Genah pisan disebat Etnocentris Sunda, pasna mah disebat "FUNDAMENTALIST SUNDA" atawa aliran garis keras Sunda. Ceuk begini ceuk begitu pokona "Sunda kudu unggul".
At 05:22 PM 1/22/2009, Eddy Nugraha wrote:
Assalalmualikum punten ngiring aub deui,....Dina sabaraha hal kuring teu pati akur jeung kabiasaan Kang Halimun nu sok resep 'asal' masihan komentar, bari kirang 'gentle' dina teu tiasa masihan waleran (muter teu puguh pijakan) kana reaksi kawargian nu gaduh pendapat benten. Namung ngeunaan 'siliwangi' dihandap kuring satuju sareng pamendakna, bari ningal sabagian kawargian oge 'keukeuh' teuing dina pamendak nyalira nu dasar argumen na ge teu jelas (ceu kuring relatif).Diantawisna:1.Naon dasar na nu jadi payakinan sabagian kawargian yen Siliwangi teu aya nu Islam?> nu jadi masalah, kunaon bet seueur nu keukeuh yen siliwangi sanes islam ? > buktosna naon juragan ? ku logika we pami memang teu aya peninggalan > asli kaluaran siliwangi mah.> terus masalahna naon lamun hiji mangsa kabuktian yen siliwangi teh di panungtungan> hirupna lebet islam ?> uing mah teu aya masalah nanaon, pami hiji mangsa aya bukti yen siliwangi sanes islam...2. Definisi nu dianggo can sami, Siliwangi nu mana nu diributkeun islam henteuna?Numutkeun Ambu Siliwangi the dingawitanPrabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES. Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku analisis Filologis Prpf.DR.. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor EPIGRAFI INDONESIA Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi (alih aksara) sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan: titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968Dina terjemahan Pa Aca ngeunaan siksakanda (tingal oge dina ensiklopedi sunda) carita ngeunaan Siliwangi tos aya tebih samemeh kajantenan Bubat. Kukituna teu lepat lamun dina pantun didongengkeun ramana Sang Manarah putu Sang Sempak Waja oge disebat Siliwangi.Lamun kareresa masihan lolongkrang kana pendekatan sanes ngeunaan siliwangi. sanes tina realm epigrafi wae, sapertos pendekatan etnography, tiasa janten dongeng siliwangi islam henteuna langkung berwarna.Husus ngeunaan siliwangi jaya dewata Islam (bari kedah dipagodoskeun definisi islam nu mana nu bade dianggo) kumaha upami kuring gaduh bukti sanes, tapi nganggo pendekatan etnography aya nu kersa 'nguji' janten partisipan observer??? Aya nu mendakan 'buktos' sanes ti gunung sunda sareng ti suku gunung salak.3.Definisi Islam nu mana nu diaranggo dina ieu obrolan?...dumasar kana definisi agama, asal kecap, atanapi pemahaman kaum tasauf?Oge ngeunaan sunda wiwitan atawa asli sunda timana sareng naon referensina bet aya nu ngangken / ngaraos ngawakilan masihan label sunda wiwitan/ asli sunda dina obrolan kisunda, nu nga'nilai'sadaya pamendak ngeunaan kayakinan sunda ????kumaha lamun aya -misalna wae - nu nyekel sareat muhammad tapi diajar ajaran Rahyang Wastukancana, ajaran kasiliwangian Sri Baduga, jeung ka islaman ti susuhunan agung kean santang... naha bade dianggap lain sunda nu sanes ngawakilan sunda dina obrolan di kisunda ???4. Mana ulikan asli sunda nu enya beda tina ulikan Islam Muhammad ??? Lamun memang aya disunda nu sarua jeung ti islam Muhammad? Saha nu nuturkeun saha??---Perkara aden gaduh kayakinan Siliwangi teh islam sajati kusabab meureunan ningali aya nu samodel tina ajaranana, teu nanaon, ngan bisa jadi aya urang Arab nu ngumbara kadieu jeung diajar kasundaan terus disebarkeun di ditu. Atawa meureunan Muhammad na pisan urang sunda, matak teu bisaeun maca tulisan arab oge. Jeung adat kalawan rupana oge rada beda ti Urang Arab umumna, kasep, handap asor, jeung tara linyok bohong. Pan ieu mah kanyataan urang sunda sapopoe atuh, sapertos conto-conto sanesna anu jadi kabiasaan di Sunda tapi jadi ajaran di ditu:-- Mere maweh: da puguh paredit pisan urang ditu mah, kaayeunakeun oge loba TKW teu di bayar gajihna - Getol beberesih (sibeungeut jeung mandi): mandi ge kudu di titah da puguh hese cai tea - Sumembah ka pangeran : da aslina mah nyarembah patung, dugi ka Kabah ge pinuh dijeun tempat nyimpenan patung2 - Handap asor ka sasama: da si eta mah meni asa pang dipikanyaahna ku Pangeran, jadi adigung adiguna - Diajar ngarasakeun lapar: da tukang barangdahar wungkul , teu awewe teu lalaki awakna bareukah - Ngahargaan ka awewe: di ditue mah awewe teh jadi kelas dua, malahan aya nu diparaehan ti orokna keneh- jrrdAya nu sarua pamundut Prabu Siliwangi sareng Nabi Muhammad, nyaeta duanana teu meunang digambarkeun/ dilukis, duka naon kasang tukangna mah.= = = Ieu conto 'etnocentris' nu janten ngaburkeun 'objektifitas' kayakinan/elmu.siga urang sunda nyebut kasar ka batak sabab ngadenge sorana di bandung tapi can pernah lila jeung urang batak nu gaduh gerak/ucap nu lemes. Atawa nyebut urang inggris teu gaduh tatakrama dina basa siga di sunda. Padahal english leubeut ku euphemism.Etnocentris tiasa ngabiaskeun padungdengan ngeunaan obyektifitas nu pasti subyektif.ku nyerat kieu kuring ngaduga bakal seur nu ngarentog,...ku kituna samentawis mangga sun sim abdi bade ngiring ngundangan....Baktosna, Eddy Nugraha
__________________________________________________ ILEN KARDANI Drilling Services Manager Schlumberger Drilling & Measurements 16 Floor, Rohas Perkasa No.8 Jalan Perak 50450 Kuala Lumpur Malaysia Tel: 60 (3) 2166 7788 DID: 60 (3) 2169 4180 Fax: 60 (3) 21667100 Mobile: 60 (12) 2516485 mailto:[email protected]
<<inline: 491f7d8.jpg>>
