Memang carita wayang di urang, antara Kurawa jeung Pandawa digambarkeun
higeung-bodas teuing. Ari numutkeun carita aslina mah apan Pandawa ge
poliandri.

2010/7/17 Abbas <[email protected]>

>
>
> Saleresna dina Pakem aslina mah ( India ); Resi Drona teu jahat
> teu sing; eta mah reka yasa Ki Dalang Jawa weee; da nu jahat mah
> nya eta Sakuni. Ngan bae memang Resi Drona mihak ka Sakuni/Kurawa
> lantaran milu anak ( bbmbng Aswatama nu kaolo implut Kurawa ).
> Jadi kagambarkeun goreng soteh, pedah we ku Dalan Jawa/Sunda
> digedekeun teuing kasalahanana.
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...>
> wrote:
> >
> > ari ceuk uing mah hadena tong dipakaitkeun jeung personaliti tertentu.
> > ngadalang mah ngadalang we, make jurus imajinatif, ngarah teu nyiku ka
> sisi
> > ka gigir
> > perlu diinget oge, dina carita wayang golek, karakter bambang kombayana
> teh
> > sanggeus jadi resi sok digambarkeun jadi watak nu kurang hade.
> >
> > 2010/7/17 Abbas <abas_ami...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Hahahaha.......... cocog oge tah.
> > > Mung bae, naha Kang Yana bakal........... sawios oge nya ?
> > > Da kapan nu boga lalakon oge jenenganana Yana oge tungtungna ?
> > > Hahahahahahha
> > >
> > >
> > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> <kisunda%
> 40yahoogroups.com>, jalakpakuan@
>
> > > wrote:
> > > >
> > > > Kumaha mun B. Kombayana disingket Kang Yana atanapi Gan Yana, babari
> maca
> > > singket nyeratna he he
> > > > Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
> > > >
> > > > -----Original Message-----
> > > > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > > > Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com><kisunda%
> 40yahoogroups.com>
> > > > Date: Sat, 17 Jul 2010 06:20:25
> > > > To: kisunda<[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com><kisunda%
> 40yahoogroups.com>>;
> > > urangsunda<[email protected] 
> > > <urangsunda%40yahoogroups.com><urangsunda%
> 40yahoogroups.com>>
> > > > Reply-To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com><kisunda%
> 40yahoogroups.com>
> > > > Cc: grek_2002@ cak.semprul<abangrene@>
> > > > Subject: [kisunda] B Kombayana ka - 9
> > > >
> > > > Teu tata pasini deui jekok wae Krepa ninggang ka B Kombayana;
> Kombayana
> > > kalem
> > > > we nakis eta peureup nu ngahiuk .................
> > > >
> > > > Bluk ! .....greggg ! sora dua tangan diadu !
> > > > Bambang kombayana kaget di na manahna, wireh geus aya sapuluh taunna
> > > > sanggeus latihan jeung Sucitra; kakara ayeuna B Kombayana mendakan
> jalma
> > > > nu tanggoh nu bisa ngimbangan anjeunna, nepi ka pananganna karasa
> > > ngageter
> > > > waktu nakis eta peureup Krepa; tapi Krepa leuwih kaget deui, lantaran
> > > Krepa mah
> > > > nepi ka ngolesed mudur satapak. "Wah enya ieu Kombayana teh lain
> sisiwo
> > > > geuning; tapi aing pan can ngaluarkeun tanaga nu bener2, da meureun
> aing
> > > > nguntup teuing. Hehehe B Kombayana awas siah, sing iyatna ayeuna mah
> moal
> > > > dibere hate deui. Kitu manahna Resi Krepa.
> > > >
> > > > Dina sagebragan tadi ( SANES KEJUTAN hehehehe RE : mh ); duana
> > > > tos iyasa
> > > > ngukur kabisa atanapi kakiatan lawan; duanana ayeuna teu yasa
> nganggap
> > > enteng
> > > > atanapi nguntup; duanana waspada, Krepa ngatur napas sareng
> lengkahna;
> > > kuda2
> > > > nu tanggoh tos dikaluarkeun.
> > > >
> > > > Bambang Kombayana sareret ge tos apal yen Krepa ayeuna mah ati2 pisan
> > > > ngalawan anjeunna , buktina nya eta lengkahna katingal diatur pisan.
> > > Hehehehe,
> > > > reuwaseun meureun ku tanaga aing, sing iyatna Krepa, anjeun poe ieu
> bakal
> > > > ngajurahroh.
> > > >
> > > > Sajeroning masang kuda2 bari maju lalaunan Krepa ngagalih, hehehehe,
> > > ayeuna mah
> > > > B Kombayana pinasti bakal taluk ka Kaula; saha jalma nu bisa
> ngelehkeun
> > > Krepa?
> > > > Hehehehe. Awas sing iyatna siah Kombayana, tinangtu anjeun bakal
> kaget.
> > > >
> > > > Bari ngagalih, ari JURUS mah keukeuh diatur, lamun B Kombayana wani
> asup
> > > ka
> > > > na eta pasangan Kuda2 Krepa; tangtu B Kombayana bakal rubuh; kitu
> galihna
> > > > Krepa bari teras maju ku kuda2 nu ngadesek B Kombayana. ( Soal ieu
> kang
> > > > Tharyana Sastra ti USA panginten tos
> > > > biasa. Kumaha Internetna tos majeng, kulan ? ).
> > > >
> > > > Bambang Kombayana barang mireng Krepa ngagunakeun kuda2 maju nu
> ngadesek
> > > posisi anjeunna, anjeunna oge teu cicingeun teras deui masang Kuda2
> lawanna.
> > >
> > > >
> > > > Prok deui, ayeuna mah dua panangan amprok, bari masing2 nyalurkeun
> tanaga
> > > batin
> > > > tanaga jero masing2; hasilna model "daya elektrik" atawa "daya
> magnet" ,
> > > nu sami2
> > > > amprok, dimana dayana sarua atuh kapan lamun anu sarua mah sok "tolak
> > > menolak"
> > > > tea; nya kitu deui ieu dua jurus teh amprok; atuh sakedapan duanana
> > > mundur!
> > > >
> > > > Ari B Kombayana mah mundur 2 lengkah, Krepa mah TILU lengkah.
> > > > Eeh, enyaan yeuh B Kombayan teh jago, rek ngawiwirang ka aing? kitu
> > > manahna Resi
> > > > Krepa harita. Awas siah..............
> > > >
> > > > Enggal wae Resi Krepa ngarobih deui kuda2, bari enggal nyaur mani
> > > tarik"Eh Bambang
> > > > Kombayana, mangka waspada, ayeuna mah anjeun moal mahi, ka Kaula !"
> > > >
> > > > "Sok we lah, kaula hayang nempo." saur Bambang Kombayana kalawan
> kalem.
> > > > Resi Krepa ayeuna mah mulintir, sampeyan nu sabeulah napak bumi, ari
> nu
> > > sabeulah
> > > > deui tuurna nyaketan dada; panangan nu hiji nunjuk kaluhur ari nu
> hiji
> > > deui ka payun;
> > > > teras muntirkeun badanna; tos kitu hiyaaat! Bari nyorowok bari majeng
> > > nyerang ka
> > > > Bambang kombayana.
> > > >
> > > > Ti barang masang kuda2, B Kombayana teu samar yen eta teh jurus
> "angin
> > > lesus" tea
> > > > anjeunna enggal sayaga; kuda2 ku jurus "batu karang" barang duanana
> silih
> > > tukeur
> > > > tinggangan; duanana ngabelesat mundur. Bambang Kombayana mundur dugi
> ka 5
> > > > lengkah; tapi ari Krepa mah, ampir2 tiguling, ngajengjehe.
> > > >
> > > > Krepa kalangkung amarahna, tos teu dipikirkeun deui naon akibatna,
> lajeng
> > > wae
> > > > mapatkeun Jurus "samudra murka" teras maju bade ngarubuhkeun B
> Kombayana.
> > > >
> > > > Hanca
> > > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke