tiasa janten, buleng teh karamba tea di tempat mang oman mah. di lembur kuring di suku balukbuk sumedang, nu kieu teh namina buleng. sedengkeun karamba mah, memang sami paranti naheun lauk, aya oge nu didamel tina awi ngan seueur oge nu nganggo jaring. bentenna sareng buleng karamba mah salawasna dikeueum dina cai. biasana di walungan atawa situ. di sapanjang ciliwung nu di bogor, disisina seueur karamba. kitu deui di bendungan cirata ge seueur. upami sempet engkin (haha aneh saleresna make kecap ieu teh ngan keur ngahargaan tempat kuring sare, bogor, sakali-kali dipake) difoto. kaleresan kontrakan teh persis di ciliwung riverside, bantaran cihaliwung :)). guna karamba mah sami sareng salasahiji kagunaan balong, kanggo ngagedekeun lauk.
2010/7/20 oman abdurahman <[email protected]> > > > Lain karamba ngaranna nu kitu teh? atawa, karamba = buleng. Bisa jadi lauk > jadi leuwih seger sabab masing cai teu bisa moncor, ari hawa mah bebas > kaluar asup karamba salila di perjalanan. > > manar > > 2010/7/20 Dudi Herlianto <[email protected]> > > >> >> >> >> buleng, ngaran wadah hideung nu ditanggung ku si bapa teh. eusina lauk >> emas hirup dagangiderkeuneun ka unggal lembur. dijieunna tina anyaman awi >> dilabur ku (jigana mah) aspal, sangkan cai teu rembes bocor. >> >> cek si bapa nu poho teu ditanya aranna, lauk nu di bawa make buleng ieu >> leuwih seger tinimbang lauk nu diwadahan kana kantong palastik ditiup gas. >> duka enya, duka ukur omongan tukang dagang. ngan basa si bapa harita >> ngaganti cai eusi buleng ditampian tukangeun imah, katingalina si lauk di >> jerona teh mijah hanteu limpeu. >> >> >> http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=339999768999&view=user#!/photo.php?pid=4544525&id=649487375<http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=339999768999&view=user#%21/photo.php?pid=4544525&id=649487375> >> >> -- >> d-: dudi herlianto :-q >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> > > > > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
