Big Bang
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Big_Bang)
 
Numutkeun téori Big Bang, jagat raya muncul tina kaayaan nu kacida padet tur 
panas. Ti harita, jagat raya ngagedéan luyu jeung tambahna waktu, sarta miboga 
galaksi-galaksi dina sajeroeunnana.
 
Dina kosmologi fisik, Big Bang (tarjamahan bébas: Bitu Rongkah) mangrupakeun 
salasahiji téori élmu pangaweruh anu ngécéskeun mekarna sarta wangun munggaran 
jagat raya. Téori ieu nganyatakeun yén jagat raya ieu kabentuk ku hiji bitu 
rongkah anu lumangsung kira-kira 13.700 juta taun ka tukang. Bitu ieu 
ngutahkeun materi dina jumlah nu pohara réa ka sagala juru jagat raya. 
Materi-materi ieu anu saterusna ngeusian jagat raya kiwari dina wangun béntang, 
planét, kebul kosmik, asteroid/météor, énergi, sarta partikel séjénna di jagat 
raya ieu.
 
Para élmuwan ogé percaya yén Big Bang ngawangun sistem tata surya. Ideu séntral 
tina téori ieu téh nyaéta téori rélativitas umum bisa digabungkeun jeung hasil 
pangimeutan dina skala badag dina usikna hiji galaksi ti galaksi lianna, sarta 
norah yén hiji waktu jagat raya baris balik kana kaayaan munggaran atawa terus 
mekar. Balukar tina Téori Big Bang nyaéta dina mangsa ka tukang alam samesta 
boga suhu anu jauh leuwih panas sarta karapetan anu leuwih gedé.
Big-bang sarta jagat raya anu mekar
Dina taun 1929 Astronom Amérika Sarikat, Edwin Hubble ngalakukeun observasi 
(pangimeutan) sarta nempo galaksi anu jauh jeung usik sok ngajauhan urang 
kalawan laju anu gancang. Manéhna ogé nempo yén jarak antara galaksi-galaksi 
nambahan saban waktu. Timuan Hubble ieu némbongkeun yén jagat raya urang 
samasakali henteu statis (tetep) kawas anu dipercaya saacanna, tapi usik jeung 
mekar. Hal ieu ngabalukarkeun hiji torahan yén jagat raya dimimitian ku hiji 
bitu nu pohara rongkah dina hiji waktu dina mangsa baheula anu dingaranan Bitu 
Rongkah (Big Bang).
 
Dina waktu harita, jagat raya ngabogaan ukuran enol, sarta aya dina karapetan 
jeung panas nu taya hinggana; saterusna bitu jeung mekar kalayan laju anu 
henteu laun teuing (nu bisa ngabalukarkeun ngariut), atawa gancang teuing (nu 
ngajadikeun rohang kosong). Sarta sageus éta, kurang leuwih jutaan taun 
saterusna, jagat raya terus mekar tanpa kajadian-kajadian séjén naon ogé. Jagat 
raya kabéhna baris terus mekar sarta niisan.
 
Jagat raya mekar kalawan laju 5%-10% pér sarébu juta taun. Jagat raya baris 
mekar terus, tapi kalawan laju anu beuki laun, jeung beuki laun, sanajan henteu 
bener-bener ngahontal enol. Sanajan upamana jagat raya kontraksi, ieu moal 
lumangsung sahenteuna pikeun sawatara milyar taun ka hareup.
 
Sagala rupa énergi anu aya di jagat raya ieu lamun disusud nyaéta asalna tina 
énergi Big Bang, nyaéta énergi dina waktu panyiptaan. Jumlah total sakumna 
énergi di alam samesta ieu téh pas enol.


      

Kirim email ke