hih, leres pisan kg TB, taun 80an uin sarombongan(US) dongkap ka Jkt. naaaa..ari pimp romb. ucap ka uin, ca, tong ngomong bsSunda , ngerakeun...! tuluy ngobrol2 jg urg jkt.....uin ttp make bS ehh, maranehna ngajawab make bS si Padang teh!?
________________________________ From: Tubagus Taufik Iskandar <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, December 17, 2008 4:45:44 PM Subject: Bls: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda Sim kuring gaduh pangalaman sakedik ngeunaan ngawuruk murangkalih diajar basa Sunda. Pun anak (Zahra 5th), ti awit borojol dugi ka yuswa 3th lingkunganana Sunda, aki nini-na nganggo basa Sunda (Sumedang), ku sim kuring mun di rorompok ge basa Sunda nu lumayan lemes. Hasilna duga ka ayeuna (di Bogor) anu notabene tos seueur cumarios dina basa leter B, tetep we pun anak mah cumarita dina basa Sunda. Memang sakedik-sakedik ge diajar basa Indonesia. Sareng deuih, ku sabab tos biasa nongton tv anak (spacetoon) janten sok kacandakeun Indonesia. Tapi tetep we, mun tataros ka indung bapa-na mah ku Sunda wae, umpamana jalan-jalan ka Mall oge, haben we make basa Sunda. Terus, nu utamana mah, Sepuhna ulah gaduh rasa era atawa jadi ngarasa kampungan pedah murangkalihna cumarita dina basa Sunda, saur budak ayeuna mah EGP aja, naha atuh batur bisa EGP, urang teu bisa EGP!!!! keun we dianggap kampungan oge...... (sugan), nu penting mah Urang (sim kuring) tos ngadugikeun estafet basa Sunda ka generasi nu salajengna. Tanggung jawab sim kuring minangka urang Sunda, sakedikna mah tos dicumponan, bisi jaga di aherat disuhunkeun tanggungjawabna minangka Seke Seler Sunda. !!! ________________________________ Dari: milis_yogiardhi <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Selasa, 16 Desember, 2008 15:51:22 Topik: [kisunda] Ngawarah budak basa sunda Nepangkeun abdi pun Ogi. Nembean pipilueun na milis ieu. Sim kuring boga budak lalaki, Kean (tereh 3taun). Cita-cita budak teh memeh diajar ngomong E-endonesa-an, ma-malayu-an, komo i-inggris-an kudu bisa Basa Sunda heula. Ayeuna budak teh ngomongna (balelol keneh) pacampur wae...jeung basa Indonesa pangpangna mah. "Abah lagi naon?", "Kok mobilnya sama oge?", cenah. Hariwang jadi teu kaitu kadieu.Can sakuriling bungking barudak saumuran na teh teu jauh ti basa Indonesia wae. Ayeuna teh ngandelkeun nini na we, mun ngajak ngomong budak make basa Sunda. Da indung na balangsiar jadi pagawe nepi sore, ari bapana ngan panggih saminggu sakali misah kota. Manawi aya bongbolongan ti dulur-dulur milis sadaya... Na aya cara nu hade pikeun ngawarah Basa Sunda ka budak dina jaman jiga kieu ? Hatur Nuhun,- Abah Ogi, Abah na Kean ________________________________ Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang!
