieu teh!

titatadi di dangukeun ku simkuring ieu Kang Abbas,Kang Engkus, sareng

Kang Agus teh ngobrol masalah Sawarga sareng Naraka.Duh.. . ieu teh

berat upami di gali mah da pasti jigna ka diri deui- ka diri deui.Sae

pisan pangartos Kang Engkus teh sesah milarian pangartos kitu zaman

kiwari anu ngajentreken esina sanes cangkangna,sae- sae-sae pisan. pami

 di arabkeunamah panginten eta teh Muthmainah,Sawiah, Lawamah sareng

Amarah pangintennya( duka teuing da kuring oge nuju milarian Guru

Penerangan ieu teh)he.he.he. ..Nyaeta saur kolot baheula mah Bodas,

Beuereum,Koneng, Hideng Panginten.Nyatana nu aya di diri urang sadayana

anu bakal "mulang ka asal tea" Sene balik deui ka sene, Cai balik deui

ka cai,taneh balik deui ka taneh,angin balik deui ka angin,ngan nu

hiji mah nyaeta "Mulih ka Jati" tea.pami numutkeun simkuring sorga

sareng naraka teh aya dua,nyaeta di dunia sareng di akherat jagi.pami

jalmina tekadna,ucapna, lampahna, kalakuanana sae tah tandana eta jalmi

teh tos ngengengken sorga di alam dunya komo deui engke jagi di

akherat. pami sabalikna ti eta nya jalmi eta kabagean naraka dunya

komo deui di naraka akherat. soal carana? nya kumaha jalmina eta mah

bade milih anu mana.masing luhung elmu jembar pangawasa oge pami lepat

Lampah mah geuningan digebug batur. 



hatur nuhun



Suryana Dani



--- In [EMAIL PROTECTED] .com, engkus ruswana <engkusruswana@ ...> wrote:

>

> Hatur nuhun kang Abbas, tina kateranganana, memang kitu seueurrna

mah nu ngagugulung cangkang, ari eusina mah kaluli-luli, nya atuh teu

janten elmu, matak pantes, seueur jalmi nu ku sareat mah lungguh

simpuh jeung leket dina agama, tapi korupsi jalan terus, teu malire

kana kasusah somah.

> Â 

> hatur nuhun kang, Rampes.

> Â 

> Engkus  

> 

> --- Pada Ming, 7/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ ...> menulis:

> 

> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ ...>

> Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis

> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com

> Tanggal: Minggu, 7 Desember, 2008, 2:47 AM

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> AA: Kang Engkus, saleresna upami dijeroan eta cariosan kang Engkus,

nya ampir

> sami oge sareng pandangan samawi sorga naraka tea. Masalahna , rada hese

> ngajelaskeunana upami cara model Kang Engkus tah, da teu sadaya

jalmi gampang mencerna sagala kecap2 urang. Esensina mah sigana

sarupi. Serupa tapi tak sama tea 

> panginten. Supaya gampang, meureun tidituna mah, agama samawi

ngajelaskeun ku

> sorga jeung naraka; maksadna mah meureun supaya manusa ngajaga

kalakuanana.

> Â 

> Tapi nyatana mah, loba nu teu hasilna, ti batan hasil. Cenah cek nu

make logika, sawarga mah di dunya; lain di akherat. Tah rebut eta

sorga di dunya teh , kumaha we carana !

> Nu matak mucunghul we para koruptor sste. Naon sababna? Sabab Agama

gagal ngamotivasi kahadean ka HATE manusa.

> Â 

> Sanyatana lain sawarga atawa narakana nu penting mah, tapi kumaha

CARANA supaya 

> KALAKUAN manusa balener, ulah ngarugikeun batur. Esensina/intina mah

eta.

> Â 

> Masalah sawarga naraka mah, sanes mung ukur SAMAWI wungkul. Hindu

India oge

> percayaeun ka na eta teh. Pan na Mahabharatta oge dina BAB Pandawa SEDA

> dicaritakeun. Budha mah henteu panginten. Tah Budha teh sigana ampir

sanada

> sareng cariosan kang Engkus nu ieu,

> Â 

> Salam,

> Abbas Amin

> 

> --- On Sat, 12/6/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

> 

> From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>

> Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis

> To: [EMAIL PROTECTED] .com

> Date: Saturday, December 6, 2008, 7:21 PM

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> Sampurasun kang Dudi,

> Simkuring nembe tiasa mukaan deui ieu milist nembe wangsul ti

Bukittinggi saminggu, enjing bade hiber deui ka Manokwari, aya waktos

sakedik bade ngiring mairan dina  perkara ieu.

> Â 

> Sakaterang simkring upami di ajaran sunda mah, teu manoh kana

sawarga sapertos nu digambarkeun dina agama-agama samawi. Tah dina

perkara angeusna ngalalakon di dunya teh sanes ka sawarga nu dipiharep

teh, tapi tujuannana teh "mulih ka jati, mulang ka asal", saripati

haneut nu asal ti seuneu/panonpoe kudu balik deui ka seuneu/panonpoe,

saripati hiliwir nu asal ti angin/udara kudu balik deui ka

angin/udara, saripati tiis kudu balik deui ka cai, saripati tetep nu

asal ti bumi kudu balik deui ka bumi, pangawasa nu asal ti Gusti kudu

balik deui ka pangawasa Gusti, pon kitu deui nu asal ti Gusti tangtu

hayang balik deui ka Gustina. Tah dina raraga mulihkeun ka jatina

mulangkeun ka asalna sanggeus urang ngumbara di dunya teh, tangtu

gumantung kana pepelakan urang sewang-sewangan (ucap-tekad-

lampah/sabda- hedap-bayu) .

> Â 

> Supaya rada jelas geura urang gambarkeun lalakon hirup manusa mun

diibaratkeun lalakon cai (sok sanajan teu persis sarua) aya gunana

pikeun lenyepaneun. Sakabeh cai asalna ti Lautan, gubragna ka

bumi kersaning nu Maha Kawasa ngaliwatan hujan, aya nu digubragkeun

di gunung, di pasir, di leuweung, di kota, di talaga, nya terus

nyerep kana taneuh, tapi geuning kaluar deui ngaliwatan mata cai

atawa ngaliwatan sumur. Tah dina raraga mulang deui ka asalna di

lautan teh, eta cai babakti heula ka manusa, ka sasatoan, ka

tatangkalan, nu ahirna pada ngalir ka wahangan terus ka walungan

hayang balik deui ka lautan. Tah ku urang bisa ka saksi eta kaayaan

cai di walungan mawa kokotor (rereged dunya mun keur manusa tea mah),

bersih kotorna eta cai gumantung kana naon nu geus dilakonan/kalampaha

n ku cai dipake ngumbah motor nya mawa kokotor motor, dipake

ngabersihan pakean mawa kokotor pakean jsb. Tah dina balikna deui ka

lautan teh di muara geuning diproses

>  heula (dibantingkeun jeung dibulak-balik ku ombak) sangkan eta

kokotor "mengendap" (punten basa sundana naon nya?) runtah-runtah nu

kabawa nu lain asal ti lautan teu ditarima, nya ku ombak disered deui

ka daratan, tah geus herang karek ngahiji (manunggal deui jeung

lautan), tah tujuanna manunggal deui, lain di sisi lautan, da di

sisina mah geuning teu herang.

> Â 

> Dina perkara budak paeh orok keneh, mun tea mah sawarga diibaratekun

lautan, nya gambaranna mah jiga cai hujan nu turun di lautan ceuk

simkuring mah, geus ngaliwatan jadi "uap", terus dikandung ku udara

jadi awan, nya dina sasihna dijurukeun jadi cai ngaliwatan hujan, ngam

memeh ngalalakon di dunya geus baik deui ka asalna.

> Â 

> Kitu tah kang, bawiraos simkuring mah, nya ieu mah teu aya dalilna,

katampi nya nuhun, teu katampi nya mangga.

> Â 

> Cag.

> pun tabe pun.

> Â 

> Engkus.

> Â 

> Â 

> 

> --- Pada Sen, 1/12/08, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> menulis:

> 

> Dari: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>

> Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis

> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com

> Tanggal: Senin, 1 Desember, 2008, 3:10 PM

> 

> 

> 

> 

> Mempertanyakan keadilan tuhan:

> kuring kamari manggih patarosan model kieu: "naha jalma nu paeh keur

orok make asup surga?" lamun ngacu kana anggapan yen kaadilan pangeran

teh: 'nu melak cabe panen cabe, melak bonteng panen bonteng'... asupna

jalma-nu-paeh- keur-orok ka sawarga kudu dipertanyakeun, cek nu nanya

eta. sabab maranehna mah teu kungsi melak cabe teu kungsi melak bonteng

> 

> 

> On Mon, Dec 1, 2008 at 1:18 AM, Rudy <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> Kang Abas,

> Â 

> Kang Abas, nu goreng nu hade nu sarakah….di dunya tos pasti di

adili, didinya "kaadilan Gusti" ceuk urang sunda mah atawa "Keadilan

Tuhan" ceuk bahasa Indonesia teu kedah ngantosan maot,

> sok tingal ku kanga Abas…numelak cabe jadi cabe…di dunia

keneh…"matakna gusti the kumaha ceuk urang na, urang kumaha ceuk

gustina"

> Â 

> 

> 

> 

> Berbagi foto Flickr dengan teman di dalam Messenger.

> Jelajahi Yahoo! Messenger yang serba baru sekarang! 

> 

>  

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

>      

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _

> Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.

> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan

@rocketmail. 

> Cepat sebelum diambil orang lain!

> http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/

>




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke