kirang tatakrama nya ?
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote:
>
> Karakterna bambang kombayana mah kituh nya tibaheulana.
>
>
>
>
>
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Abbas Amin
> Sent: Friday, July 23, 2010 6:26 AM
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: grek_2...@... cak.semprul
> Subject: [kisunda] Bambang Kombayana ka - 16na
>
>
>
>
>
>
> Anenggih kang Murwa Carita.
> Kacaturkeun di Nagari Pancaladriya, Prabu Drupada nuju merbayaksa, diparek
> para Mantri, Bopati, lan Priagung.
> Sritinong ing Pasewakan............. Busanaaa manekaaa Warna..........
> Reng reng manik narawacaaa...........
>
> Sang prabu Drupada calik Ing Dampar Denta, Tinaretes Ig Sesotya; marek
> payuneun Sang Raja Patih Kinasih Jenengan Raden Arya Gandamana; kasohor
> tara eleh di na satiap pangperangan. Disapengkereun Arya Gandamana, Mantri
> Bopati tarungkul amarikelu; ngantos Dawuh Sang Prabu.
>
> Enggalna Prabu Drupada ngandika :"Eh bagea sadaya Kadang Pancala, cik geura
> ngayakeun laporan2 di na waktu ieu."
>
> "Nun Gusti Prabu, Kakang Prabu Drupada, ieu Kaula Gandamana ngaturkeun
> sembah
> pangabaktos, kitu deui ieu sadaya Para Mantri Bupati, mugi katampi
> kaulanun."
>
> "Hahahahaha, katampa pambage ti sampeyan . Kumaha kaayaan jero nagari ? Naha
> rahayat rea nu tingjarerit lantaran kalaparan ? Sok ulah asa2, laporkeun wae
> ka
> Kaula."
>
> "Bingah manah Kaula, margi tos ditakon ku Sang Prabu, numutkeun warta nu
> ditampi ti
> Para Bupati di sabudeureun Pancala, di na danget ieu Pancala teh sepi
> paling, towong
> rampog. Tingtrim teu aya bancang pakewuh. Pancala Kerta Raharja, subur
> makmur,
> loh jinawi. Pasir Wukir Loh Jinawi teh sanes mung ukur babasan, Gusti."
>
> "Sukur bagja kumayangan, Rayi Patih, ari kitu mah...........tah sok ayeuna
> Kaula
> hayang nanya ka andika sadaya, naha aya rancangan atawa cita2 keur kamajuan
> sadaya, sok ulah was was ulah cangcaya, plok tamplokeun didieu."
>
> Barang nuju gunem catur kitu...........................ujug2 aya soanten nu
> gegeroan, tarik
> ti luar :"Sucitraaaa............... Sucitraaaa..................dulur Kula,
> bageakeun yeuh
> Kula dulur sampeyan...............Kombayana.................!"
>
> Patih Gandamana, amarahna kagila gila, dat nyembah ka Prabu Drupada, teras
> kaluar diiringkeun ku para Senapati. Barang ningal ka caket Gerbang,
> anjeunna
> ningali aya hiji jalma nu rudin pisan, keur cocorowokan ngageroan Sucitra;
> nu
> ngajago Panto Gerbang ngan cicing wae, siga kurang malire ka nu cocorowokan;
> nu sanes mung heran, tapi ari Gandamana mah teu kasamaran, yen eta nu
> ngageroan teh ditujukeun ka Sang Prabu Drupada; da nu sanes mah teu apaleun
> yen Sucitra teh wasta Sang Prabu kapungkur, sateuacan jeneng Prabu.
>
> Patih Arya Gandamana, kalintang amarahna enggal wae muru ka eta tempat; teu
> tata pasini deui Jekok wae eta jalma nu cocorowokan teh ditajong, dugi ka
> babangkieungan , nu akhirna ngajoprak pisan.
>
> "Kurang ajar temen.............sampeyan ! Eh jelema burung !"
>
> "Lamun andika hayang dahar menta ka prajurit nu ngajaga, atuh hayang duit
> oge
> bisa menta. Tapi andika euweuh tata titi duga prayoga pisan. Jol datang
> cocorowokan
> siga jelema edan. Ayeuna andika geuwat indit ti ieu tempat, lamun masih
> keneh hayang
> salamet !"
>
> Leng leng ramyaning kang......................
>
> Kombayana, enggal ngadeg bari ngaraos pingpingna rada linu, tapak ditajong
> ku
> Gandamana, cacak sanes Kombayana mah tinangtu tos potong. Nyel we amarah,
> Bambang Kombayana sumbar2 :
>
> "Eeh...........kurang ajar sampeyan; geus wani2 najong, ka dulur Raja !
> Kaula B
> Kombayana, dulur sakokoh jeung Sucitra, nu cenah jadi Raja di ieu Nagari.
> Awas
> sampeyan tangtu dihukum, saha ngaran sampeyan ?"
>
> "Eh jelema burung ! Tong ngalantur andika, naha hayang ditambahan deui !?"
>
> Nuju guntreng kitu, Sang Prabu Drupada teu kanyahoan tos sumping ka na eta
> tempat , enggalna ngandika:"Eh aya naon Gandamana ?"
>
> "Wah aya jelema burung, aku2 angga Gusti."
>
> Bambang Kombayana, ningali Sucitra nganggo raksukan Karajaan, anjeunna
> bingah
> pisan, teu nolih deui ka Gandamana, enggal wae muru ka Prabu Drupada,
> maksadna
> bade ngarangkul, tina tos kalintang sonona; bari dareuda pinuh kasono,
> Kombayana
> hariweusweus:"Aduuuuh, Sucitra bagja temenan sampeyan, kula inget deui waktu
> masih jadi catrik baheula, ayeuna sampeyan geus bagja...................."
>
> Teu acan tutas hariweusweusna B Kombayana, sareng teu acan tepi ka Sang
> Prabu Drupada, tos kapegat ku Gandamana, anu lajeng ngabagi deui hiji
> tonjokan ka Bbng
> Kombayana, bari nyentak:"Tong diantep Prajurit, tewak ieu jelema, ringkus!"
>
> Koloyong deui B Kombayana ngoloyong margi ditonjok sakitu tarikna, ampir2
> kapiuhan, Gandamana tea kawentar jago tarung patunggalan.
>
> Enggalna Prabu Drupada misah ieu Gandamana nu bade neraskeun ngarogahala,
> enggalna Sang Prabu ngandika :"Ke ke ke heula anan, Gandamana, ieu jalma teh
> memang teu aya tata pisan, tapi Kaula inget yen ieu memang sobat Kaula waktu
> Kaula keur diajar elmu ku Sang Wiku Baradwaja. Jadi poma ulah dikakaya eta
> dulur Kaula."
>
> Enggalna wae Gandamana liren neunggeulan Kombayana. Kombayana kalintang
> bingahna.......................
>
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/