Sim kuring gaduh pangalaman sakedik ngeunaan ngawuruk murangkalih diajar basa 
Sunda.
Pun anak (Zahra 5th), ti awit borojol dugi ka yuswa 3th lingkunganana Sunda, 
aki nini-na nganggo basa Sunda (Sumedang), ku sim kuring mun di rorompok ge 
basa Sunda nu lumayan lemes. Hasilna duga ka ayeuna (di Bogor) anu notabene tos 
seueur cumarios dina basa leter B, tetep we pun anak mah cumarita dina basa 
Sunda. Memang sakedik-sakedik ge diajar basa Indonesia. Sareng deuih, ku sabab 
tos biasa nongton tv anak (spacetoon) janten sok kacandakeun Indonesia. Tapi 
tetep we, mun tataros ka indung bapa-na mah ku Sunda wae, umpamana jalan-jalan 
ka Mall oge, haben we make basa Sunda. 

Terus, nu utamana mah, Sepuhna ulah gaduh rasa era atawa jadi ngarasa kampungan 
pedah murangkalihna cumarita  dina basa Sunda, saur budak ayeuna mah EGP aja, 
naha atuh batur bisa EGP, urang teu bisa EGP!!!! keun we dianggap kampungan 
oge...... (sugan), nu penting mah Urang (sim kuring) tos ngadugikeun estafet 
basa Sunda ka generasi nu salajengna. 

Tanggung jawab sim kuring minangka urang Sunda, sakedikna mah tos dicumponan, 
bisi jaga di aherat disuhunkeun tanggungjawabna minangka Seke Seler Sunda. !!! 


________________________________
Dari: milis_yogiardhi <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 16 Desember, 2008 15:51:22
Topik: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda


Nepangkeun abdi pun Ogi.

Nembean pipilueun na milis ieu.

Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita budak teh 
memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo i-inggris-an 
kudu bisa Basa Sunda heula.

Ayeuna budak teh ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa 
Indonesa pangpangna mah. 

"Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?", cenah.

Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak 
saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae.

Ayeuna teh ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa 
Sunda. Da indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan 
panggih saminggu sakali misah kota.

Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur milis sadaya... 
Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak dina jaman 
jiga kieu ?

Hatur Nuhun,-

Abah Ogi, Abah na Kean

 


      
___________________________________________________________________________
Coba emoticon dan skin keren baru, dan area teman yang luas.
Coba Y! Messenger 9 Indonesia sekarang.
http://id.messenger.yahoo.com

Kirim email ke