leres. evolusi mah, universal, hanteu wetan hanteu kulon



________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, January 9, 2009 2:51:15 PM
Subject: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih

> Halimun An <halimun...@...> wrote:
> cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah
> janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget
> hehehehe), sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul...

Nambahan sakedik, sanes bade ngajak pasea, ngan tetep kuring TEU BISA NARIMA 
lamun nu sok macaan teori evolusi atawa elmu pangaweruh sejenna disebut 
KABARAT-BARATAN.

Salah sahiji aplikasi teori evolusi teh, salian ti elmu lingkungan, oge dina 
klasifikasi sato jeung tutuwuhan ( Fauna jeung flora). Dina elmu biologi 
disebut TAKSONOMI. Contona Gajah, dina wikipedia inggris didinya aya 
Taksonomina jeung kira-kira evolusina. Cenah Gajah jeung Sapi laut 
sakaruhun(sapi laut =  ikan duyung). Gajah ayeuna jeung  mammoths, 
stegodons, deinotheria (tiluanana geus tumpur), sagenus tapi beda species. 
Lamun sagenus hartina sakaruhun, tapi lain hartina gajah ayeuna hasil 
evolusi ti mammoth ....

Taksonomi oge penting keur urang (Islam). Sabab aya sato nu diharamkeun dina 
Al Qur'an, nyaeta Al Khinzir. AL KHINZIR diterjemahkeun ka basa di urang 
jadi BABI. Tapi ieu lain basa ilmiah, sabab dina tempoan ilmiah, babi teh 
loba speciesna, aya babi piaraan, aya bagong (bagong sulawesi, bagong jawa, 
bagong pilipina ...jrrd). Sagala babi ieu dikolompokeun kana Genus SUS. Tah 
nu dimaksud AL KHINZIR dina Al Qur'an teh GENUS atawa SPECIES. Lamus GENUS, 
hartina sagala rupa babi nu asup kana Genus SUS, haram, tapi upama Al 
Khinzir teh species babi, hartina ngan sajenis babi nu diharamkeun. 
Masalahna babi nu mana?

Aya deui sato nu siga babi, tapi teu asup ka Genus SUS sabab aya beda nu 
jauh. Contona babirusa di Sulawesi atawa wart-hog di Afrika. Babirusa, 
warthog jeung babi (Genus Sus) dikolompokkeun dina FAMILI SUSDAE. Mucunghul 
deui pananya, naha nu dimaksud dina Al Khinzir teh sagala sato nu asup 
Famili Susdae? Lamun dijawab enya, aya deui masalah, sabab di Amerika aya 
deui sato nu ngaharib-harib babi, disebutna PECARI. "Bagong Amerika" ieu 
diklasifikasikeun teu sa"Famili" jeung babi, babirusa, warthog,  tapi boga 
grup famili sorangan.

Kuring geus ngiluan diksusi soal ieu disababaraha millis, tapi kabeh teu 
bisa ngajawab pasti, naon nu dimaksud Al Khinzir dina Al Qur'an teh: 
Species, Genus atawa Famili? Nu jelas lain ORDO sabab dina taksonomi,  babi 
teh SAORDO jeung onta, para sato mamalia nu kuku sukuna "genap" (even-toed 
ungulates).

Cag ah, wilujeng lieur kang Imun!

Baktos,
WALUYA





------------------------------------

Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke