hahaha............ keuna panyakit dongeng wa kepoh tah (baheula taun 80-an :D), mun can rengse teh sok panasaran, kudu nungguan sapoe sapeuting nepi ka jam 3 isukanna teh...
bah Abbas, keun heula ulah waka dialungkeun caritana, ngarah panas-baran hahaha........ --- In [email protected], ricoald...@... wrote: > > Kang abbas teraskeun cariosna ...enggalkeun nya kang da bageur heheheheh...! > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_ami...@...> > Sender: [email protected] > Date: Fri, 23 Jul 2010 07:25:52 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Cc: grek_2...@... cak.semprul<abangr...@...> > Subject: [kisunda] Bambang Kombayana ka - 16na > > Anenggih kang Murwa Carita. > Kacaturkeun di Nagari Pancaladriya, Prabu Drupada nuju merbayaksa, diparek > para Mantri, Bopati, lan Priagung. > Sritinong ing Pasewakan............. Busanaaa manekaaa Warna.......... > Reng reng manik narawacaaa........... > > Sang prabu Drupada calik Ing Dampar Denta, Tinaretes Ig Sesotya; marek > payuneun Sang Raja Patih Kinasih Jenengan Raden Arya Gandamana; kasohor > tara eleh di na satiap pangperangan. Disapengkereun Arya Gandamana, Mantri > Bopati tarungkul amarikelu; ngantos Dawuh Sang Prabu. > > Enggalna Prabu Drupada ngandika :"Eh bagea sadaya Kadang Pancala, cik geura > ngayakeun laporan2 di na waktu ieu." > > "Nun Gusti Prabu, Kakang Prabu Drupada, ieu Kaula Gandamana ngaturkeun sembah > pangabaktos, kitu deui ieu sadaya Para Mantri Bupati, mugi katampi kaulanun." > > "Hahahahaha, katampa pambage ti sampeyan . Kumaha kaayaan jero nagari ? Naha > rahayat rea nu tingjarerit lantaran kalaparan ? Sok ulah asa2, laporkeun wae > ka > Kaula." > > "Bingah manah Kaula, margi tos ditakon ku Sang Prabu, numutkeun warta nu > ditampi ti > Para Bupati di sabudeureun Pancala, di na danget ieu Pancala teh sepi paling, > towong > rampog. Tingtrim teu aya bancang pakewuh. Pancala Kerta Raharja, subur makmur, > loh jinawi. Pasir Wukir Loh Jinawi teh sanes mung ukur babasan, Gusti." > > "Sukur bagja kumayangan, Rayi Patih, ari kitu mah...........tah sok ayeuna > Kaula > hayang nanya ka andika sadaya, naha aya rancangan atawa cita2 keur kamajuan > sadaya, sok ulah was was ulah cangcaya, plok tamplokeun didieu." > > Barang nuju gunem catur kitu...........................ujug2 aya soanten nu > gegeroan, tarik > ti luar :"Sucitraaaa............... Sucitraaaa..................dulur Kula, > bageakeun yeuh > Kula dulur sampeyan...............Kombayana.................!" > > Patih Gandamana, amarahna kagila gila, dat nyembah ka Prabu Drupada, teras > kaluar diiringkeun ku para Senapati. Barang ningal ka caket Gerbang, anjeunna > ningali aya hiji jalma nu rudin pisan, keur cocorowokan ngageroan Sucitra; nu > ngajago Panto Gerbang ngan cicing wae, siga kurang malire ka nu cocorowokan; > nu sanes mung heran, tapi ari Gandamana mah teu kasamaran, yen eta nu > ngageroan teh ditujukeun ka Sang Prabu Drupada; da nu sanes mah teu apaleun > yen Sucitra teh wasta Sang Prabu kapungkur, sateuacan jeneng Prabu. > > Patih Arya Gandamana, kalintang amarahna enggal wae muru ka eta tempat; teu > tata pasini deui Jekok wae eta jalma nu cocorowokan teh ditajong, dugi ka > babangkieungan , nu akhirna ngajoprak pisan. > > "Kurang ajar temen.............sampeyan ! Eh jelema burung !" > > "Lamun andika hayang dahar menta ka prajurit nu ngajaga, atuh hayang duit oge > bisa menta. Tapi andika euweuh tata titi duga prayoga pisan. Jol datang > cocorowokan > siga jelema edan. Ayeuna andika geuwat indit ti ieu tempat, lamun masih keneh > hayang > salamet !" > > Leng leng ramyaning kang...................... > > Kombayana, enggal ngadeg bari ngaraos pingpingna rada linu, tapak ditajong ku > Gandamana, cacak sanes Kombayana mah tinangtu tos potong. Nyel we amarah, > Bambang Kombayana sumbar2 : > > "Eeh...........kurang ajar sampeyan; geus wani2 najong, ka dulur Raja ! Kaula > B > Kombayana, dulur sakokoh jeung Sucitra, nu cenah jadi Raja di ieu Nagari. Awas > sampeyan tangtu dihukum, saha ngaran sampeyan ?" > > "Eh jelema burung ! Tong ngalantur andika, naha hayang ditambahan deui !?" > > Nuju guntreng kitu, Sang Prabu Drupada teu kanyahoan tos sumping ka na eta > tempat , enggalna ngandika:"Eh aya naon Gandamana ?" > > "Wah aya jelema burung, aku2 angga Gusti." > > Bambang Kombayana, ningali Sucitra nganggo raksukan Karajaan, anjeunna bingah > pisan, teu nolih deui ka Gandamana, enggal wae muru ka Prabu Drupada, maksadna > bade ngarangkul, tina tos kalintang sonona; bari dareuda pinuh kasono, > Kombayana > hariweusweus:"Aduuuuh, Sucitra bagja temenan sampeyan, kula inget deui waktu > masih jadi catrik baheula, ayeuna sampeyan geus bagja...................." > > Teu acan tutas hariweusweusna B Kombayana, sareng teu acan tepi ka Sang Prabu > Drupada, tos kapegat ku Gandamana, anu lajeng ngabagi deui hiji tonjokan ka > Bbng > Kombayana, bari nyentak:"Tong diantep Prajurit, tewak ieu jelema, ringkus!" > > Koloyong deui B Kombayana ngoloyong margi ditonjok sakitu tarikna, ampir2 > kapiuhan, Gandamana tea kawentar jago tarung patunggalan. > > Enggalna Prabu Drupada misah ieu Gandamana nu bade neraskeun ngarogahala, > enggalna Sang Prabu ngandika :"Ke ke ke heula anan, Gandamana, ieu jalma teh > memang teu aya tata pisan, tapi Kaula inget yen ieu memang sobat Kaula waktu > Kaula keur diajar elmu ku Sang Wiku Baradwaja. Jadi poma ulah dikakaya eta > dulur Kaula." > > Enggalna wae Gandamana liren neunggeulan Kombayana. Kombayana kalintang > bingahna....................... > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
