> Halimun An <halimun...@...> wrote:
> cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah
> janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget
> hehehehe), sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul...
Nambahan sakedik, sanes bade ngajak pasea, ngan tetep kuring TEU BISA NARIMA
lamun nu sok macaan teori evolusi atawa elmu pangaweruh sejenna disebut
KABARAT-BARATAN.
Salah sahiji aplikasi teori evolusi teh, salian ti elmu lingkungan, oge dina
klasifikasi sato jeung tutuwuhan ( Fauna jeung flora). Dina elmu biologi
disebut TAKSONOMI. Contona Gajah, dina wikipedia inggris didinya aya
Taksonomina jeung kira-kira evolusina. Cenah Gajah jeung Sapi laut
sakaruhun(sapi laut = ikan duyung). Gajah ayeuna jeung mammoths,
stegodons, deinotheria (tiluanana geus tumpur), sagenus tapi beda species.
Lamun sagenus hartina sakaruhun, tapi lain hartina gajah ayeuna hasil
evolusi ti mammoth ....
Taksonomi oge penting keur urang (Islam). Sabab aya sato nu diharamkeun dina
Al Qur'an, nyaeta Al Khinzir. AL KHINZIR diterjemahkeun ka basa di urang
jadi BABI. Tapi ieu lain basa ilmiah, sabab dina tempoan ilmiah, babi teh
loba speciesna, aya babi piaraan, aya bagong (bagong sulawesi, bagong jawa,
bagong pilipina ...jrrd). Sagala babi ieu dikolompokeun kana Genus SUS. Tah
nu dimaksud AL KHINZIR dina Al Qur'an teh GENUS atawa SPECIES. Lamus GENUS,
hartina sagala rupa babi nu asup kana Genus SUS, haram, tapi upama Al
Khinzir teh species babi, hartina ngan sajenis babi nu diharamkeun.
Masalahna babi nu mana?
Aya deui sato nu siga babi, tapi teu asup ka Genus SUS sabab aya beda nu
jauh. Contona babirusa di Sulawesi atawa wart-hog di Afrika. Babirusa,
warthog jeung babi (Genus Sus) dikolompokkeun dina FAMILI SUSDAE. Mucunghul
deui pananya, naha nu dimaksud dina Al Khinzir teh sagala sato nu asup
Famili Susdae? Lamun dijawab enya, aya deui masalah, sabab di Amerika aya
deui sato nu ngaharib-harib babi, disebutna PECARI. "Bagong Amerika" ieu
diklasifikasikeun teu sa"Famili" jeung babi, babirusa, warthog, tapi boga
grup famili sorangan.
Kuring geus ngiluan diksusi soal ieu disababaraha millis, tapi kabeh teu
bisa ngajawab pasti, naon nu dimaksud Al Khinzir dina Al Qur'an teh:
Species, Genus atawa Famili? Nu jelas lain ORDO sabab dina taksonomi, babi
teh SAORDO jeung onta, para sato mamalia nu kuku sukuna "genap" (even-toed
ungulates).
Cag ah, wilujeng lieur kang Imun!
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/