ndang NDUD nu kasep,
cobi pilarian laporan ekspedisi Scipio,oge Suma Oriental
dua buku ieu teh buhun kacida, tapi disusun abad ke 16 - 17 an ku kasaksian 
mata si penulisna, janten kalebet BERITA ASING anu PRIMARY, sumber yang 
terpercaya! tah dina buku  eta teh dicarioskeun ruruntuk patilasan Kadaton Sri 
Bima Punta Narayana Madhura Suradhipati. Diantawisna disebatkeun terdiri dari 
tihang2 (tonggak) seu-eur pisan.... ciciren tilas wangunan panggung (kumaha bae 
wangunan saung = imah) SUNDA! dan dari sisa2nya itu nampak bahwa besar 
kemungkinan rumah tersebut panjang dan berjajar  setara (sesuai sifat dan 
karaktere etnis/masyarakat Sunda > Egaliter) 

Mangga parios, pilari di Perpustakaan Nasional, Jl Salemba Raya > gigireun 
DepSOs.

Tabe pun ingsun
AMBU   






________________________________
From: ua duq <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 6, 2009 4:28:29 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


simkuring mah da ukur nyerengeh macaan majalah eta mah, ambu. hehe.... kuring 
nyebatkeun ieu majalah teh bane we, supados. supados urang (kalebet simkuring) 
terang yen karaton sunda teh seueur nu ningalina, kumaha we panitenna 
sewang-sewangan. nepi ka loba macemna.... tah kunaha bet bisa nepi ka dinya? 
alesan utamana mah, jigana, teu cara karaton di tempat sejen. karaton karajaan 
sunda pakuwuan pajajaran, teu aya pisan tapakna.... padahal eta karaton teh 
karek rugrug genep/tujuh abad katukang. asa can lami upama dibandingkeun jeung 
mohenjodaro mah :))

alah naha jadi ngawartosan rambut tuur (rambut? aya beja manusa mah teu buluan 
hehe) nya? punten ambu


On Tue, Jan 6, 2009 at 4:01 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu 
m...@yahoo. com> wrote:

muhun tapi kahade eta mah wangunanana bet siga kawas2 Masjid Timur Tengah, 
hanteu sami sareng anu dicaritakeun dina Naskah2

yen istana Sunda teh dina prasasti Kawali disebatna KADATON
oge sok wae nganggo unsur SURA > hiji deui wangunan kadatuan 
Sri Bima - Punta - Narayana - Madhura - Suradhipati
eta teh aya lima wangunan anu utami, ngajajar siga benteng ..... 
margi PAKWAN teh tina pa - kuwu (=kubu = pertahanan)- an

cobi diemut deui naha enya leres eta anu dina HANJUANG BODAS, Majalah Wedalan 
BOGOR teh kadatuan Pakwan Pajajaran ???????????? ?

Tos wayahna urang kdah KRITIS, ulah nampi kitu wae
margi aya ciri KHAS wangunan kadaton Sunda (aos Kabuyutan ti Galunggung) nyaeta 
saunggalah > saung = wangunan imah; galah = panjang 
janten logikana gurbrag kana IMAH PANJANG.... 
ciri khas NUSANTARA ti jaman tacan "bakekok" ..... 
kumaha bae istana2 anu aya di masyarakat Tradisional urang .... 
khususna Malayu Austronesia. ... nu di Kalimantan, si Sulawesi, di Pagarruyung 
(Sumatra) dllsb dll jrrd jstn......

Bahwa Urang Sunda mah meh tara ngaleupaskeun budaya karurun (anu wiwitan) oge 
tercermin tina wangunan2 suci (bangunan suci) muaeta sanes wangunan candi kawas 
India anu dikeukeupan ku JATENG JATIM, tapi tumetep ka KARUHUNna nu ASAL nyaeta 
continuitas budaya dari sejak tradisi budaya Megalitik... . nyaeta neraskeun 
bangunan TERAS BERUNDAk.... yang alami dan menyatu dengan alam lingkungan 
kebudayaannya.

Cag ! 

Tabe pun ingsun
AMBU WIRUMANANGGAY 
 


________________________________
From: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tuesday, January 6, 2009 3:43:14 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan



cobi pilarian majalah hanjuang bodas, medal di bogor. upama teu salah aya 
gambar karaton pajajaran di salasahiji beubeungeutan edisina. punten pasna mah 
hilap dai.. mun teu salah deui, eta gambar teh ngarupakeun wangwangan hiji 
tokoh gaib kasundaan...

o enya eta karaton teh dinamian sri bima punta narayana madura suradipati. aya 
lima wangunan cenah. ceuk pa anis mah ngajajar ka tukang. bima panghareupna, 
suradipati pangtukangna. tapi aya oge nu ngomong nyagigir, ngajajar ngenca 
ngatuhu...

sakitu pateuingan ti kuring....

:))

_,_._,___ 


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
    


      

Kirim email ke