> "ua duq" <dudi.herlia...@...> wrote:
> malah aya nu ngahartikeun, khinzir teh ukur daging babi heuheu 
> jadi mun aya emih nu ukur make minyak babi: halal alias meunang 
> didahar :))

Hehehehe ...eta mah alesan nu beuki emih make minyak babi, Kang Dud. 
Ari kuring mah kungsi maca di hiji millis (duka heureuy, duka 
serieus), cenah nu haram teh babi ari bagong mah henteu, dasar .....

Tapi lamun dipikir-pikir deui, ieu masalahna perkara basa (bahasa) 
nu dipake di hiji lingkungan. Cenah dina Basa Arab aya puluhan kecap 
keur sato Onta atawa Korma nu nunjukkeun kumaha Onta jeung korma 
penting pisan keur kahirupan urang Arab. Hal nu sarua dina Basa 
Sunda kumaha pentingna pare tepi ka kecap nu nunjuk kana hakaneun 
poko ieu loba pisan. Tangkalna pare, sikina bangsal (=gabah), geus 
dibersihkan tina kulitna jadi beas. Tapi lamun geus diasakan robah 
jadi sangu, leupeut, lontong. Padahal dina Basa Inggris mah pan 
cukup we sakecap, "rice".

Sato nu deukeut jeung kahirupan urang Sunda oge henteu cukup 
sakecap. Aya Hayam, aya pitik (anak Hayam) jeung cangehgar (hayam 
leuweung). Umpama di urang sunda aya larangan kieu: " Teu meunang 
ngadahar pitik". Tangtuna oge nu teu meunang didahar teh anak hayam, 
lain hayam nu geus gede. Tapi aya kecap nu beda tapi nunjuk ka sato 
nu sarua: Kebo jeung munding, sapi jeung lembu .......

Balik deui ka perkara kecap Al Khinzir. Nu jadi patarosan teh naha 
dina Basa Arab aya kecap-kecap sejen nu nunjukkeun sato Babi. 
Contona lamun anak Babi disebut naon, atawa aya kecap sejen keur 
bagong (babi leuweung). (Dina Basa Inggris Babi bisa pig, boar, hog 
atawa swine). Tah lamun dina Basa Arab ngan aya sakecap, Al Khinzir 
wungkul, ieu hartina Urang Arab sabenerna "teu deukeut" jeung sato 
nu aranna babi.

Dina Wikipedia, aya peta nu nunjukkeun dimana wae habibat babi di 
Dunya. Singhoreng Tanah Arab mah lain habibat babi. Babi teu bisa 
hirup di sagara keusik siga di Arab, sabab sato ieu perlu cai loba 
(resep guyang). Jadi? Kamungkinan gede urang Arab samemeh Islam 
lahir, ukur nyaho aranna wungkul ari jungkiringna babi  mah teu 
nyaho. Lir Ibarat urang Sunda jaman baheula, nyaho aya sato aranna  
singa, tapi teu nyaho singa teh siga kumaha, da puguh teu aya Singa 
di Pulo Jawa.

Babi dilarang didahar sigana nuluykeun larangan ti agama-agama 
samawi samemehna. Larangan ieu teu jadi masalah da puguh teu aya 
babi nu hirup di tanah Arab, boh bagong atawa babi piaraan. Lain 
deui lamun larangan ieu di Cina atawa di Eropa (oge di urang). Ieu 
bisa jadi masalah gede sabab babi kaasup sato piaraan penting keur 
masyarakat dinya. Di Indonesia oge, aya etnik-etnik nu hobby pisan 
miara babi, komo di masyarakat terasing mah:  Nu disebut beunghar 
teh diukur ku lobana babi kaboga manehna. Tanggtu bakal hese pisan 
nyebarkeun agama Islam ka masyrakat model kieu mah .....

Geus  ah ngacaprukna, tapi ieu contona lamun akal "dipabaliutkeun" 
jeung kayakinan ...hahahahaha


Baktos,
WALUYA








 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke