Enya, B Kombayana osok telat wae nyadar, kurang tata titi, padahal bisa oge sabenerna teu diniatan adigung tp kulantaran polos teuing jadi na teh disangka sombong..
Tipe tipe kieu asa aya tinu tokoh2 kiwari.. eta tah tokoh pulitik nu sok ngomong nyablak teuing (pedah lain US/UJ meureun; jd teu diajar wayang) nu balukarna elehna tinu pamilon parteyna sorangan (ngajenghok manehna eleh putaran kahiji), nu meunangna biasa nu kalem we jeung tipe pikarunyaeun, heuheuy.. Kadituna mah duka da nembe nepi bagean ka 16 ah Kacindekanana : jadi penting diajar filosofi wayang sahanteuna kitu ceuk dosen sikuring baheula di Bogor Janten diantos carios salajengna kang Abbas J Baktos Ii Sumirat From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Sent: Friday, July 23, 2010 10:00 AM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Bambang Kombayana ka - 16na kirang tatakrama nya ? --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote: > > Karakterna bambang kombayana mah kituh nya tibaheulana. > > > > > > From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Friday, July 23, 2010 6:26 AM > To: kisunda; urangsunda > Cc: grek_2...@... cak.semprul > Subject: [kisunda] Bambang Kombayana ka - 16na > > > > > > > Anenggih kang Murwa Carita. > Kacaturkeun di Nagari Pancaladriya, Prabu Drupada nuju merbayaksa, diparek > para Mantri, Bopati, lan Priagung. > Sritinong ing Pasewakan............. Busanaaa manekaaa Warna.......... > Reng reng manik narawacaaa........... > > Sang prabu Drupada calik Ing Dampar Denta, Tinaretes Ig Sesotya; marek > payuneun Sang Raja Patih Kinasih Jenengan Raden Arya Gandamana; kasohor > tara eleh di na satiap pangperangan. Disapengkereun Arya Gandamana, Mantri > Bopati tarungkul amarikelu; ngantos Dawuh Sang Prabu. > > Enggalna Prabu Drupada ngandika :"Eh bagea sadaya Kadang Pancala, cik geura > ngayakeun laporan2 di na waktu ieu." > > "Nun Gusti Prabu, Kakang Prabu Drupada, ieu Kaula Gandamana ngaturkeun > sembah > pangabaktos, kitu deui ieu sadaya Para Mantri Bupati, mugi katampi > kaulanun." > > "Hahahahaha, katampa pambage ti sampeyan . Kumaha kaayaan jero nagari ? Naha > rahayat rea nu tingjarerit lantaran kalaparan ? Sok ulah asa2, laporkeun wae > ka > Kaula." > > "Bingah manah Kaula, margi tos ditakon ku Sang Prabu, numutkeun warta nu > ditampi ti > Para Bupati di sabudeureun Pancala, di na danget ieu Pancala teh sepi > paling, towong > rampog. Tingtrim teu aya bancang pakewuh. Pancala Kerta Raharja, subur > makmur, > loh jinawi. Pasir Wukir Loh Jinawi teh sanes mung ukur babasan, Gusti." > > "Sukur bagja kumayangan, Rayi Patih, ari kitu mah...........tah sok ayeuna > Kaula > hayang nanya ka andika sadaya, naha aya rancangan atawa cita2 keur kamajuan > sadaya, sok ulah was was ulah cangcaya, plok tamplokeun didieu." > > Barang nuju gunem catur kitu...........................ujug2 aya soanten nu > gegeroan, tarik > ti luar :"Sucitraaaa............... Sucitraaaa..................dulur Kula, > bageakeun yeuh > Kula dulur sampeyan...............Kombayana.................!" > > Patih Gandamana, amarahna kagila gila, dat nyembah ka Prabu Drupada, teras > kaluar diiringkeun ku para Senapati. Barang ningal ka caket Gerbang, > anjeunna > ningali aya hiji jalma nu rudin pisan, keur cocorowokan ngageroan Sucitra; > nu > ngajago Panto Gerbang ngan cicing wae, siga kurang malire ka nu cocorowokan; > nu sanes mung heran, tapi ari Gandamana mah teu kasamaran, yen eta nu > ngageroan teh ditujukeun ka Sang Prabu Drupada; da nu sanes mah teu apaleun > yen Sucitra teh wasta Sang Prabu kapungkur, sateuacan jeneng Prabu. > > Patih Arya Gandamana, kalintang amarahna enggal wae muru ka eta tempat; teu > tata pasini deui Jekok wae eta jalma nu cocorowokan teh ditajong, dugi ka > babangkieungan , nu akhirna ngajoprak pisan. > > "Kurang ajar temen.............sampeyan ! Eh jelema burung !" > > "Lamun andika hayang dahar menta ka prajurit nu ngajaga, atuh hayang duit > oge > bisa menta. Tapi andika euweuh tata titi duga prayoga pisan. Jol datang > cocorowokan > siga jelema edan. Ayeuna andika geuwat indit ti ieu tempat, lamun masih > keneh hayang > salamet !" > > Leng leng ramyaning kang...................... > > Kombayana, enggal ngadeg bari ngaraos pingpingna rada linu, tapak ditajong > ku > Gandamana, cacak sanes Kombayana mah tinangtu tos potong. Nyel we amarah, > Bambang Kombayana sumbar2 : > > "Eeh...........kurang ajar sampeyan; geus wani2 najong, ka dulur Raja ! > Kaula B > Kombayana, dulur sakokoh jeung Sucitra, nu cenah jadi Raja di ieu Nagari. > Awas > sampeyan tangtu dihukum, saha ngaran sampeyan ?" > > "Eh jelema burung ! Tong ngalantur andika, naha hayang ditambahan deui !?" > > Nuju guntreng kitu, Sang Prabu Drupada teu kanyahoan tos sumping ka na eta > tempat , enggalna ngandika:"Eh aya naon Gandamana ?" > > "Wah aya jelema burung, aku2 angga Gusti." > > Bambang Kombayana, ningali Sucitra nganggo raksukan Karajaan, anjeunna > bingah > pisan, teu nolih deui ka Gandamana, enggal wae muru ka Prabu Drupada, > maksadna > bade ngarangkul, tina tos kalintang sonona; bari dareuda pinuh kasono, > Kombayana > hariweusweus:"Aduuuuh, Sucitra bagja temenan sampeyan, kula inget deui waktu > masih jadi catrik baheula, ayeuna sampeyan geus bagja...................." > > Teu acan tutas hariweusweusna B Kombayana, sareng teu acan tepi ka Sang > Prabu Drupada, tos kapegat ku Gandamana, anu lajeng ngabagi deui hiji > tonjokan ka Bbng > Kombayana, bari nyentak:"Tong diantep Prajurit, tewak ieu jelema, ringkus!" > > Koloyong deui B Kombayana ngoloyong margi ditonjok sakitu tarikna, ampir2 > kapiuhan, Gandamana tea kawentar jago tarung patunggalan. > > Enggalna Prabu Drupada misah ieu Gandamana nu bade neraskeun ngarogahala, > enggalna Sang Prabu ngandika :"Ke ke ke heula anan, Gandamana, ieu jalma teh > memang teu aya tata pisan, tapi Kaula inget yen ieu memang sobat Kaula waktu > Kaula keur diajar elmu ku Sang Wiku Baradwaja. Jadi poma ulah dikakaya eta > dulur Kaula." > > Enggalna wae Gandamana liren neunggeulan Kombayana. Kombayana kalintang > bingahna....................... > > HANCA >
