enya , ngiring aub, kabeh data2 sanajan primer ogen teu bisa kawangun ku uin duka uin anu belet salaku arsitek duka memang data anu minim cing, kumaha denahna anu pasti??? bener lima ngajajar teh? uin panasaran pisan hayang ngarekonstruksi hanteu jiga piramid2, tinggal neruskeun dirapihkeun uin salaku arsitek anu neuleuman eta kadatuan can pernah manggih anu valid, en komplit memang di tilemkeun............... leungit jeung Sunda na. Tapi isuk jaganing geto, sugan bisa ngabuktikeun , uin dina kayakinan eta muga karuhun marengan lan Gusti nangtayungan. cag! Rampes! Rd. Ugra Sangsanga
________________________________ From: richadiana kartakusuma <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, January 7, 2009 8:48:32 AM Subject: Re: [kisunda] patarosan ndang NDUD nu kasep, cobi pilarian laporan ekspedisi Scipio,oge Suma Oriental dua buku ieu teh buhun kacida, tapi disusun abad ke 16 - 17 an ku kasaksian mata si penulisna, janten kalebet BERITA ASING anu PRIMARY, sumber yang terpercaya! tah dina buku eta teh dicarioskeun ruruntuk patilasan Kadaton Sri Bima Punta Narayana Madhura Suradhipati. Diantawisna disebatkeun terdiri dari tihang2 (tonggak) seu-eur pisan.... ciciren tilas wangunan panggung (kumaha bae wangunan saung = imah) SUNDA! dan dari sisa2nya itu nampak bahwa besar kemungkinan rumah tersebut panjang dan berjajar setara (sesuai sifat dan karaktere etnis/masyarakat Sunda > Egaliter) Mangga parios, pilari di Perpustakaan Nasional, Jl Salemba Raya > gigireun DepSOs. Tabe pun ingsun AMBU ________________________________ From: ua duq <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, January 6, 2009 4:28:29 PM Subject: Re: [kisunda] patarosan simkuring mah da ukur nyerengeh macaan majalah eta mah, ambu. hehe.... kuring nyebatkeun ieu majalah teh bane we, supados. supados urang (kalebet simkuring) terang yen karaton sunda teh seueur nu ningalina, kumaha we panitenna sewang-sewangan. nepi ka loba macemna.... tah kunaha bet bisa nepi ka dinya? alesan utamana mah, jigana, teu cara karaton di tempat sejen. karaton karajaan sunda pakuwuan pajajaran, teu aya pisan tapakna.... padahal eta karaton teh karek rugrug genep/tujuh abad katukang. asa can lami upama dibandingkeun jeung mohenjodaro mah :)) alah naha jadi ngawartosan rambut tuur (rambut? aya beja manusa mah teu buluan hehe) nya? punten ambu On Tue, Jan 6, 2009 at 4:01 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com> wrote: muhun tapi kahade eta mah wangunanana bet siga kawas2 Masjid Timur Tengah, hanteu sami sareng anu dicaritakeun dina Naskah2 yen istana Sunda teh dina prasasti Kawali disebatna KADATON oge sok wae nganggo unsur SURA > hiji deui wangunan kadatuan Sri Bima - Punta - Narayana - Madhura - Suradhipati eta teh aya lima wangunan anu utami, ngajajar siga benteng ..... margi PAKWAN teh tina pa - kuwu (=kubu = pertahanan)- an cobi diemut deui naha enya leres eta anu dina HANJUANG BODAS, Majalah Wedalan BOGOR teh kadatuan Pakwan Pajajaran ???????????? ? Tos wayahna urang kdah KRITIS, ulah nampi kitu wae margi aya ciri KHAS wangunan kadaton Sunda (aos Kabuyutan ti Galunggung) nyaeta saunggalah > saung = wangunan imah; galah = panjang janten logikana gurbrag kana IMAH PANJANG.... ciri khas NUSANTARA ti jaman tacan "bakekok" ..... kumaha bae istana2 anu aya di masyarakat Tradisional urang .... khususna Malayu Austronesia. ... nu di Kalimantan, si Sulawesi, di Pagarruyung (Sumatra) dllsb dll jrrd jstn...... Bahwa Urang Sunda mah meh tara ngaleupaskeun budaya karurun (anu wiwitan) oge tercermin tina wangunan2 suci (bangunan suci) muaeta sanes wangunan candi kawas India anu dikeukeupan ku JATENG JATIM, tapi tumetep ka KARUHUNna nu ASAL nyaeta continuitas budaya dari sejak tradisi budaya Megalitik... . nyaeta neraskeun bangunan TERAS BERUNDAk.... yang alami dan menyatu dengan alam lingkungan kebudayaannya. Cag ! Tabe pun ingsun AMBU WIRUMANANGGAY ________________________________ From: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Tuesday, January 6, 2009 3:43:14 PM Subject: Re: [kisunda] patarosan cobi pilarian majalah hanjuang bodas, medal di bogor. upama teu salah aya gambar karaton pajajaran di salasahiji beubeungeutan edisina. punten pasna mah hilap dai.. mun teu salah deui, eta gambar teh ngarupakeun wangwangan hiji tokoh gaib kasundaan... o enya eta karaton teh dinamian sri bima punta narayana madura suradipati. aya lima wangunan cenah. ceuk pa anis mah ngajajar ka tukang. bima panghareupna, suradipati pangtukangna. tapi aya oge nu ngomong nyagigir, ngajajar ngenca ngatuhu... sakitu pateuingan ti kuring.... :)) _,_._,___ -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
