Enya dongeng lengkepna eta kang Dudi pisan.. terang atuh kang pami kitu mah ka daerah eta kantos.. paling tungtung na Kirisik.
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: Thursday, July 22, 2010 12:30 PM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: buleng kang ii, kuring mah urang banjarasih, lembur nu kaereh ka desa sarimekar, kacamatan jatinunggal. wates wetan sumedang adek sareng kabupaten majalengka. tah upami akang bade ka bantarujeg nganggo ms tangtu akang bakal ngaliwat desa kuring. sumedang larang, cek sakaol mah ngaran karajaan baheula. puserna aya di kab. sumedang kiwari, henteu ukur di kotana wae, da kungsi di leuwi hideung darmaraja, oge kungsi di dayeuh luhur. raja mimitina prabu tajimalela. nu pangkawentarna prabu geusan ulun. tah dina mangsa raja ieu kakawasaan karajaan sumedang larang panglegana. mun urang percaya kana carita opat kandaga lante ti pakuan nu nyerahkeun makuta binokasih ka geusan ulun mah, wilayah sumedang larang teh warisan karajaan sunda (pajajaran), nyaeta jawa barat minus banten sareng cirebon. geusan ulun salian raja kawentar oge raja pamungkas. sanggeus maot, sumedang larang ilang, nu tinggal ukur kabupatian sumedang. jadi bagian ti imperium mataram. 2010/7/22 Ii Sumirat <[email protected]> Hehe culametan kitu nya kang, pipilueun ganti ngaran, mangkaning pan ayeuna keur ngawangun kantor anyar. Kantor heubeul (nu yayasan sumedanglarang ?) duka ke bade di anggo naon tah kapayuna. boa ujug2 aya raja anyar deuih palebah dinya hehehe Ceuk dongeng nu ngarana Sumedanglarang harita keur sumedang wilayahna sagede jawa barat ayeuna (sumedanglarang=jawabarat) lamun ku ukuran wilayah mah kecuali Banten . <http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=2636369/grpspId=1705171464/msgId =39954/stime=1279776603/nc1=6083913/nc2=3848640/nc3=3848586>
