Kang Mamanz anu bageur, upami jagat raya ieu kawitna mangrupikeun hiji titik nu massana enol, energina enol, duka tah naha konsep rohang sareng waktu tos kacipta atanapi teu acan waktos sateuacanna big bang. Jigana harita mah teu aya rohang, henteu aya istilah "dimana?" Punten bilih pamendak abdi lepat, lereskeun bae.
Abdi mah aheng ka Nu nyiptakeunana. Tina hiji titik. Kun fayakun. Beledug teh janten jagat raya. Salam baktos, Aschev ________________________________ From: Maman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 23, 2008 10:37:26 AM Subject: Re: [kisunda] Big Bang Ngiring ngalamun. Umpama teori "BigBang" ieu leres, anu jadi patarosan eh duka raraosan, pusat ngabeledugna dimana? Teu acan aya anu pernah ngaduga-duga( hipotesa) . Rarasaanmah aya kesan, nya bumi ieu, padahal ngan rarasaan, jeung ceuk titingalian( pengamatan) hungkul. Anu kasaksi jadi bukti, ku pengningal, enya leres banda-banda langit sabangsa kumpulan bintang-bintang( galaksi) teh pada-pada "ngajauhan". Dibuktikeun ku ngageserna cahaya beureum (red-shift). Aya anu ngaimajinasikeun alam jagat kabir ieu saumpama balon anu ditiup, beuki lila beuki gede, nyaeta ruang atanapi rohangan tempat benda-2 langit ngajegir kabawa ngagedean, lamun kitu mah atuh tiasa oge ngariyut. (saha anu terang, tah didieu hiji bukti deui, yen manusa mah langgeng dina bodona). Baktos mz --- On Mon, 12/22/08, Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo. com> wrote: > From: Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo. com> > > Numutkeun téori Big Bang, jagat raya muncul tina kaayaan nu kacida padet > > tur panas. Ti harita, jagat raya ngagedéan luyu jeung tambahna waktu, > sarta miboga galaksi-galaksi dina sajeroeunnana. > > Dina kosmologi fisik, Big Bang (tarjamahan bébas: Bitu Rongkah) > mangrupakeun salasahiji téori élmu pangaweruh anu ngécéskeun mekarna > sarta wangun munggaran jagat raya. Téori ieu nganyatakeun yén jagat raya > > ieu kabentuk ku hiji bitu rongkah anu lumangsung kira-kira 13.700 juta > taun ka tukang. Bitu ieu ngutahkeun materi dina jumlah nu pohara > réa ka sagala juru jagat raya. Materi-materi ieu anu saterusna ngeusian > jagat raya kiwari dina wangun béntang, planét, kebul kosmik, > asteroid/météor, énergi, sarta partikel séjénna di jagat raya ieu. > > Para élmuwan ogé percaya yén Big Bang ngawangun sistem > tata surya. Ideu séntral tina téori ieu téh nyaéta > téori rélativitas umum bisa digabungkeun jeung hasil > pangimeutan dina skala badag dina usikna hiji galaksi ti > galaksi lianna, sarta norah yén hiji waktu jagat raya baris > balik kana kaayaan munggaran atawa terus mekar. Balukar tina > Téori Big Bang nyaéta dina mangsa ka tukang alam samesta > boga suhu anu jauh leuwih panas sarta karapetan anu leuwih > gedé. > Big-bang sarta jagat raya anu mekar > Dina taun 1929 Astronom Amérika Sarikat, Edwin Hubble > ngalakukeun observasi (pangimeutan) sarta nempo galaksi anu > jauh jeung usik sok ngajauhan urang kalawan laju anu > gancang. Manéhna ogé nempo yén jarak antara > galaksi-galaksi nambahan saban waktu. Timuan Hubble ieu > némbongkeun yén jagat raya urang samasakali henteu statis > (tetep) kawas anu dipercaya saacanna, tapi usik jeung mekar. > Hal ieu ngabalukarkeun hiji torahan yén jagat raya > dimimitian ku hiji bitu nu pohara rongkah dina hiji waktu > dina mangsa baheula anu dingaranan Bitu Rongkah (Big Bang). > > Dina waktu harita, jagat raya ngabogaan ukuran enol, sarta > aya dina karapetan jeung panas nu taya hinggana; saterusna > bitu jeung mekar kalayan laju anu henteu laun teuing (nu > bisa ngabalukarkeun ngariut), atawa gancang teuing (nu > ngajadikeun rohang kosong). Sarta sageus éta, kurang leuwih > jutaan taun saterusna, jagat raya terus mekar tanpa > kajadian-kajadian séjén naon ogé. Jagat raya kabéhna > baris terus mekar sarta niisan. > > Jagat raya mekar kalawan laju 5%-10% pér sarébu juta > taun. Jagat raya baris mekar terus, tapi kalawan laju anu > beuki laun, jeung beuki laun, sanajan henteu bener-bener > ngahontal enol. Sanajan upamana jagat raya kontraksi, ieu > moal lumangsung sahenteuna pikeun sawatara milyar taun ka > hareup. > > Sagala rupa énergi anu aya di jagat raya ieu lamun disusud > nyaéta asalna tina énergi Big Bang, nyaéta énergi dina > waktu panyiptaan. Jumlah total sakumna énergi di alam > samesta ieu téh pas enol.
