Keun we kang ogi diajarna by geulueyeung oge teu nanaon sabab kosa kata budak mah masih terbatas sanajan pacampur - campurge tapi geus aya dadasar Cobian seueurkeun nyetel kaset lagu2 sunda geura biasana budakmah leuwih gancang apal kana lagu mah,,, Pan bari ngahaleang bari nambah kosa kata basa sunda, he,he,he,,,, CaagAh, >> JK << Nyunda Nyantri Nyakola
--- Pada Sel, 16/12/08, milis_yogiardhi <[email protected]> menulis: Dari: milis_yogiardhi <[email protected]> Topik: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 16 Desember, 2008, 8:51 AM Nepangkeun abdi pun Ogi. Nembean pipilueun na milis ieu. Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita budak teh memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo i-inggris-an kudu bisa Basa Sunda heula. Ayeuna budak teh ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa Indonesa pangpangna mah. "Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?", cenah. Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae. Ayeuna teh ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa Sunda. Da indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan panggih saminggu sakali misah kota. Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur milis sadaya... Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak dina jaman jiga kieu ? Hatur Nuhun,- Abah Ogi, Abah na Kean Yahoo! Toolbar kini dilengkapi Anti-Virus dan Anti-Adware gratis. Download Yahoo! Toolbar sekarang. http://id.toolbar.yahoo.com
