> From: Halimun An
> naha fosil nu kapendak teh nu disebat cikal bakal manusa teh bener
> tangkorak manusa atawa memang monyet ?
> sayakin naon urang yen eta teh fosil manusa purbakala ?
Wah Kang, elmu pangaweruh mah sanes soal yakin-yakinan ...hehehe. Ayeuna
kuring balik nanya, kabeneran kamari aya lini di Manokwari Papua. Para ahli
lini, ngaromong, lini teh kulantranan tubrukan lempeng tektonik. Cik keur
urang awam sayakin naon lini teh kulantaran tubrukan lempeng tektonik?
Paling-paling dijawab da ceuk para ahli ..... Tah pan ieu ge sarua
pitecantropus erecttus teh monyet nu bisa nangtung, ceuk saha? ceuk para
ahli. Da nu awam mah baroraah bisa nyieun kancindekan kitu, ngabedakeun mana
fosil, mana batu oge acan tangtu bisa. Jadi lamun hayang yakin
bener-salahna, nya kudu ancrub dina widang eta, teu bisa ukur amatiran.
Teori evolusi, acan tangtu 100% bener, tapi teori ieu bisa ngajawab
kapanasaran kunaon bentuk fisik jeung warna kulit manusa beda-beda. Tepi ka
ayeuna teu aya teori deui nu paling asup akal keur nerangkeun hal eta,
salian ti teori evolusi. Salian ti eta, lamun urang nengetan budaya manusa,
bakal katingali manusa teh teu ujug-ujug pinter, budaya manusa oge ngalaman
evolusi. Mimiti ukur make alat sakasampeurna, terus kana batu (batu
diseukeutan saperti loba kapanggih di sisi danau Bandung purba) , kakara
kana logam: parunggu, beusi .......
Tapi upami KAYAKINAN akang, manusa munggaran teh Adam, ah ..nya mangga da
eta mah kayakinan. Tapi punten ulah dicampur-adukkeun jeung elmu pangaweruh,
sabab engkena jadi lieur sorangan: Naha Adam teh rada dongko? Diraksukan
atawa taranjang Adam teh, da geuning salah sahiji turunanana Urang Papua teu
dibaraju malah kalahka disolobongan?
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/