wa'alaikum salam
uing ngaku jiga nu teu puguh pijakan.
Kusabab mun dibejakeun oge pijakana kalah tambah ngalilieur batur.
Uing teu ngan ukur sugesti, dikira2 jsb, uing oge mang taun2 nengetkeun carita 
siliwangi ieu... henteu na milist, seuseurna tina carita2 rakyat.
Nepi ka uing nyekel kasimpulan yen siliwangi islam.
Tapi uing teu keukeuh yen kasimpulan uing kudu ditarima ku batur,
bade percanten mangga, bade henteu oge teu nanaon.
Ngan anehna, nu benten pendapat sareng uing bet keukeuh maksa uing
kudu sami pendapatna sareng aranjeuna.. teu adil.

uing sunda, salira sadaya sunda. 
sanes salira sadaya wungkul nu hoyong terang kana soal siliwangi ieu...
bade disebat sakainget, opini diatas opini nya teu langkung,
uing ge bisa malikeun "kawas nu milu nyaksian wae jaman harita".
kitu tah

nuhun kang edy, geuning aya keneh nu mikir tiis 

--- On Thu, 22/1/09, Eddy Nugraha <[email protected]> wrote:

From: Eddy Nugraha <[email protected]>
Subject: [kisunda] Kang Halimun VS  sabagian 'kawargian' kisunda
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 9:22 AM










    
            

Assalalmualikum

punten ngiring aub deui,....



Dina sabaraha hal kuring teu pati akur jeung kabiasaan Kang Halimun nu sok 
resep 'asal' masihan komentar, bari kirang 'gentle' dina teu tiasa masihan 
waleran (muter teu puguh pijakan) kana reaksi kawargian nu gaduh pendapat 
benten.  Namung ngeunaan  'siliwangi' dihandap kuring satuju sareng pamendakna, 
bari ningal sabagian kawargian oge 'keukeuh' teuing dina pamendak nyalira nu 
dasar  argumen na ge teu jelas (ceu kuring relatif).



Diantawisna:



1.Naon dasar na nu jadi payakinan sabagian kawargian yen Siliwangi teu aya nu 
Islam?



> nu jadi masalah, kunaon bet seueur nu keukeuh yen siliwangi sanes islam ?

> buktosna naon juragan ? ku logika we pami memang teu aya peninggalan

> asli kaluaran siliwangi mah.

> terus masalahna naon lamun hiji mangsa kabuktian yen siliwangi teh di 
> panungtungan

> hirupna lebet islam ?

> uing mah teu aya masalah nanaon, pami hiji mangsa aya bukti yen siliwangi 
> sanes islam...



2. Definisi nu dianggo can sami,  Siliwangi nu mana nu diributkeun islam 
henteuna?



Numutkeun Ambu  Siliwangi the dingawitan



Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di 
Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES. 
Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku 
analisis Filologis Prpf.DR.. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor 
EPIGRAFI INDONESIA

Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi  (alih aksara) 
sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan: 
titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968



Dina terjemahan Pa Aca ngeunaan siksakanda (tingal oge dina ensiklopedi sunda) 
carita ngeunaan Siliwangi tos aya tebih samemeh kajantenan Bubat. Kukituna teu 
lepat lamun dina pantun didongengkeun ramana Sang Manarah putu Sang Sempak Waja 
oge disebat Siliwangi.



Lamun kareresa masihan lolongkrang kana pendekatan sanes ngeunaan siliwangi. 
sanes tina realm epigrafi wae, sapertos pendekatan etnography,  tiasa janten 
dongeng siliwangi islam henteuna  langkung berwarna.



Husus ngeunaan siliwangi jaya dewata Islam (bari kedah dipagodoskeun definisi 
islam nu mana nu bade dianggo) kumaha upami kuring gaduh bukti sanes, tapi 
nganggo pendekatan etnography aya nu kersa 'nguji'  janten partisipan 
observer???  Aya nu mendakan 'buktos' sanes ti gunung sunda sareng ti suku 
gunung salak.



3.Definisi Islam nu mana nu diaranggo dina ieu obrolan?...dumasar kana definisi 
agama, asal kecap, atanapi pemahaman kaum tasauf? 



Oge ngeunaan sunda wiwitan atawa asli sunda timana sareng naon referensina bet 
aya nu  ngangken / ngaraos ngawakilan masihan label  sunda wiwitan/ asli sunda 
dina obrolan kisunda,  nu nga'nilai'sadaya pamendak ngeunaan kayakinan sunda 
????



kumaha lamun aya -misalna wae - nu nyekel sareat muhammad tapi diajar ajaran 
Rahyang Wastukancana, ajaran kasiliwangian Sri Baduga, jeung ka islaman ti 
susuhunan agung kean santang... naha bade dianggap lain sunda nu sanes 
ngawakilan sunda dina obrolan di kisunda ??? 



4. Mana ulikan asli sunda  nu enya beda tina ulikan Islam Muhammad ??? Lamun 
memang aya disunda nu sarua jeung ti islam Muhammad? Saha nu nuturkeun saha??

---

Perkara aden gaduh kayakinan Siliwangi teh islam sajati kusabab meureunan 
ningali aya nu samodel tina ajaranana, teu nanaon, ngan bisa jadi aya urang 
Arab nu ngumbara kadieu jeung diajar kasundaan terus disebarkeun di ditu.. 
Atawa meureunan Muhammad na pisan urang sunda, matak teu bisaeun maca tulisan 
arab oge. Jeung adat kalawan rupana oge rada beda ti Urang Arab umumna, kasep, 
handap asor, jeung tara linyok bohong. Pan ieu mah kanyataan urang sunda 
sapopoe atuh, sapertos conto-conto sanesna anu jadi kabiasaan di Sunda tapi 
jadi ajaran di ditu:



-

- Mere maweh: da puguh paredit pisan urang ditu mah, kaayeunakeun oge loba TKW 
teu di bayar gajihna

- Getol beberesih (sibeungeut jeung mandi): mandi ge kudu di titah da puguh 
hese cai tea

- Sumembah ka pangeran : da aslina mah nyarembah patung, dugi ka Kabah ge pinuh 
dijeun tempat nyimpenan patung2

- Handap asor ka sasama: da si eta mah meni asa pang dipikanyaahna ku Pangeran, 
jadi adigung adiguna

- Diajar ngarasakeun lapar: da tukang barangdahar wungkul , teu awewe teu 
lalaki awakna bareukah

- Ngahargaan ka awewe: di ditue mah awewe teh jadi kelas dua, malahan aya nu 
diparaehan ti orokna keneh 

- jrrd



Aya nu sarua pamundut Prabu Siliwangi sareng Nabi Muhammad, nyaeta duanana teu 
meunang digambarkeun/ dilukis, duka naon kasang tukangna mah.



= = = 



Ieu conto 'etnocentris' nu janten ngaburkeun 'objektifitas' kayakinan/elmu.

siga urang sunda  nyebut kasar ka batak sabab ngadenge sorana di bandung tapi 
can pernah  lila jeung urang batak nu gaduh gerak/ucap nu lemes. Atawa nyebut 
urang inggris teu gaduh tatakrama dina basa siga di sunda. Padahal english 
leubeut ku euphemism.  



Etnocentris tiasa ngabiaskeun  padungdengan ngeunaan obyektifitas nu pasti 
subyektif.



ku nyerat kieu kuring ngaduga bakal seur nu ngarentog,.. .ku kituna samentawis 
mangga sun sim abdi bade ngiring ngundangan.. ..



Baktosna,

Eddy Nugraha




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke