bisa jadi? na bet kitu, mangajelema utawa menjelma teh ?
sanaos eta orang Eropa oge tapi berita anu dicaritakeun didinya hanteu ngarang

kitu wae, memang leres kampung =- lembur; pon kitu ku urang Baduy oge nyebat 
istana puun teh saung kokolot.... wangunanana teu benten sareng rahayat na ngan 
langkung agreng beee saeuntik...

Tah kadaton SUNDA ge kitu... enun...kaulaneun... punteun nya
imah panjang = saung panjang = numawi disebat SAUNGGALAH oge apan etah tos 
dijelaskeun > tihang2 teh notondenkeun tilas tonggak wangunan (abdi teu nyebat 
siga EROPAH), janten teu beda sareng imah panggung (krakterisatik tradisional 
SUNDA, kadieunakeun CINDEKEM kana taneuh soteh, da kapungkur mah hanteu kitu..!)

Ayeuna tingali wae istana2 anu aya keneh dikieuna siga istana pagaruyung 
(Sumatra), istana raja Luwu (Sulawesi) , istana Mulawarman (Kalimantan) sami 
wae imah panjang > manjang ka sisi ka gigir kenca katuhu.... ngajajar, ngan 
hateupna tetep bae JULANG NGAPAK..... rusiah kumaha2na istana (anu ku urang 
Sunda disebat ku istilah KDATUAN or KADATON) teh tersimpan sebagian besar dalam 
carita Pantun (mangga GUAR) > produk budaya asli Sunda = tradisi LISAN.

Perkawis ndang NDUD ? kasep henteuna ... nya kumaha abdi we eta mah da kasep 
sareng goreng mah relatip... tapi nu namina INDUNG kajeun teuing anakna bocokok 
borokokok oge.... tetap bae si INDUNG mah ningalina KASEP
pokona Ndang NDUD kasep.............kasepppppppppp....dan kasep
heuheuheu....

Cag ah
AMBU  


________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 7, 2009 1:05:26 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


punten ambu, bade protes, kantos pendak sareng ndud, asana teu lebet
ka kategori kasep.
tapi mung ukur kasep sabab jalu, nya satuju eta mah. heuheu

nu kairong ku si kuring surili galuh mah, nu jadi fokus bahasan,
diantarana tihang-tihang baradag bari seueur teh, dumasar alam pikiran
eropa-da ongkoh scipio atawa tome pires teh urang eropa. sigana
tihang-tihang eta dibanding-banding oge sareng kolom model yunani
atawa romawi nu jadi akar budaya wangunan eropa. tihang-tihang cara
parthenon di athena.  ngan sigana ari di yunani romawi mah tina
marmer, di dayo mah make sigana make kai. tihang memang bagian utama
wangunan, sabab struktur utama, utamana nu nanggeuy suhunan.

ningali kaayaan geografi oge budaya bumen-bumen sunda antik cara
baduy, memang model karaton di urang teu siga di yunani atawa model
kastil di eropa. ongkoh karajaan baheula teu siga karajaan inggris
ayeuna. bisa jadi ngan mangrupa kampung atawa desa siga ayeuna.

On 1/7/09, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com> wrote:
> ndang NDUD nu kasep,
> cobi pilarian laporan ekspedisi Scipio,oge Suma Oriental
> dua buku ieu teh buhun kacida, tapi disusun abad ke 16 - 17 an ku kasaksian
> mata si penulisna, janten kalebet BERITA ASING anu PRIMARY, sumber yang
> terpercaya! tah dina buku  eta teh dicarioskeun ruruntuk patilasan Kadaton
> Sri Bima Punta Narayana Madhura Suradhipati. Diantawisna disebatkeun terdiri
> dari tihang2 (tonggak) seu-eur pisan.... ciciren tilas wangunan panggung
> (kumaha bae wangunan saung = imah) SUNDA! dan dari sisa2nya itu nampak bahwa
> besar kemungkinan rumah tersebut panjang dan berjajar  setara (sesuai sifat
> dan karaktere etnis/masyarakat Sunda > Egaliter)
>
> Mangga parios, pilari di Perpustakaan Nasional, Jl Salemba Raya > gigireun
> DepSOs.
>
> Tabe pun ingsun
> AMBU
>
>
>
>
>
>
> _____
    


      

Kirim email ke