Panuju, kg Waluy...eta perbedaan cara pandang agama jeung sains/elmu pangaweruh
agama mah, ku 'kayakinan' jeung 'dogma'....atossssss titiiiik.
ari elmu pangaweruh mah, hirup berkembang, hanteu stagnan
sapertos ui tos ngabahas baheula
aya di majalah TIME taun 2000, "is the Bible, fact or fiction?"
dikupas tuntas ku elmu pangaweruh....kaboker sagala karaguan!
teu aya pendeta gereja anu protes , da enya....kabukti salahna?????





________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 6, 2009 10:20:51 PM
Subject: Re: [kisunda] Pabrik Getih-->Re: Teori Evolusi

> From: Halimun An
> naha fosil nu kapendak teh nu disebat cikal bakal manusa teh bener 
> tangkorak manusa atawa memang monyet ?
> sayakin naon urang yen eta teh fosil manusa purbakala ?

Wah Kang, elmu pangaweruh mah sanes soal yakin-yakinan ...hehehe. Ayeuna 
kuring balik nanya, kabeneran kamari aya lini di Manokwari Papua. Para ahli 
lini, ngaromong, lini teh kulantranan tubrukan lempeng tektonik. Cik keur 
urang awam sayakin naon lini teh kulantaran tubrukan lempeng tektonik? 
Paling-paling dijawab da ceuk para ahli ..... Tah pan ieu ge sarua 
pitecantropus erecttus teh monyet nu bisa nangtung, ceuk saha? ceuk para 
ahli. Da nu awam mah baroraah bisa nyieun kancindekan kitu, ngabedakeun mana 
fosil, mana batu oge acan tangtu bisa. Jadi lamun hayang yakin 
bener-salahna, nya kudu ancrub dina widang eta, teu bisa ukur amatiran.

Teori evolusi, acan tangtu 100% bener, tapi teori ieu bisa ngajawab 
kapanasaran  kunaon bentuk fisik jeung warna kulit manusa beda-beda. Tepi ka 
ayeuna teu aya teori deui nu paling asup akal keur nerangkeun hal eta, 
salian ti teori evolusi. Salian ti eta, lamun urang nengetan budaya manusa, 
bakal katingali manusa teh teu ujug-ujug pinter, budaya manusa oge ngalaman 
evolusi. Mimiti ukur make alat sakasampeurna, terus kana batu (batu 
diseukeutan saperti loba kapanggih di sisi danau Bandung purba) , kakara 
kana logam: parunggu, beusi .......

Tapi upami KAYAKINAN akang, manusa munggaran teh Adam, ah ..nya mangga da 
eta mah kayakinan. Tapi punten ulah dicampur-adukkeun jeung elmu pangaweruh, 
sabab engkena jadi lieur sorangan:  Naha Adam teh rada dongko? Diraksukan 
atawa taranjang Adam teh, da geuning salah sahiji turunanana Urang Papua teu 
dibaraju malah kalahka disolobongan?


Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke