ari ceuk uing mah hadena tong dipakaitkeun jeung personaliti tertentu.
ngadalang mah ngadalang we, make jurus imajinatif, ngarah teu nyiku ka sisi
ka gigir
perlu diinget oge, dina carita wayang golek, karakter bambang kombayana teh
sanggeus jadi resi sok digambarkeun jadi watak nu kurang hade.

2010/7/17 Abbas <[email protected]>

>
>
> Hahahaha.......... cocog oge tah.
> Mung bae, naha Kang Yana bakal........... sawios oge nya ?
> Da kapan nu boga lalakon oge jenenganana Yana oge tungtungna ?
> Hahahahahahha
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, jalakpak...@...
> wrote:
> >
> > Kumaha mun B. Kombayana disingket Kang Yana atanapi Gan Yana, babari maca
> singket nyeratna he he
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >
> > -----Original Message-----
> > From: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> > Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Date: Sat, 17 Jul 2010 06:20:25
> > To: kisunda<[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>;
> urangsunda<[email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>>
> > Reply-To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Cc: grek_2...@... cak.semprul<abangr...@...>
> > Subject: [kisunda] B Kombayana ka - 9
> >
> > Teu tata pasini deui jekok wae Krepa ninggang ka B Kombayana; Kombayana
> kalem
> > we nakis eta peureup nu ngahiuk  .................
> >
> > Bluk ! .....greggg ! sora dua tangan diadu !
> > Bambang kombayana kaget di na manahna, wireh geus aya sapuluh taunna
> > sanggeus latihan jeung Sucitra; kakara ayeuna B Kombayana mendakan jalma
> > nu tanggoh nu bisa ngimbangan anjeunna, nepi ka pananganna karasa
> ngageter
> > waktu nakis eta peureup Krepa; tapi Krepa leuwih kaget deui, lantaran
> Krepa mah
> > nepi ka ngolesed mudur satapak. "Wah enya ieu Kombayana teh lain sisiwo
> > geuning; tapi aing pan can ngaluarkeun tanaga nu bener2, da meureun aing
> > nguntup teuing. Hehehe B Kombayana awas siah, sing iyatna ayeuna mah moal
> > dibere hate deui. Kitu manahna Resi Krepa.
> >
> > Dina sagebragan tadi ( SANES KEJUTAN hehehehe RE : mh ); duana
> > tos iyasa
> > ngukur kabisa atanapi kakiatan lawan; duanana ayeuna teu yasa nganggap
> enteng
> > atanapi nguntup; duanana waspada, Krepa ngatur napas sareng lengkahna;
> kuda2
> > nu tanggoh tos dikaluarkeun.
> >
> > Bambang Kombayana sareret ge tos apal yen Krepa ayeuna mah ati2 pisan
> > ngalawan anjeunna , buktina nya eta lengkahna katingal diatur pisan.
> Hehehehe,
> > reuwaseun meureun ku tanaga aing, sing iyatna Krepa, anjeun poe ieu bakal
> > ngajurahroh.
> >
> > Sajeroning masang kuda2 bari maju lalaunan Krepa ngagalih, hehehehe,
> ayeuna mah
> > B Kombayana pinasti bakal taluk ka Kaula; saha jalma nu bisa ngelehkeun
> Krepa?
> > Hehehehe. Awas sing iyatna siah Kombayana, tinangtu anjeun bakal kaget.
> >
> > Bari ngagalih, ari JURUS mah keukeuh diatur, lamun B Kombayana wani asup
> ka
> > na eta pasangan Kuda2 Krepa; tangtu B Kombayana bakal rubuh; kitu galihna
> > Krepa bari teras maju ku kuda2 nu ngadesek B Kombayana. ( Soal ieu kang
> > Tharyana Sastra  ti USA panginten tos
> > biasa. Kumaha Internetna tos majeng, kulan ? ).
> >
> > Bambang Kombayana barang mireng Krepa ngagunakeun kuda2 maju nu ngadesek
> posisi anjeunna, anjeunna oge teu cicingeun teras deui masang Kuda2 lawanna.
>
> >
> > Prok deui, ayeuna mah dua panangan amprok, bari masing2 nyalurkeun tanaga
> batin
> > tanaga jero masing2; hasilna model "daya elektrik" atawa "daya magnet" ,
> nu sami2
> > amprok, dimana dayana sarua atuh kapan lamun anu sarua mah sok "tolak
> menolak"
> > tea; nya kitu deui ieu dua jurus teh amprok; atuh sakedapan duanana
> mundur!
> >
> > Ari B Kombayana mah mundur 2 lengkah, Krepa mah TILU lengkah.
> > Eeh, enyaan yeuh B Kombayan teh jago, rek ngawiwirang ka aing? kitu
> manahna Resi
> > Krepa harita. Awas siah..............
> >
> > Enggal wae Resi Krepa ngarobih deui kuda2, bari enggal nyaur mani
> tarik"Eh Bambang
> > Kombayana, mangka waspada, ayeuna mah anjeun moal mahi, ka Kaula !"
> >
> > "Sok we lah, kaula hayang nempo." saur Bambang Kombayana kalawan kalem.
> > Resi Krepa ayeuna mah mulintir, sampeyan nu sabeulah napak bumi, ari nu
> sabeulah
> > deui tuurna nyaketan dada; panangan nu hiji nunjuk kaluhur ari nu hiji
> deui ka payun;
> > teras muntirkeun badanna; tos kitu hiyaaat! Bari nyorowok bari majeng
> nyerang ka
> > Bambang kombayana.
> >
> > Ti barang masang kuda2, B Kombayana teu samar yen eta teh jurus "angin
> lesus" tea
> > anjeunna enggal sayaga; kuda2 ku jurus "batu karang" barang duanana silih
> tukeur
> > tinggangan; duanana ngabelesat mundur. Bambang Kombayana mundur dugi ka 5
> > lengkah; tapi ari Krepa mah, ampir2 tiguling, ngajengjehe.
> >
> > Krepa kalangkung amarahna, tos teu dipikirkeun deui naon akibatna, lajeng
> wae
> > mapatkeun Jurus "samudra murka" teras maju bade ngarubuhkeun B Kombayana.
> >
> > Hanca
> >
>
>  
>

Kirim email ke