taaaaaah....eta kg MZ,
uin gen upami neuteup jagat raya di astronomi itb
asa uin ngan mangrupa super debu
4JJIhu akbarrrrrrr!




________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, December 23, 2008 10:37:26 AM
Subject: Re: [kisunda] Big Bang

Ngiring ngalamun.

Umpama teori "BigBang" ieu leres, anu jadi patarosan  eh duka raraosan, 
pusat ngabeledugna dimana? Teu acan aya anu pernah ngaduga-duga(hipotesa).  
Rarasaanmah aya kesan, nya bumi ieu, padahal ngan rarasaan, jeung ceuk 
titingalian(pengamatan) hungkul. 

Anu kasaksi jadi bukti, ku pengningal, enya leres banda-banda langit sabangsa 
kumpulan bintang-bintang(galaksi) teh pada-pada "ngajauhan". Dibuktikeun ku 
ngageserna cahaya beureum (red-shift).
Aya anu ngaimajinasikeun alam jagat kabir ieu saumpama balon anu ditiup, beuki 
lila beuki gede, nyaeta ruang atanapi rohangan tempat benda-2 langit ngajegir 
kabawa ngagedean, lamun kitu mah atuh tiasa oge ngariyut.  
(saha anu terang, tah didieu hiji bukti deui, yen manusa mah langgeng dina 
bodona).

Baktos
mz

--- On Mon, 12/22/08, Aschev Schuraschev <[email protected]> wrote:

> From: Aschev Schuraschev <[email protected]>
>  
> Numutkeun téori Big Bang, jagat raya muncul tina kaayaan  nu kacida padet > 
> tur panas. Ti harita, jagat raya ngagedéan luyu jeung tambahna waktu, 
> sarta miboga galaksi-galaksi dina  sajeroeunnana.
>  
> Dina kosmologi fisik, Big Bang (tarjamahan bébas: Bitu Rongkah) 
> mangrupakeun salasahiji téori élmu pangaweruh anu  ngécéskeun mekarna 
> sarta wangun munggaran jagat raya. Téori ieu nganyatakeun yén jagat raya > 
> ieu kabentuk ku hiji  bitu rongkah anu lumangsung kira-kira 13.700 juta 
> taun ka  tukang. Bitu ieu ngutahkeun materi dina jumlah nu pohara
> réa ka sagala juru jagat raya. Materi-materi ieu anu saterusna ngeusian 
> jagat raya kiwari dina wangun béntang,  planét, kebul kosmik, 
> asteroid/météor, énergi, sarta  partikel séjénna di jagat raya ieu.
>  
> Para élmuwan ogé percaya yén Big Bang ngawangun sistem
> tata surya. Ideu séntral tina téori ieu téh nyaéta
> téori rélativitas umum bisa digabungkeun jeung hasil
> pangimeutan dina skala badag dina usikna hiji galaksi ti
> galaksi lianna, sarta norah yén hiji waktu jagat raya baris
> balik kana kaayaan munggaran atawa terus mekar. Balukar tina
> Téori Big Bang nyaéta dina mangsa ka tukang alam samesta
> boga suhu anu jauh leuwih panas sarta karapetan anu leuwih
> gedé.
> Big-bang sarta jagat raya anu mekar
> Dina taun 1929 Astronom Amérika Sarikat, Edwin Hubble
> ngalakukeun observasi (pangimeutan) sarta nempo galaksi anu
> jauh jeung usik sok ngajauhan urang kalawan laju anu
> gancang. Manéhna ogé nempo yén jarak antara
> galaksi-galaksi nambahan saban waktu. Timuan Hubble ieu
> némbongkeun yén jagat raya urang samasakali henteu statis
> (tetep) kawas anu dipercaya saacanna, tapi usik jeung mekar.
> Hal ieu ngabalukarkeun hiji torahan yén jagat raya
> dimimitian ku hiji bitu nu pohara rongkah dina hiji waktu
> dina mangsa baheula anu dingaranan Bitu Rongkah (Big Bang).
>  
> Dina waktu harita, jagat raya ngabogaan ukuran enol, sarta
> aya dina karapetan jeung panas nu taya hinggana; saterusna
> bitu jeung mekar kalayan laju anu henteu laun teuing (nu
> bisa ngabalukarkeun ngariut), atawa gancang teuing (nu
> ngajadikeun rohang kosong). Sarta sageus éta, kurang leuwih
> jutaan taun saterusna, jagat raya terus mekar tanpa
> kajadian-kajadian séjén naon ogé. Jagat raya kabéhna
> baris terus mekar sarta niisan.
>  
> Jagat raya mekar kalawan laju 5%-10% pér sarébu juta
> taun. Jagat raya baris mekar terus, tapi kalawan laju anu
> beuki laun, jeung beuki laun, sanajan henteu bener-bener
> ngahontal enol. Sanajan upamana jagat raya kontraksi, ieu
> moal lumangsung sahenteuna pikeun sawatara milyar taun ka
> hareup.
>  
> Sagala rupa énergi anu aya di jagat raya ieu lamun disusud
> nyaéta asalna tina énergi Big Bang, nyaéta énergi dina
> waktu panyiptaan. Jumlah total sakumna énergi di alam
> samesta ieu téh pas enol.


      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke