Aduh kang dikdik mani tega ah....mani asa nuju neda nuju raraosna dikantunkeun 
ka dapur sakedap eh sangu tos ku hayam! Sok ah der geura lajengkeun!
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Dikdik" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 23 Jul 2010 02:13:40 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Bambang Kombayana ka - 16na

hahaha............
keuna panyakit dongeng wa kepoh tah (baheula taun 80-an :D), mun can rengse teh 
sok panasaran, kudu nungguan sapoe sapeuting nepi ka jam 3 isukanna teh...

bah Abbas, keun heula ulah waka dialungkeun caritana, ngarah panas-baran
hahaha........


--- In [email protected], ricoald...@... wrote:
>
> Kang abbas teraskeun cariosna ...enggalkeun nya kang da bageur heheheheh...!
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Fri, 23 Jul 2010 07:25:52 
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: grek_2...@... cak.semprul<abangr...@...>
> Subject: [kisunda] Bambang Kombayana ka - 16na
> 
> Anenggih kang Murwa Carita.
> Kacaturkeun di Nagari Pancaladriya, Prabu Drupada nuju merbayaksa, diparek
> para Mantri, Bopati, lan Priagung. 
> Sritinong ing Pasewakan............. Busanaaa manekaaa Warna..........
> Reng  reng manik narawacaaa...........
> 
> Sang prabu Drupada calik Ing Dampar Denta, Tinaretes Ig Sesotya; marek
> payuneun Sang Raja Patih Kinasih Jenengan Raden Arya Gandamana; kasohor
> tara eleh di na satiap pangperangan. Disapengkereun Arya Gandamana, Mantri
> Bopati tarungkul amarikelu; ngantos Dawuh Sang Prabu.
> 
> Enggalna Prabu Drupada ngandika :"Eh bagea sadaya Kadang Pancala, cik geura
> ngayakeun laporan2 di na waktu ieu."
> 
> "Nun Gusti Prabu, Kakang Prabu Drupada, ieu Kaula Gandamana ngaturkeun sembah
> pangabaktos, kitu deui ieu sadaya Para Mantri Bupati, mugi katampi kaulanun."
> 
> "Hahahahaha, katampa pambage ti sampeyan . Kumaha kaayaan jero nagari ? Naha 
> rahayat rea nu tingjarerit lantaran kalaparan ? Sok ulah asa2, laporkeun wae 
> ka 
> Kaula."
> 
> "Bingah manah Kaula, margi tos ditakon ku Sang Prabu, numutkeun warta nu 
> ditampi ti
> Para Bupati di sabudeureun Pancala, di na danget ieu Pancala teh sepi paling, 
> towong
> rampog. Tingtrim teu aya bancang pakewuh. Pancala Kerta Raharja, subur makmur,
> loh jinawi. Pasir Wukir Loh Jinawi teh sanes mung ukur babasan, Gusti."
> 
> "Sukur bagja kumayangan, Rayi Patih, ari kitu mah...........tah sok ayeuna 
> Kaula
> hayang nanya ka andika sadaya, naha aya rancangan atawa cita2 keur kamajuan
> sadaya, sok ulah was was ulah cangcaya, plok tamplokeun didieu."
> 
> Barang nuju gunem catur kitu...........................ujug2 aya soanten nu 
> gegeroan, tarik
> ti luar :"Sucitraaaa............... Sucitraaaa..................dulur Kula, 
> bageakeun yeuh
> Kula dulur sampeyan...............Kombayana.................!"
> 
> Patih Gandamana, amarahna kagila gila, dat nyembah ka Prabu Drupada, teras
> kaluar diiringkeun ku para Senapati. Barang ningal ka caket Gerbang, anjeunna
> ningali aya hiji jalma nu rudin pisan, keur cocorowokan ngageroan Sucitra; nu
> ngajago Panto Gerbang ngan cicing wae, siga kurang malire ka nu cocorowokan;
> nu sanes mung heran, tapi ari Gandamana mah teu kasamaran, yen eta nu 
> ngageroan teh ditujukeun ka Sang Prabu Drupada; da nu sanes mah teu apaleun
> yen Sucitra teh wasta Sang Prabu kapungkur, sateuacan jeneng Prabu.
> 
> Patih Arya Gandamana, kalintang amarahna enggal wae muru ka eta tempat; teu
> tata pasini deui Jekok wae eta jalma nu cocorowokan teh ditajong, dugi ka
> babangkieungan , nu akhirna ngajoprak pisan.
> 
> "Kurang ajar temen.............sampeyan ! Eh jelema burung !"
> 
> "Lamun andika hayang dahar menta ka prajurit nu ngajaga, atuh hayang duit oge
> bisa menta. Tapi andika euweuh tata titi duga prayoga pisan. Jol datang 
> cocorowokan
> siga jelema edan. Ayeuna andika geuwat indit ti ieu tempat, lamun masih keneh 
> hayang
> salamet !"
> 
> Leng    leng    ramyaning kang......................
> 
> Kombayana, enggal ngadeg bari ngaraos pingpingna rada linu, tapak ditajong ku
> Gandamana, cacak sanes Kombayana mah tinangtu tos potong. Nyel we amarah,
> Bambang Kombayana sumbar2 :
> 
> "Eeh...........kurang ajar sampeyan; geus wani2 najong, ka dulur Raja ! Kaula 
> B
> Kombayana, dulur sakokoh jeung Sucitra, nu cenah jadi Raja di ieu Nagari. Awas
> sampeyan tangtu dihukum, saha ngaran sampeyan ?"
> 
> "Eh jelema burung ! Tong ngalantur andika, naha hayang ditambahan deui !?"
> 
> Nuju guntreng kitu, Sang Prabu Drupada teu kanyahoan tos sumping ka na eta
> tempat , enggalna ngandika:"Eh aya naon Gandamana ?"
> 
> "Wah aya jelema burung, aku2 angga Gusti."
> 
> Bambang Kombayana, ningali Sucitra nganggo raksukan Karajaan, anjeunna bingah 
> pisan, teu nolih deui ka Gandamana, enggal wae muru ka Prabu Drupada, maksadna
> bade ngarangkul, tina tos kalintang sonona; bari dareuda pinuh kasono, 
> Kombayana
> hariweusweus:"Aduuuuh, Sucitra bagja temenan sampeyan, kula inget deui waktu
> masih jadi catrik baheula, ayeuna sampeyan geus bagja...................."
> 
> Teu acan tutas hariweusweusna B Kombayana, sareng teu acan tepi ka Sang Prabu 
> Drupada, tos kapegat ku Gandamana, anu lajeng ngabagi deui hiji tonjokan ka 
> Bbng
> Kombayana, bari nyentak:"Tong diantep Prajurit, tewak ieu jelema, ringkus!"
> 
> Koloyong deui B Kombayana ngoloyong margi ditonjok sakitu tarikna, ampir2
> kapiuhan, Gandamana tea kawentar jago tarung patunggalan.
> 
> Enggalna Prabu Drupada misah ieu Gandamana nu bade neraskeun ngarogahala,
> enggalna Sang Prabu ngandika :"Ke ke ke heula anan, Gandamana, ieu jalma teh
> memang teu aya tata pisan, tapi Kaula inget yen ieu memang sobat Kaula waktu
> Kaula keur diajar elmu ku Sang Wiku Baradwaja. Jadi poma ulah dikakaya eta
> dulur Kaula."
> 
> Enggalna wae Gandamana liren neunggeulan Kombayana. Kombayana kalintang
> bingahna.......................
> 
> HANCA
>



Kirim email ke