kang ii, kuring mah urang banjarasih, lembur nu kaereh ka desa sarimekar,
kacamatan jatinunggal. wates wetan sumedang adek sareng kabupaten
majalengka. tah upami akang bade ka bantarujeg nganggo ms tangtu akang bakal
ngaliwat desa kuring.

sumedang larang, cek sakaol mah ngaran karajaan baheula. puserna aya di kab.
sumedang kiwari, henteu ukur di kotana wae, da kungsi di leuwi hideung
darmaraja, oge kungsi di dayeuh luhur.

raja mimitina prabu tajimalela. nu pangkawentarna prabu geusan ulun. tah
dina mangsa raja ieu kakawasaan karajaan sumedang larang panglegana. mun
urang percaya kana carita opat kandaga lante ti pakuan nu nyerahkeun makuta
binokasih ka geusan ulun mah, wilayah sumedang larang teh warisan karajaan
sunda (pajajaran), nyaeta jawa barat minus banten sareng cirebon. geusan
ulun salian raja kawentar oge raja pamungkas. sanggeus maot, sumedang larang
ilang, nu tinggal ukur kabupatian sumedang. jadi bagian ti imperium mataram.

2010/7/22 Ii Sumirat <[email protected]>

>
>
>  Hehe culametan kitu nya kang, pipilueun ganti ngaran, mangkaning pan
> ayeuna keur ngawangun kantor anyar.  Kantor heubeul (nu yayasan
> sumedanglarang ?) duka ke bade di anggo naon tah kapayuna… boa ujug2 aya
> raja anyar deuih palebah dinya hehehe
>
> Ceuk dongeng nu ngarana Sumedanglarang harita keur sumedang wilayahna
> sagede jawa barat ayeuna (sumedanglarang=jawabarat) lamun ku ukuran wilayah
> mah kecuali Banten
>
>
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Dikdik
> *Sent:* Thursday, July 22, 2010 11:51 AM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* [kisunda] Re: buleng
>
>
>
>
>
> cik kang dud, apal teu naha disebut sumedanglarang? ari kuring mah apalna
> ngan sumedang weh...
>
> boa2 isuk pageto, ngaran sumedang ge pipilueun deuk ganti jadi
> sumedanglarang oge jiga ciamis jadi galuh
> heheh....
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "Ii Sumirat"
> <sumi...@...> wrote:
> >
> > Kang dudi sumedangna palih mana,?
> >
> > Ari resepna lamun ngitung/milang laukna rame tapi teuing kerok henteu na
> mah
> > dan jigana harita ku Bapa sikuring tara make diitung ulang deui pamohalan
> > make palidasi mah hehe (moal korupsi)
> >
> >
> >
> > Ii Sumirat
> >
> > **
>
> * *_
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke