> From: [email protected]
> Leres pisan gan Ii Sumirat panginten kawit na ti sumedang nya, janten eta
> hanjuang the dugi ka kiwari masih keneh aya, di > desa Kutamaya anu
> kapungkur mah jenengan na the desa Padasuka namung di mekarkeun janten dua
> desa nyaeta desa
> Kutamaya sareng desa mulyasari. Hapunten bilih lepat.
Heuheuheu ...mani nyeblak maca "desa padasuka", inget ka almarhumah pun
Nini. Pun Nini teh aslina urang dinya, ngan ngalih ka Cimalaka, ngiring ka
pun Aki nu asli urang Gelembung Cimalaka (Sumedang oge). Keur budak sok
dibawa nganjang ku pun Nini teh ka Padasuka, nepungan wargina sakalian
ngalongok sawah. Ti Lembur di Cimalaka "nyarter" delman ka kota Sumedang,
tapi ngan bisa tepi ka Ragadieum da ka Padasuka mah jalanna taringgul ku
batu jeung lamun usum hujan jeblog ditambahan kudu meuntas sasak Cipeles nu
geus butut jeung barolong.
Pun Nini teh geus siap-siap, selop sanes dianggo tapi malah diais, kuring
oge sarua sendal dijingjing, terus leumpang nyeker. rarasaan teh mani jauh
pisan. Komo pas meuntas sasak Cipeles mah, kuring sok sawan, da geus
barolong, sedengkeun dihandap cai mani muih. Ku Nini teh sok dituntun
dicekelan pageuh: "Hayoh wanikeun Jang...hayoh wanikeun ngalengkah". Bari
suku ngadaregdeg kuring ngawani-wani maneh. Sasak teh asa panjang pisan,
meuntas teh seuseut tepina.
Bras weh ka lembur Bojong, tidinya keneh geus loba nu nanya atawa nini sok
tunyu-tanya ka sakur nu wawuh. Papanggih deui jeung sasak walungan leutik,
cibitung. Sarua sasakna butut, ngan kulantaran pondok, teu pikasawaneun siga
sasak Cipeles. Tepi weh ka lembur asalna Nini, Cibitung. Nini biasana
nganjang ka bumi raina, kuring nyebut Nini Usu, meureun pedah Nini Usu teh
bungsuna, ari Pun Nini mah pangais bungsu. Nini biasana nganjang tepika jam
2-3 sore, da sakapeung sok unjung-anjang ka wargina nu sanes. Kuring mah sok
ngiclik nunutur, loba pisugemaeun, da eta sok loba nu maparin artos. Saku
jadi merekis ku duit pamerean. Nu hoream teh palebah balik, kudu leumpang
jeung kudu meuntas sasak cipeles deui. Tepi ka Ragadieum Mang Anung kusir
delman geus nungguan, sajam leuwih kakara tepi ka lembur deui, da puguh
jalan ka Cimalaka teh nanjak.
Ayeuna sasak Cipeles geus alus, mobil balawiri padahal baheula Padasuka nu
sabenerna mah deukeut jeung kota Sumedang, mani asa jauh pisan. Nganjang
kadinya ti Cimalaka siga rek nganjang ka tempat nu jauh pisan. Kuring ayeuna
osok ngaliwat ka lembur eta, tapi ukur ngaliwat da puguh nu waranoh geus teu
araya. Ngan sakapeung lamun mawa mobil sorangan, kuring sok eureun heula,
palebah makam Uyut jeung Nini-Aki ti gigir nu kabeneran teu jauh ti jalan.
Tara turun tina mobil, ukur sakeudeung kunyam-kunyem ngadoa, mugi-mugi
ararnjeunna nu tos teu araya, kenging rahmat tinu Maha kawasa.
(Sakadar nostalgia, Sumedang di taun 1960'an)
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/