malah aya nu ngahartikeun, khinzir teh ukur daging babi heuheu jadi mun aya emih nu ukur make minyak babi: halal alias meunang didahar :))
On Fri, Jan 9, 2009 at 2:51 PM, Waluya <[email protected]> wrote: > > Halimun An <halimun...@...> wrote: > > cep mamoth oge tos pupus, digentos cep gajah > > janten teori karuhun urang tina monyet teh lemah pisan (sakainget > > hehehehe), sanes alim disebut monyet. pedah sami2 primata wungkul... > > Nambahan sakedik, sanes bade ngajak pasea, ngan tetep kuring TEU BISA > NARIMA > lamun nu sok macaan teori evolusi atawa elmu pangaweruh sejenna disebut > KABARAT-BARATAN. > > Salah sahiji aplikasi teori evolusi teh, salian ti elmu lingkungan, oge > dina > klasifikasi sato jeung tutuwuhan ( Fauna jeung flora). Dina elmu biologi > disebut TAKSONOMI. Contona Gajah, dina wikipedia inggris didinya aya > Taksonomina jeung kira-kira evolusina. Cenah Gajah jeung Sapi laut > sakaruhun(sapi laut = ikan duyung). Gajah ayeuna jeung mammoths, > stegodons, deinotheria (tiluanana geus tumpur), sagenus tapi beda species. > Lamun sagenus hartina sakaruhun, tapi lain hartina gajah ayeuna hasil > evolusi ti mammoth .... > > Taksonomi oge penting keur urang (Islam). Sabab aya sato nu diharamkeun > dina > Al Qur'an, nyaeta Al Khinzir. AL KHINZIR diterjemahkeun ka basa di urang > jadi BABI. Tapi ieu lain basa ilmiah, sabab dina tempoan ilmiah, babi teh > loba speciesna, aya babi piaraan, aya bagong (bagong sulawesi, bagong jawa, > > bagong pilipina ...jrrd). Sagala babi ieu dikolompokeun kana Genus SUS. Tah > > nu dimaksud AL KHINZIR dina Al Qur'an teh GENUS atawa SPECIES. Lamus GENUS, > > hartina sagala rupa babi nu asup kana Genus SUS, haram, tapi upama Al > Khinzir teh species babi, hartina ngan sajenis babi nu diharamkeun. > Masalahna babi nu mana? > > Aya deui sato nu siga babi, tapi teu asup ka Genus SUS sabab aya beda nu > jauh. Contona babirusa di Sulawesi atawa wart-hog di Afrika. Babirusa, > warthog jeung babi (Genus Sus) dikolompokkeun dina FAMILI SUSDAE. Mucunghul > > deui pananya, naha nu dimaksud dina Al Khinzir teh sagala sato nu asup > Famili Susdae? Lamun dijawab enya, aya deui masalah, sabab di Amerika aya > deui sato nu ngaharib-harib babi, disebutna PECARI. "Bagong Amerika" ieu > diklasifikasikeun teu sa"Famili" jeung babi, babirusa, warthog, tapi boga > grup famili sorangan. > > Kuring geus ngiluan diksusi soal ieu disababaraha millis, tapi kabeh teu > bisa ngajawab pasti, naon nu dimaksud Al Khinzir dina Al Qur'an teh: > Species, Genus atawa Famili? Nu jelas lain ORDO sabab dina taksonomi, babi > teh SAORDO jeung onta, para sato mamalia nu kuku sukuna "genap" (even-toed > ungulates). > > Cag ah, wilujeng lieur kang Imun! > > Baktos, > WALUYA > ._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
