Kumaha mun B. Kombayana disingket Kang Yana atanapi Gan Yana, babari maca singket nyeratna he he Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 17 Jul 2010 06:20:25 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: [email protected] cak.semprul<[email protected]> Subject: [kisunda] B Kombayana ka - 9 Teu tata pasini deui jekok wae Krepa ninggang ka B Kombayana; Kombayana kalem we nakis eta peureup nu ngahiuk ................. Bluk ! .....greggg ! sora dua tangan diadu ! Bambang kombayana kaget di na manahna, wireh geus aya sapuluh taunna sanggeus latihan jeung Sucitra; kakara ayeuna B Kombayana mendakan jalma nu tanggoh nu bisa ngimbangan anjeunna, nepi ka pananganna karasa ngageter waktu nakis eta peureup Krepa; tapi Krepa leuwih kaget deui, lantaran Krepa mah nepi ka ngolesed mudur satapak. "Wah enya ieu Kombayana teh lain sisiwo geuning; tapi aing pan can ngaluarkeun tanaga nu bener2, da meureun aing nguntup teuing. Hehehe B Kombayana awas siah, sing iyatna ayeuna mah moal dibere hate deui. Kitu manahna Resi Krepa. Dina sagebragan tadi ( SANES KEJUTAN hehehehe RE : mh ); duana tos iyasa ngukur kabisa atanapi kakiatan lawan; duanana ayeuna teu yasa nganggap enteng atanapi nguntup; duanana waspada, Krepa ngatur napas sareng lengkahna; kuda2 nu tanggoh tos dikaluarkeun. Bambang Kombayana sareret ge tos apal yen Krepa ayeuna mah ati2 pisan ngalawan anjeunna , buktina nya eta lengkahna katingal diatur pisan. Hehehehe, reuwaseun meureun ku tanaga aing, sing iyatna Krepa, anjeun poe ieu bakal ngajurahroh. Sajeroning masang kuda2 bari maju lalaunan Krepa ngagalih, hehehehe, ayeuna mah B Kombayana pinasti bakal taluk ka Kaula; saha jalma nu bisa ngelehkeun Krepa? Hehehehe. Awas sing iyatna siah Kombayana, tinangtu anjeun bakal kaget. Bari ngagalih, ari JURUS mah keukeuh diatur, lamun B Kombayana wani asup ka na eta pasangan Kuda2 Krepa; tangtu B Kombayana bakal rubuh; kitu galihna Krepa bari teras maju ku kuda2 nu ngadesek B Kombayana. ( Soal ieu kang Tharyana Sastra ti USA panginten tos biasa. Kumaha Internetna tos majeng, kulan ? ). Bambang Kombayana barang mireng Krepa ngagunakeun kuda2 maju nu ngadesek posisi anjeunna, anjeunna oge teu cicingeun teras deui masang Kuda2 lawanna. Prok deui, ayeuna mah dua panangan amprok, bari masing2 nyalurkeun tanaga batin tanaga jero masing2; hasilna model "daya elektrik" atawa "daya magnet" , nu sami2 amprok, dimana dayana sarua atuh kapan lamun anu sarua mah sok "tolak menolak" tea; nya kitu deui ieu dua jurus teh amprok; atuh sakedapan duanana mundur! Ari B Kombayana mah mundur 2 lengkah, Krepa mah TILU lengkah. Eeh, enyaan yeuh B Kombayan teh jago, rek ngawiwirang ka aing? kitu manahna Resi Krepa harita. Awas siah.............. Enggal wae Resi Krepa ngarobih deui kuda2, bari enggal nyaur mani tarik"Eh Bambang Kombayana, mangka waspada, ayeuna mah anjeun moal mahi, ka Kaula !" "Sok we lah, kaula hayang nempo." saur Bambang Kombayana kalawan kalem. Resi Krepa ayeuna mah mulintir, sampeyan nu sabeulah napak bumi, ari nu sabeulah deui tuurna nyaketan dada; panangan nu hiji nunjuk kaluhur ari nu hiji deui ka payun; teras muntirkeun badanna; tos kitu hiyaaat! Bari nyorowok bari majeng nyerang ka Bambang kombayana. Ti barang masang kuda2, B Kombayana teu samar yen eta teh jurus "angin lesus" tea anjeunna enggal sayaga; kuda2 ku jurus "batu karang" barang duanana silih tukeur tinggangan; duanana ngabelesat mundur. Bambang Kombayana mundur dugi ka 5 lengkah; tapi ari Krepa mah, ampir2 tiguling, ngajengjehe. Krepa kalangkung amarahna, tos teu dipikirkeun deui naon akibatna, lajeng wae mapatkeun Jurus "samudra murka" teras maju bade ngarubuhkeun B Kombayana. Hanca
