Kang dudi sumedangna palih mana,? 

Ari resepna lamun ngitung/milang laukna rame tapi teuing kerok henteu na mah
dan jigana harita ku Bapa sikuring tara make diitung ulang deui pamohalan
make palidasi mah hehe (moal korupsi)

 

Ii Sumirat

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Dudi Herlianto
Sent: Tuesday, July 20, 2010 8:49 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] buleng

 

  

tiasa janten, buleng teh karamba tea di tempat mang oman mah. di lembur
kuring di suku balukbuk sumedang, nu kieu teh namina buleng. sedengkeun
karamba mah, memang sami paranti naheun lauk, aya oge nu didamel tina awi
ngan seueur oge nu nganggo jaring. bentenna sareng buleng karamba mah
salawasna dikeueum dina cai.  biasana di walungan atawa situ. di sapanjang
ciliwung nu di bogor, disisina seueur karamba. kitu deui di bendungan cirata
ge seueur. upami sempet engkin (haha aneh saleresna make kecap ieu teh ngan
keur ngahargaan tempat kuring sare, bogor, sakali-kali dipake) difoto.
kaleresan kontrakan teh persis di ciliwung riverside, bantaran cihaliwung
:)). guna karamba mah sami sareng salasahiji kagunaan balong, kanggo
ngagedekeun lauk.

 

 

2010/7/20 oman abdurahman <[email protected]>

  

Lain karamba ngaranna nu kitu teh? atawa, karamba = buleng. Bisa jadi lauk
jadi leuwih seger sabab masing cai teu bisa moncor, ari hawa mah bebas
kaluar asup karamba salila di perjalanan.

manar

2010/7/20 Dudi Herlianto <[email protected]>

 

  

 

 

buleng, ngaran wadah hideung nu ditanggung ku si bapa teh. eusina lauk emas
hirup dagangiderkeuneun ka unggal lembur. dijieunna tina anyaman awi dilabur
ku (jigana mah) aspal, sangkan cai teu rembes bocor.

cek si bapa nu poho teu ditanya aranna, lauk nu di bawa make buleng ieu
leuwih seger tinimbang lauk nu diwadahan kana kantong palastik ditiup gas.
duka enya, duka ukur omongan tukang dagang. ngan basa si bapa harita
ngaganti cai eusi buleng ditampian tukangeun imah, katingalina si lauk di
jerona teh mijah hanteu limpeu.

 

http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=339999768999
<http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=339999768999&view=user#%21/pho
to.php?pid=4544525&id=649487375>
&view=user#!/photo.php?pid=4544525&id=649487375

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

 



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Kirim email ke