Hahahaha.......... cocog oge tah. Mung bae, naha Kang Yana bakal........... sawios oge nya ? Da kapan nu boga lalakon oge jenenganana Yana oge tungtungna ? Hahahahahahha
--- In [email protected], jalakpak...@... wrote: > > Kumaha mun B. Kombayana disingket Kang Yana atanapi Gan Yana, babari maca > singket nyeratna he he > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_ami...@...> > Sender: [email protected] > Date: Sat, 17 Jul 2010 06:20:25 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Cc: grek_2...@... cak.semprul<abangr...@...> > Subject: [kisunda] B Kombayana ka - 9 > > Teu tata pasini deui jekok wae Krepa ninggang ka B Kombayana; Kombayana kalem > we nakis eta peureup nu ngahiuk ................. > > Bluk ! .....greggg ! sora dua tangan diadu ! > Bambang kombayana kaget di na manahna, wireh geus aya sapuluh taunna > sanggeus latihan jeung Sucitra; kakara ayeuna B Kombayana mendakan jalma > nu tanggoh nu bisa ngimbangan anjeunna, nepi ka pananganna karasa ngageter > waktu nakis eta peureup Krepa; tapi Krepa leuwih kaget deui, lantaran Krepa > mah > nepi ka ngolesed mudur satapak. "Wah enya ieu Kombayana teh lain sisiwo > geuning; tapi aing pan can ngaluarkeun tanaga nu bener2, da meureun aing > nguntup teuing. Hehehe B Kombayana awas siah, sing iyatna ayeuna mah moal > dibere hate deui. Kitu manahna Resi Krepa. > > Dina sagebragan tadi ( SANES KEJUTAN hehehehe RE : mh ); duana > tos iyasa > ngukur kabisa atanapi kakiatan lawan; duanana ayeuna teu yasa nganggap enteng > atanapi nguntup; duanana waspada, Krepa ngatur napas sareng lengkahna; kuda2 > nu tanggoh tos dikaluarkeun. > > Bambang Kombayana sareret ge tos apal yen Krepa ayeuna mah ati2 pisan > ngalawan anjeunna , buktina nya eta lengkahna katingal diatur pisan. Hehehehe, > reuwaseun meureun ku tanaga aing, sing iyatna Krepa, anjeun poe ieu bakal > ngajurahroh. > > Sajeroning masang kuda2 bari maju lalaunan Krepa ngagalih, hehehehe, ayeuna > mah > B Kombayana pinasti bakal taluk ka Kaula; saha jalma nu bisa ngelehkeun Krepa? > Hehehehe. Awas sing iyatna siah Kombayana, tinangtu anjeun bakal kaget. > > Bari ngagalih, ari JURUS mah keukeuh diatur, lamun B Kombayana wani asup ka > na eta pasangan Kuda2 Krepa; tangtu B Kombayana bakal rubuh; kitu galihna > Krepa bari teras maju ku kuda2 nu ngadesek B Kombayana. ( Soal ieu kang > Tharyana Sastra ti USA panginten tos > biasa. Kumaha Internetna tos majeng, kulan ? ). > > Bambang Kombayana barang mireng Krepa ngagunakeun kuda2 maju nu ngadesek > posisi anjeunna, anjeunna oge teu cicingeun teras deui masang Kuda2 lawanna. > > Prok deui, ayeuna mah dua panangan amprok, bari masing2 nyalurkeun tanaga > batin > tanaga jero masing2; hasilna model "daya elektrik" atawa "daya magnet" , nu > sami2 > amprok, dimana dayana sarua atuh kapan lamun anu sarua mah sok "tolak menolak" > tea; nya kitu deui ieu dua jurus teh amprok; atuh sakedapan duanana mundur! > > Ari B Kombayana mah mundur 2 lengkah, Krepa mah TILU lengkah. > Eeh, enyaan yeuh B Kombayan teh jago, rek ngawiwirang ka aing? kitu manahna > Resi > Krepa harita. Awas siah.............. > > Enggal wae Resi Krepa ngarobih deui kuda2, bari enggal nyaur mani tarik"Eh > Bambang > Kombayana, mangka waspada, ayeuna mah anjeun moal mahi, ka Kaula !" > > "Sok we lah, kaula hayang nempo." saur Bambang Kombayana kalawan kalem. > Resi Krepa ayeuna mah mulintir, sampeyan nu sabeulah napak bumi, ari nu > sabeulah > deui tuurna nyaketan dada; panangan nu hiji nunjuk kaluhur ari nu hiji deui > ka payun; > teras muntirkeun badanna; tos kitu hiyaaat! Bari nyorowok bari majeng nyerang > ka > Bambang kombayana. > > Ti barang masang kuda2, B Kombayana teu samar yen eta teh jurus "angin lesus" > tea > anjeunna enggal sayaga; kuda2 ku jurus "batu karang" barang duanana silih > tukeur > tinggangan; duanana ngabelesat mundur. Bambang Kombayana mundur dugi ka 5 > lengkah; tapi ari Krepa mah, ampir2 tiguling, ngajengjehe. > > Krepa kalangkung amarahna, tos teu dipikirkeun deui naon akibatna, lajeng wae > mapatkeun Jurus "samudra murka" teras maju bade ngarubuhkeun B Kombayana. > > Hanca > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
