Ngiringan ngawaler dinu hal sajarah sunda nu dipareuman obor ku pangaruh urang wetan jeung deungeun2 nu nerap di urang sunda nyatana. Raja2 sunda jiga teu ninggalkeun faka2 sajarah dina wujud gedong atawa istana atawa kabuyutan nu bisa ditingali sacara tilu dimensi dina ukuran wangunan ku generasi urang sunda nu anyar. Sa enyana sajarah sunda teu pareum obor ku teu ayana jugrugna wujud kabuyutan kedaton dayeuh nu ngajajar. Anu hirup sajarah mah urang ayeuna nu keur ngahiji neanangan fakta karuhun "da aya" moal leungit di hakan jaman . Hiji conto hurup sunda eta wujud fakta sajarah yen sajarah sunda "aya"; budaya sunda ti mimiti pantun2 nepi astronomi, panaggalan sunda, wayang, degung, kujang, falsafah "tri tangtu", penca + kendang bapa ibu anak goong suling jeung nu liana eta hararirup titingal karuhun sunda moal bisa di pareuman ku bangsa deungeun eta kabeh bukti sajarah nu nempel ayeuna dina wujud seni jeung budaya sunda.
Tos umum dina sajarah sa dunya hiji 'pangaruh kakuasaan nu pangkuatna hiji wujug ngahiji suku bangsa conta "vicking" nu hirupna peperangan wae , ngawujud nagara inggris ayeuna. Pangkuatna ngadeg istana/keraton, nu eleh hiji bangsa ku bangsa lian du duruk di bumi hanguskeun wujud fisik wangunanana. Ieu teh jiga lingkaran setan. Hiji conto lamun di Arab pas islam jadi agama umum teu meunang nyembah patung2 jeung kudu di duruk, conto nyata patung panggedena wujud raksasa buda di Afganistan kudu di hancurkeun ku alkida. Di India oge kitu raja pangkuatna ngawujud istana , nu eleh ceunah aya nu ingkah ka tanah sunda, tafiran kuring pas abad hiji jeung dua masehi jaman na nagara / kerajann Salaka Nagara nepi ka kerajaan Purnawarman. Lumpat ka sajarah sunda dina diterangkeun di luhur nu eleh kudu ingkah, tapi tetep aya tatapakanana, jaman kiwari gedong world trade centre di New York City tempat kuring cicing , tatapakanana moal leungit da kabeh data wangunan aya di konsultan arsitek aya.. Kitu oge di komputer kabeh data nu di tulis ku sagala manusa goreng alus moal bisa di delete / dihancurkeun kabeh bisa diteangan deui, Kitu sajarah raja2 sunda kasohor dina taktik perang can ka elehkeun kabukti ayana penca ayeuna, eta titinggal karuhun sunda nu tos manca nagara.dina jaman karajaan sok di tulis dina pantun2 jeung prasasti ka sebut "ulin atawa ameng / maen" kaulinan kaamengan urang sunda, conto gerak gulung wujud taktina, cimande, cikalong eta kabeh titinggal karuhun kerajaan sunda baretomah aya padepokanana dilingkungan istana raja2 sunda keur bela nagara. Raja sunda teu eleh ku wetan / jawa jeung deungeun /walanda, sunda elehna ku sunda deui nu ka pangaruh budaya wetan jeung deungeun (percaya deh sama saya). Eta oge bari jeung di rempug kunu sunda nu ngahiji eung wetan2 oge jeung deungeun2. Kabayang lamun urang sunda ngahiji sadunya jiga urang Korea EDAN pasti maju pisan da palalinter leuwih ngingu sain euteuk2 sunda tibatan mistis jeung zizikiran. Ieu mah jelas pisan hiji raja nu kasohor model Prabu Sinliwangi jeung para prajuritna jeung menteri 2na ninggalkeun istana ka leuweung2, istanana nu dibumi hanguskeun ku sunda deui nu kapangaruhan budaya wetan oge deungeun, tapi tetep moal leungit tangtos aya tatapkanana. Dina mitos mah PS nyabda kabeh urang sunda nu sa alam jeung raja2 sunda nu lokal /bopati2, atawa ratu rama resi jeung rahayatna oge istanana disirep ngaleungit, kabeh jadi leuweung jiga gunung sunda nu pangluhurNA sadunya, tah ieu ISTANA RAJA SUNDA NEPI KA PUCUKNA. Hiji raja nu kacida bijaksana tibatan perang saudara ngocorkeun getih sa karuhun mending ngelehan lain hartina eleh lain eleh lain eleh lain eleh sunda masih aya di jero hate2 urang sunda enya oge tos di bungkus ku budaya deungeun, buktina nyarios sunda bukti ayana hurup sunda. Hiji deui dina taktik perang raja sunda paling wijaksana lamun nawan prajurit perang ti musuh tara di PAEHAN, dipiara jadi batur jadi hade di asah-asih-asuh. Ieu dina taktik penca NGABELA TAPI TEU MAEHAN LAWAN, KUDU NYALAMETKEUN MUSUH. Taknik perang ieu di pake kiwari di jaman modern perang nu dipake ku nagara2 adidaya jeung beradab niron ka PS, nu dijadikeun kode etik perang dina hukum perang di Wina. sakitu heula wae ah cape euy can bobo yeuh. Kang Yana ________________________________ jeungkaFrom: richadiana kartakusuma <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, January 6, 2009 9:08:03 PM Subject: Re: [kisunda] patarosan hih bengal deui bae nya Pajajaran teh hartosna lahan/ tempat/ sesuatu nu ngajajar (awalan [pa] didieu teh nunjuk kana padumukan anu matuh). Ari pakuan sateresna spelling kiwari tapi kecap anu sajati mah pakwan. Pakwan teh -> pa- kuwu-an > tina kuwu = kubu (hukum [p] dan [b] - [w])... kiteuh! nyaeta tempat pertahanan Pakwan Pajajaran teh tempat/lahan pertahanan anu ngajajar > eta ayana diantara Bogor - Sukabumi (harita mah kalebet sawewengkon kekuasaan; Bogor mah kaayeunakeun > batas geografis ayeuna) Janten teu kdah di-beda2keun yen di Bogor kieu - di Sukabumi kitu (ka lieur2 sorangan dang Kimun mah, dasar Bodor!) nu Jelas Pakwan Pajajaran teh diwangun ti mangsa Tohaan di Sunda (Tarusbawa)! satadina mung Pakwan hungkul, ditambihan Pakwan Pajajaran teh saatos Sri Baduga Maharaja Sri Sang Ratudewata Ratu Haji di Pakwan Pajajaran (periksa prasasti Kebantenan sareng Prasasti Batutulis ! awas mun henteu... dikabiri weh). Amargi Sri Baduga *anu nami lajangna Raden Manah Rarasa* (Karuhun Sunda anu pang-KASEP2na)teh nampi waris 2 kadatuan nyaeta Galuh ti ramana (Prabu Anggalarang alias Ningratkancana) sareng Sunda (ti paman-na sekaligus mertuana > nyaeta Sang Susuktunggal) . Mung anjeuna milih calik di kadaton Sunda ... kiteuh! Janten Pakwan Pajajaran (kubu/pertahanan anu ngaajar teh) dimaksudkan sebagai penguasaan atas dua pusat karajaan (ngahijina SUNDA-GALUH ke dalam satu PANJI KEKUASAAN) sanes mung ukur istana anu ngajajar, juragan! Aos geura Prasasti Kebantenan sareng Prasasti Batutulis... . sugan weureu heheuheu.... .......mangga apalkeun tur tenget ka KARUHUN salira heula ! bet harianeun dang Kimun mah ari ka Karuhun sorangan bet teu apal.... CAG Tabe pun ingsun AMBU ________________________________ From: Halimun An <halimun...@yahoo. com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Tuesday, January 6, 2009 11:03:11 AM Subject: Re: [kisunda] patarosan di bogor mah pakuan pajajaran, sanes pajajaran --- On Mon, 5/1/09, nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id> wrote: From: nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id> Subject: [kisunda] patarosan To: kisu...@yahoogroups .com Received: Monday, 5 January, 2009, 2:19 PM sampurasun.. . bde narosumpami karaton karajaan pajajaran nu di bogor th kumaha rupina?ah... ngring, tumaros,,,nepangken abdi ti bandung... ________________________________ Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.
